Islam Jeung Pluralisme 3

Islam Jeung Pluralisme->cep Wirabuana

Ngabahas Cep Wirabuana->

http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/15942

Cep Wirabuana-I

Assalamu’alaikum Wr Wb

Al-Hamdu kawit diserat, terasna Lillahi pikeun netepkeunnaNa, dipageran ku ANU ngawengku sadaya Alam (Robbil’alamin tea…).

Saparantosna maoskeun du’a Kasalametan ka sadaya (Assalaamu’alaikum Wr Wb) tambih du’a ti simkuring nganggo Sampurasun…(mugia sing dugi ka Sampurna Ing Sun, Ing Sun anu aya dina raga salira asal ti Gusti Nu Maha Suci asal muasal sakabéh Alam katut pangeusina), du’a éta, teu aya sanés supados tiasa netepan kana kecap “Innaa Lillahi Wainnaa Ilaihi Roojiuun”, Mulih kajati, Mulang ka Asalna. Amiin.

Hapunten bilih disangki Agama Singkretis pédah teu aya dina Hadist, ulah padu sunas-sinis bilih keuna kubasa tamiang meulit kabitis.

Langkung tipayun hapunten anu kasuhun :

Ka Apih Sidiq, Ua Sasmita, Mang Jamal, Kang Adam Radiman [kisunda], Kang Gunawan Yusuf, Bah Surtiwa, Bah Willy, Kang Waluya, Kang Kebohideung, Kang Agus Pakusarakan, Kang Oman Abdurahman, Kang Oman Faturahman, nami Oman janten nambihan J, Kang Engkus Ruswana K, Kang Abdul, Kang Malki, Kang Krisnanegara, Kang Eddy Nugraha anu parantos nyerat perkawis TAPA, Kang Joko Tingkir, Kang Rizts Blazterino, Kang Daniel Syahid, Kang Trisna Permana, Kang Risdy DrakeCulla, Teh Rira Nurmaida, Teh Lies, Kang Datiparang, Kang Dudi Herlianto, Kang Arief, Kang MRachmat Rawyani, Kang Syaripudin, Kang Budyana Yogaswara, Kang Imro Ir, Kang Asep Mara, ka Kang Jaka anu parantos nyeratkeun :“Iqro Kitaabaka kafaa binafsika al-yaumalhasiiba” Q.S 17 : 14., atuh kumna bae kasadaya palawargi, unjukan badé ngalalangkungan, kumawantun tutulisan sugan jeung sugan manggih cukang nyampeur kabagjaan. Amiin Yaarobbal ‘alamiiiin…

Ua Sas, ari maksad mah, simkuring téh palay nganggé bahasa anu ngéntép seureuh tur Murwakanti mung teu acan tiasa….Hehehehhe…J, hoyong di ajar ka Ua…

Jorojoy hoyong neuleuman bahasa sorangan…bénten karaos kana manahna sok ademmm, plooong, bingaaah taya kasusah, taya kabingung, taya kasieun, taya rasa hariwang, éstuning ca-ang padang taya hahalang, Mangga ah kawitan teu kéngin dipépéndékeun…

//———-Kang Oman Abdurohman nyerat : “Islam ayeuna geus ngalaman distorsi”.

Sakumaha anu parantos di pedar http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/15942

padungdengan ngaguar perkawis Islam Jeung Pluralismeu, kadang sok jadi boga RASA sieun, hariwang, sieun ageuman ngaran Al-Islam anu keur dipaké ruksak, campur aduk ajarannana (istilah Singkrétis téa..), hariwang Islam téh tos teu murni sakamuha Islam anu dicandak ku kanjeng Nabi Muhammad saw sarta matak ngabalukarkeun moal ditarimana Iman,Islam tur Amal Ibadahna.

Tina RASA sieun, hariwang pacampur jeung RASA miboga, micintana kana ngaran ageman Al-Islam anu dipaké timimiti Indung-Bapak, Nini-Aki, Buyut, Bao, Jangawaréng jtly (“Karuhuna anu lebet saatosna aya nami agama Al-Islam”) ngorénjat aya RASA hayang ngabéla, mertahankeun kucara nyieun pagerna, milampahna tangtu moal lepas tina rupa HAWAning NAFSU nu ngancik dina raga salira.

Mangrupa-rupa pager dijieun, dirautan, dilemesan, dipolésan, diréa-an kucara umajak ka babaturan (sa-Ikhwan) pikeun mertahankeun, ngabéla kana luhurna Islam dipakuan ku katerangan “Innaddiina ‘indal Al-llohi Al-Islam”=”Saenya-enyana Din mungguh Alloh teh Al-Islam”, sing-set pageuh iket ku “Innamal Mu’minuuna Ikhwatun”=“Saenya-enyana Jalma-jalma Mu’min téh éta dulur”, digedéan dina dudulurannana téh ku “Al-Muslimu wal-muslimuuna kal-jasadil-wahid”=“Ari hiji Muslim jeung muslim séjéna éta mangrupakeun hiji Badan”. Dimana salah sahiji anggahaota badan ngarasa nyeri, maka anggahaota anu séjénna ogé ngarasa nyeri. Dipayungan ku dalil “Al-Islaamu ya’lu walaa yu’la ‘alaihi”=“Ari Al-Islam éta Luhur, jeung teu aya anu ngaluhuran kana éta Al-Islam”, saterasna dikélébétan maké kaén tulisan kalimat “Laa Ilaaha Ila Alloh, Muhammad Ar-Rosulu Alloh”. tah tah tah, tos heula!!!, rada mengkol ngarawu pasualan ningal kasi-si kagigir Nagari nyobi Tarékat Mikir benten sareng Tarékat Wirid.

Satiap Nagara masing-masing ngabogaan simbul, khususna dina bandéra salianti bahasa, budayana. Dina simbul bandéra tangtu ngabogaan harti jeung sajarahna sewang-sewangan. Conto Nagara Arab Saudi anu dumasar kana aturan Karajaan, bandérana kékélébétan maké tulisan “Laa Ilaaha Ila Alloh, Muhammad Ar-Rosulu Alloh”, ditambah dua pedang nyakra tur teu maké carangka, moal kitu…hartina pedang dua nyakra téh mertélakeun yén ummat Islam kudu dibagi dua Kakawasaan, dua Aturan, hiji aturan maké Karajaan, kadua Khilafah Islamiah (atawa Imamah sok sanajan anyar dijieunna tegesna ayeuna Nagara Iran), watesna ayeuna nu jadi Nagara Iraq tempat dimana incu Nabi Muhammad saw dicacag diwalang-walang, upama diartikeun kana Mazdhab tegesna Mazdhab Sunni (Saudi Arabia+Iraq) X Mazdhab Syi’ah (Iraq+Iran)?…mangga waé disawang diwang-wang rupaning kajadian anu aya. Mung perkawis harti tina pedang nyakra, éta mah simkuring teu boga Referensi-na, referensi-na mah sawangan ing panarawangan simkuring weeeee…he he he he…J, hapunten palawargi utami kasesepuh KUSNET…

Réngréngan Ulama Sunni+Ulama Syi’ah mufakat dina sababaraha kitabna, yén pentingna ngatur ummat Islam téh maké aturan Khilafah Islamiah (System Imamah) duméh aya katerangan shohéh, mafhumna “Sing saha jalma dina waktu hirupna teu apal ka Imam zamanna, éta jalma kaasupkeun golongan anu cilaka/sasar”.

Kapungkur nalika nanjak dewasa, ngadangu Syi’ah téh ngeremet hayang numpes kasalahan kaum Syi’ah, nyakitu pamadegan kulawarga simkuring ogé satadina mah kitu. Lancek kuring, Adi jeung Adi Ipar kuring nalika nyantri di Ponpes Gontor Ponorogo dituluykeun ka ISID (Institut Studi Islam Darussalam) Gontor, geus dibéré ultimatum ku Pimpinan Pondokna, yén “Perbedaan Madzhab Ja’fariah (Syi’ah) berbeda dengan Perbedaan antara Mazhab Imam Hambali, Maliki, Syafi’i, Imam Hanafi (Sunni)”, rujukan kitab karangan Ulama Syi’ah, méh wé euweuh, sok sanajan aya mung sasiki cenah, jeung ulah dibaca kusantri, bahayaaa…. Mung anu jadi Adi ipar kuring ayeuna (Muhammab Babul ‘Ulum ngarana), ngeleyed keukeuh peuteukeuh nalungtik Mazhab Ja’fari’ah (Imam Ja’far As-Shiddiq pami teu lepat jangawaréng nana téh Nabi Muhammad saw), alusna tuluy dijieun Skripsi-na sok sanajan kawates ku aturan ISID Ponpes Gontor Ponorogo, Jawa Timur.

Singket carita, boga RASA ngeremetna hayang numpes paham Syi’ah téh kulantaran kitab-kitab anu katampa nerangkeun Syi’ah tegesna karangan Ulama Sunni, pantes kitu kajadiannana masing-masing ulama nyieun kitab teh sok ngarupakeun pager, dirautan ku kalimat loba pabid’ahan cenah Islam ayeuna teh, dipolesan ku Aqidah Ahlussunnah Wal-Jamaah, dibersihan tina pamusyrikan cenaaah, dipayungan ku Salafusshaleh, dipangkatan maké gelar “Mujaddid Syaéukhul Islam”,(Syékh Pembaharu Islam).

Hapunten teu disundakeun :

Nabi saw bersabda :”Perumpamaan Ahlul Bayitku ibarat bahtera Nuh, Siapa yang ikut berlayar bersamanya dia akan selamat, dan barangsiapa yang enggan dan terlambat, dia akan tenggelam”. (Ibnu Hajar, Zawaid Musnad Al-Bazzar Hlm.277; At-Tabrani, Al-Mu’jam Al-Kabir, Juz I, hlm.168).

Perkawis Ahlul Baet seueur dina Ayat Al-Qur’an tur Kitab-kitab Hadist anu sok dianggo rujukan ku Madzhab Ulama Sunni, langkung jelasna http://www.al-shia.com/html/id/service/maqalat/AhlulBait%20Nabi%20SAWW/index.htm malihan Imam Syafi’i singketna ngankeun salaku anu ngabela ka Ahlul Baet. Imam Syafi’i maot kucara di pateni.

Saparantosna pun lanceuk menakan kitab “Tsumma Ihtadaitum” carita Ulama Sunni anu asup Madzhab Ja’fariah (Syi’ah) tuluy dikuatan ku Muhammab Babul ‘Ulum kawin ka Adi simkuring, atuh pun Bapak sakulawarga teh keur neleman Madzhab Syi’ah wee boh dina Fiqhna nyakitu aturan patokan Aqidahna.

Balik deui kana pasualan katerangan yén “ummat Islam kudu terang ka Imam zamanna tur pentingna ngatur ummat Islam maké aturan Khilafah Islamiah, pikeun kaum Syi’ah geus teu asing da pamadegannana nyutat kana Pidato Nabi Muhammad saw di Ghadir Khum, anu eusina punten teu disundakeun [Nabi saw bersabda :“Siapa yang telah menjadikan aku maulanya, maka ‘Ali adalah maulanya”]. Anapon anu ngariwayatkeun yen Nabi ngangkat Ali kucara langsung salaku Pamingpin di Ghadir Khum aya 110 perawi-perawi ti kalangan para Shohabat, dimana nami-nami shohabat éta aya dina kitab-kitab Mzdhab Sunni/Ahlussunah Waljamaah, dikutip ku 84 perawi-perawi hadist di kalangan Tabi’in, 360 perawi-perawi dikalangan Ulama Sunni/Ahlussunnah Waljamaah anu nyantmkeun Hadist Al-Ghadir. 26 Ulama Ahlussunnah Waljamaah (Sunni) anu nyepeng Hadist Al-Ghadir. Tingkatan Hadist Al-Ghadir kalebetkeun hadist Mutawatir/Langkung ti Shoheh upami saur elmu Hadist mah. Ti kawit yuswa 10 Tahun Imam ‘Ali sasarengan sareng kanjeng Nabi saw diajarkeun kana Agama Islam.

40 poé tisaprak Nabi ngangkat ‘Ali salaku Pamimpin (Kholifah/Gaganti Pamingpin Nabi), teras lungsur ayat yén Islam parantos disampurnakeun “al-yauma akmaltu lakum diinukum, waatmamtu ‘alaikum ni’matii warodhitulakumulislama diina”, teu lami tidinya Nabi saw ngantunkeun. Teu acan ogé Janazah Nabi saw dikurebkeun (dikuburkeun), sabagean ummat Islam waktu harita rame hayang milih pamingpin jang nuluykeun mingpin ummat Islam. Kang Trisna Permana, Kang Krisnanegara, Kang Joko Tingkir, kanggo ningali jalma Munafik anu saéstuna tah diwaktu harita ditembongkeun kamunafékannana.

///==Salahsawiyos Konsep Ulama dina nafsirkeun Al-Qur’an+Hadist Nabi saw=====

Madzhab Sunni/anu ngankeun Ahlussunnah Waljama’ah/Manhaj Salaf :

1. Sadaya para Shabat anu pendak tur pajonghok sareng Nabi saw éta sadayana Sholeh, asup Sorga, tur Hadist anu diriwayatkeun ku sadaya Shahabat Nabi kum teu diwiji-wiji dipaké, tur diamalkeun (sok sanajan pagedruk oge), dingaranan wé ngarana Islam Kaffah, da shohabat anu ngariwayatkeunna pajonghok sareng Nabi saw, teu diwilah-wilah, teu diwiji-wiji.

2. Dimana aya pasualan anu anyar di ummat Islam, teu aya dina Al-Qur’an+Hadist, jalan kaluarna ngaluarkeun Ijtihad (jalmina Mujtahid) wiréh aya Hadist Nabi saw anu nerangkeun kedah Ijtihad, dimana bener pahalana dua, dina salahna menang hiji pahala. (Hadist ieu aya anu nerangkeun Do’if malihan Hadist PALSU) anu Balukarna loba muncul Ulama-ulama Mujtahid. Nafsirkeun, ngahartikeun ku alam pikiranna masing-masing.

Madzhab Ja’fariah (Syi’ah) :

1. Teu sadaya para Shahabat anu pajonghok sagulung-sagalang sareng Nabi saw éta kalebet jalmi Sholeh tur bakal asup Sorga, margi Wahyu lungsur teh (Al-Qur’an+Hadist) nerangkeun jalmi-jalmi sakurilingeun Nabi saw.

2. Dimana aya pasualan anu anyar di ummat Islam, di taroskeun langsung ka Imam Marja, mangga etamah korehan ku palawargi dina perkawis system Imamah anu tos aya ti Ahlul Baetna kucara turun-temurun jst.

Pikeun Mazdhab Sunni anu geus kapisah-pisah ogé, ningali pentingna ngatur ummat Islam maké system Imamah jadi kacapangan, kulantaran teu boga aturan anu jelas dina nangtukeun Kholifahna/Imamna, bisa ogé dipilih kalawan mufakat, tuluy nyieun Organisasi jang ngumpulkeun, ngahijikin ummat Islam Madzhab Sunni/Ahlussunnah Waljama’ah (kulantaran pikeun Madzhab Syi’ahmah geus nyampak) kucara ngaluarkeun ayat “Wa’tasimuu Bihablillah Jamii’a” jeung dalil nulain-lainna, tiantawis prak-prakannana Tarbiah jeung Huruj. Ningali kajadian di oraganisasi Ikhwanul Muslimin di Mesir jeung Hizbut Tahrir perkawis ieu oge aya bacaan di http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/15643

Tah ieu salah sawiyos kasangeum kang Oman Abdurohman “Islam ayeuna geus ngalaman distorsi”. Anu kusimkuring mah mung ukur sa-cénélna, saeutik pisan…hehehe aya bahasa sa-cénél, teu taiku-taiku acan…

Dina masalah Islam Jeung Pluralisme ogé teu sagawayah nafsirkeun ku pamikiran jelema (Ijtihad) samodel anu dilakukeun ku Ulama-ulama Mujaddid ngarana, tapi ditanyakeun heula ka Imam Marja, sarua Kang Jalaludin Rahmat ogé meunang nyutat tina kitab-kitab Ulama-ualama Syi’ah+Ulama-ualama Sunni tur aya Imam Marza-na dina ngaguar nafsirkeun, ngahartikeun Al-Qur’an jeung Hadistna.

Bah Surtiwa, Bah Willy, Kang Waluya, Kang Oman Abdurahman, Kang Oman Faturahman, kum kasadayana palawargi anu kusimkuring dipihormat, cép Wirabuana nepi kadieu can kalakon, cép Wirabuanaaaa wayahna bageueueueur, sing sabar anakiiing, pageuhkeun heula pamadegan hidep, tur salawasna milampah anu hadé loba méré manfa’at, omat ulah kabawa ku sakaba-kaba kulantaran sabudeureun anjeun pinuh ku kalakuan ajag kalaparan (sesengor tuluy ngerekeb).

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s