SANGKURIANG

27 06 2008

SANGKURIANG
Ringkesan
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/16435

Sampurasun,
Ka sugri para wargi kisunda & urang sunda, mangga nyanggakeun ringkesan guaran simkuring ngeunaan makna carita Sangkuriang.

Urang Sunda Lain Turunan Anjing

(panyungsian dongeng Sangkuriang)

ku : Engkus Ruswana

Dongeng atawa oge sok disebut legenda atawa sakakala Sangkuriang mangrupakeun salah sahiji dongeng nu paling kakoncara di tatar Sunda, malahan dongeng ieu sumebar sanusantara, nu tangtu teu leupas jeung kasundaan.

Upama nilik dina jalanna carita, asa ku pamohalan pisan kunaon karuhun Sunda nyieun dongeng nu teu ilahar, jiga nu euweuh gawe nyawang teh sakahayang rasa, malahan aya sabagean urang Sunda nu ngarasa era jeung mungkin manghanjakalkeun ku ayana dongeng ieu, sabab ngabalukarkeun datangna pamoyokan batur, majar urang Sunda turunan Anjing (Si Tumang tea), urang Sunda teu uni hayang ngawin ka indung. Tapi ke heula ki dulur, didieu urang kudu lantip, da apan urang percaya luluhur sunda lain jalma barodo, da sabodo-bodona oge maenya nepi ka boga pamikiran yen jalma daek kawin jeung anjing kalayan ngahasilkeun anak jalma, jeung piraku deui parahu bisa ngajadi gunung mah.

Sabalikna malah urang percaya ku sababaraha bukti nu nganyatakeun yen luluhur Sunda sugih ku pangarti, jembar ku pangabisa. Didieu tangtu luluhur sunda ngahaja nguji pangarti jeung ngadidik turunanana sangkan motekar dina nalungtik naon pimaksudeunana, jeung apan geus jadi kabiasaan yen dina unggal carita ngandung siloka. Ku pinter-pinterna dina nyusun carita nepikeun unggal carita karasana hirup jeung jiga nu nyata ayana, kurang-kurangna lantip mah dina ngalenyepanana bisa ngabalukarkeun kasamaran.

Geura hayu urang guar naon atuh harti eta carita.

Ringkesan Carita :
Aya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina nu ngaranna Dayang Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun ka leuweung alatan nandang panyakit nu teu cageur-cageur, nu dianggap bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung komara sang Raja.

Dina sajeroning pangasingan, pikeun ngaleungitkeun kakesel, nya sapopoena sok ngadon ninun di saung ranggonna Hiji mangsa keur anteng ninun, taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang murag ka handapeun saung. Kulantaran keur kagok digawe tambah hoream turun ti saung, Dayang Sumbi ngucap ka sing saha bae nu daek mangnyokotkeun jeung nganteurkeun eta alat ka manehna, lamun awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki.. Nya harita aya anjing jalu nu ngaran si Tumang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka Dayang
Sumbi. Barang mireungeuh yen nu nganteurkeun taropong teh mangrupa anjing jalu atuh kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap nu keur elmu sunda mah ucap teh sarua jeung sumpah nu teu meunang dibolaykeun.

Bari ngaheruk ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa Dayang Sumbi kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang, nepi ka boga budak lalaki nu kacida kasepna nu dingaranan Sangkuriang. Sangkuriang ti orok nepi ka mangkat baleg, salawasna diasuh jeung diaping ku Si Tumang, kamana Sangkuriang lumampah didinya si Tumang ngintil marengan. Hiji mangsa Dayang Sumbi hayangeun pisan jantung mencek, mani asa geus aya dina lentah, nya gancang nitah Sangkuriang sangkan moro mencek jeung kudu kabawa jantungna. Tapi dadak dumadakan harita nepi ka sapoe jeput teu panggih jeung sato naon-naon, sedeng waktu geus nyerelek maju ka burit. Sangkuriang bingung ku lantaran can hasil nedunan kahayang nu jadi indung, Sangkuriang sieun nu jadi indungna bendu mun mulang teu mawa hasil. Barang ret ka si Tumang nya timbul akalna, terus si Tumang dipanah jeung dicokot jantungna, terus dibawa jeung dipasrahkeun ka indungna. Ku Dayang Sumbi ditarima terus diasakan.

Dina sajeroning masak Dayang Sumbi ras inget ka si Tumang, anu saterusna ditanyakeun ka Sangkuriang kamana si Tumang. Barang ditanya kitu Sangkuriang ngabetem teu ngajawab, tapi sanggeus disedek, ahirna Sangkuriang wakca balaka, yen anu eukeur dipasak ku Dayang Sumbi teh eta jajantungna si Tumang. Atuh dadak sakala Dayang Sumbi ambek kacida sabab si Tumang the bapana Sangkuriang, bakat ku ambek sinduk batok nu keur dipake masak harita ditakolkeun kana sirah Sangkuriang nepi ka baloboran getih nu ngabalukarkeun sirahna pitak jeung terus diusir. Sangkuriang minggat teu puguh arah tujuan kalunta-lunta asup leuweung kaluar leuweung naek gunung-turun gunung, asup guha kaluar guha, nya bari ngelmu sakapan-paran.

Gancangna carita liwat welasan taun Sangkuriang tumuwuh jadi jajaka nu gagah kasep tur luhung ku elmu, jembar ku pangabisa. Kersaning nu Maha Kawasa, hiji
mangsa panggih jeung Dayang Sumbi nu sacara lahir wujudna teu robah lir parawan welasan taun geulis kabina-bina lir widadari ti kahiyangan, lantaran ngagem elmu awet jaya. Duanana pada-pada teu wawuh pangrasana karek tepung munggaran harita. Barang paamprok timbul tatali asih, pada-pada mentangkeun jamparing asih geugeut layeut lir gula jeung peueut teu bisa dipisahkeun, nya terus patali jangji rek hirup babarengan ngawangun rumahtangga ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak Hiji mangsa Dayang Sumbi keur anteng nyiaran buuk Sangkuriang, katenjo aya pitak dina sirah Sangkuriang, harita Dayang Sumbi ngagebeg sabab ras inget ka nu jadi anakna waktu keur leutik ditakol ku sinduk persis palebah eta pitak. Nya gancang tatalepa tumanya ka Sangkuriang nalungtik sajarahna eta pitak. Sanggeus dicaritakeun nu sabenerna atuh kacida reuwasna horeng eta Sangkuriang teh anakna nu geus heubeul diteangan dianti-anti hayang kapanggih deui, atuh gancang ku Dayang Sumbi dibejer-beaskeun yen sabenerna manehna teh indungna kalayan menta ka Sangkuriang sangkan pamaksudan hayang hirup laki-rabi jeung manehna dibolaykeun, sabab teu mungkin anak kawin ka indung.

Ngadenge caritaan Dayang Sumbi kitu Sangkuriang teu percaya, alesanana teu mungkin wujud nu jadi indung bisa leuwih ngora tibatan dirina, Sangkuriang boga anggapan yen caritaan kitu teh, sakadar alesan pikeun ngabolaykeun jangji pasini. Dayang Sumbi terus ngajebejerbeaskeun ceuk paribasa nepi ka beak dengkak ngajelaskeun sangkan nu jadi anak sadar jeung narima kana kanyataan nu tumiba, tapi Sangkuriang tetep teu percaya jeung keukeuh maksa pikeun ngawujudkeun tali rarabi rumahtangga, malahan jadi ngabuburu sagala hayang harita keneh dilaksanakeun. Mireungeuh kahayang Sangkuriang kitu, Dayang Sumbi ngaheruk buntu laku beakeun jalan pikeun nyingkahan, harita timbul akal
sangkan tali rarabi bisa dibatalkeun ku jalan nyanggupan pikeun kawin tapi aya sarat, nyaeta Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa ngabendung nyieun talaga gede jeung parahu pikeun lalayaran madukeun kaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat bisa katedunan ku Sangkuriang.

Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru ngumpulkeun madia baladna bangsa lelembut nu katelah Guriang Tujuh, nya prak migawe naon nu dipikahayang Dayang Sumbi. Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir anggeus, atuh nempo kaayaan kitu Dayang Sumbi kacida reuwasna, sabab sieun ku dosa. Dayang Sumbi terus sidakep situhu tunggal mujasmedi, jumerit menta pituduh Nu Kawasa sangkan Sangkuriang teu bias nganggeuskeun pagaweanana. Sangeus nampa pituduh, gura-giru Dayang Sumbi ngerahkeun masyarakat di wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan cahaya katingalina mangrupa balebat tanda peuting rek ganti beurang, kitu oge ibu-ibu jeung para wanoja dikeprik dimana-mana sangkan gancang babarengan narutu lisung tutunggulan.

Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang pating kongkorongok. Mireungeuh kajadian kitu, Guriang Tujuh nu keur ngangsitkeun pagawean kacida reuwaseun, atuh gancang kalabur ngalaleungit deui teu sanggup neruskeun sabab sieun kabeurangan, nu balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bias direngsekeun ku Sangkuriang.

Ngarasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terus ditalapung nya ragrag jadi Gunung Tangkuban parahu, tunggul-tunggul sesa nuar kai pikeun nyieun parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul, sedengkeun tumpukan dahan, pangpang, rerenteng jeung daun kai ngajadi Gunung Burangrang. Sangkuriang teu puas, anu saterusna ngudag-ngudag Dayang Sumbi, ceuk sakaol sapanjang jaman tepi ka wanci ayeuna Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.

Harti dina carita nu kasungsi :
Galur carita Sangkuriang nu runtut kalayan cocog jeung kaayaan alam Pasundan, hususna wewengkon ”Danau Purba Bandung” karasa nyata tur hirup oge sakral. Hal ieu ngabuktikeun kalinuhungan luluhur sunda nu nyusun carita.

Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun. Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaeta alat pikeun nempo sangkan leuwih talilti, eces tur museur. Tumang teh mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna koneng. Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun Koneng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. ”Tumang” tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu oge ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun ”dayang” nyaeta sebutan keur awewe, harti lianna asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus.

Dayang bisa oge dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = dewa). Sumbi nyaeta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti wujud diri (sum = sumsum = acining; bi = awewe = ibu pertiwi = bumi).

Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yen wujud diri teh hakekatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang).

Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, oge bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awet jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yen ti jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa teh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus pareot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna. Dina palsapah/kapercayaan Sunda netelakeun yen Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, oge lain
sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan.

Ingsun (kuring)mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuringna.

Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan Sangkuriang (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab eta waktu si Tumang di paehan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaehan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawe, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaehan, tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina elmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maehan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya.

Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan elmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawe nu rancage, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak.

Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yen kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakekatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga).

Dina ngalaksanakeun gawena, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa/gerak-langkah, pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, pangandika/ ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna.

Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina. Boeh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku elmu/katerang/kanyaho nu ditembrakkeun/dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawe akal pikiran).

Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawe rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Elmu spiritual Sunda ngajentrekeun yen aya tilu unsur dina diri manusa nu bisa ngawasa kana pamarentahan diri, nyaeta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda). Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boeh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipake ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajen luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagede gunung ibarat tunggul (Bukittunggul), hate nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajen (Burangrang). Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weleh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi)

Intisari papatah nu dibewarakeun:
Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa.

Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.

Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa diri sangkan luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung langkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung).

Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung pangangseu (guriang tujuh).

Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilu kakuatan nu bisa marentah diri, nyaeta akal-pikiran, rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina, tungtungna hate ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahade upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.

Kitu intisari harti nu kasungsi tina legenda Sangkuriang, ku kituna pamuga pedaran ieu tiasa nambah kareueus parawargi urang Sunda, yen bukti geuning kalinuhungan luluhur urang Sunda teh. Nu leuwih penting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsi ka diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah urang
geus tepi kana ”kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi”?.
Sumangga atuh.

Hatur nuhun, rampes.
Pun Engkus.

About these ads

Ketak

Inpormasi

28 balesan

9 02 2009
abdi

tq

10 11 2010
dhegun

wow………. geuningan keren nya bsa sunda teh,, nuhun ah. janten aya bayangan kanggo pikapayuneun…

13 12 2010
Kres

thanks ya mang

21 03 2011
Ba™an

tanksnya kang abdi aya tugas ngadongeng

26 04 2011
Azka

aduuuuuh, hatur nuhun pisan caritana :D

10 08 2011
pipih

untung ada ..

lgi ada tugas dongeng , hatur nuhun :)

27 08 2011
hasna

aduh ,, euleuh euleuh … dongeng na meuni panjang pisan abdi bacanna ngan satengahna … rame pisan dongengnna …..

16 09 2011
didin

hatur nhun kang……

20 10 2011
Snowers Jung

Hatur nuhun,, buat ngebantuin tugas ngadongeng :)

27 01 2012
dilli ys

Saeeeeeeeeeee, pisan!

30 01 2012
dadang

punten kang,
abdi honyang terang ari waduk kanggo parahu teh aya didaerah mannya?

30 01 2012
erwin

sae pisan carita na atur nuhun nya kang

7 02 2012
puwie

asslm..
kang numpang copy,,, haturnuhun,,,

15 03 2012
media

janten aya bayangan kanggo pikapayuneun…

4 05 2012
Sulaeman

Ngiringan Copas Kang… abdi bade Paste di blog abdi, mugia Akang ngawidian…..

20 05 2012
Diana Agustin

saetik ah ceritana

19 09 2012
Aini Nurati

thanks ya, tugas sekolah ku selesai deh ;)

15 10 2012
Gery Nadia

panjang teuing caritana

18 10 2012
aliya sekar aulia

menikat pinter nyien carita ku basa sunda

21 10 2012
reyhan f

panjuang emen

19 01 2013
Diniayers

abdi teh lieur… duhh… lieur teuing…..

10 02 2013
defa

alus teuing ah

13 02 2013
adila

alhmdulilah tiasa ngabntosan kangge tugas disakola,hatur nuhun :)

13 02 2013
cracow hostel hostelbookers

I’ve been exploring for a little for any high quality articles or blog posts in this kind of space . Exploring in Yahoo I ultimately stumbled upon this web site. Reading this info So i’m
satisfied to express that I have an incredibly good uncanny feeling I discovered exactly what I needed.
I such a lot without a doubt will make certain to do not
disregard this web site and provides it a glance regularly.

28 05 2013
hcg lose weight

Wow, that’s what I was looking for, what a data! present here at this web site, thanks admin of this web page.

21 10 2013
Kelana (@AriawiraDadaha)

Leres pisan kang Engkus, pedaran dongeng Sangkuriang & Dayang Sumbi pinuh ku siloka/perlambang/kiasan pami tiasa ngalenyepan ku rasa bathin. Saleresna sadayana sugih ku makna hakikat makrifat pikeun nyungsi diri nuju jati diri. Bukti geuning kalinuhungan luluhur urang Sunda teh. Nu leuwih penting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsi ka diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah urang. Kitu deui dina lagu “Cing cangkeling manuk cingkleung cineten” eta oge sami ngandung harti anu munel keur kahirupan urang sangkan apal jalan mulih ka jati mulang ka asal (inna lillahi wa inna ilaihi rojiun)

12 04 2014
boylakilaki

kataji kang ku paparan siloka eta….gening urng sunda teh luhung elmu weruh ku pangabisa..sok ayena mah urang munculken pamimpin urang sunda..geus waktu nincak kana mangsana, bagean urang sunda ayena mah..

9 09 2014
new games june 2014

Hi there colleagues, its great piece of writing on the
topic of cultureand completely defined, keep it up all the time.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s




Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: