Islam Jeung Pluralisme 4

Cep Wirabuana-II

Tipayun ngahaturkeun nuhun kanu parparantos ngawaler ka eta cep Wirabuana, anu hasilna bakal menang wawales ti Alloh SWT, malih sangem Kang Agus Pakusarakan “boateuing Ahli Surga mun bisa mah ajarkeun Islam anu sabener-benerna ti Kiayi/ustadz ‘sina asup Islam sagemlengna’”.

Dadasar pikeun ngamaphum kana pasualan :

1. Nabi saw :” Artinya : ‘Didalam Al Qur’an terdapat Dzohir dan Bathin, mempunyai Awal dan Akhir’. (Imam Al Ghazali : hadits ini “Ada kemungkinan ucapan ini dinukilkan dari Ali r.a secara Mauquf)”.

2. Dina Kitab Najhul Balaghoh: http://www.al-shia.com/html/id/index.php?p=6∂=1&url=books/nahjol-balahgee/index1.htm, “Awwaluddini Ma’rifatu bihi”, “mimiti ngalakon agama teh ma’rifat heula kamanteNa”. Imam ‘Ali tikawit yuswa 10 tahun sasarengan sareng Kanjeng Nabi saw. Dina ngawitan eusi Pidatona dina Kitab Najhul Balaghoh nyarioskeun proses nyiptakeun Alam katut pangeusina. Katambih ayat anu ngawitan lungsur ka Kanjeng Nabi saw nyaeta suroh Al-‘Alaq. Hartosna : “Bacalah dengan (menyebut) nama Rabbmu Yang menciptakan, Dia telah menciptakan manusia dengan segumpal darah. (QS. 96:1-2)”. “Iqro”, kalimat parentah tina qora’a,yaqrou, parentah pikeun maca!, maca naon da Muhammad mah teu tiasa nulis+maca?, terasna kedah maca padamelan Pangeran anu parantos Nyiptakeun, Nyiptakeun naon? Nyiptakeun Manusa…dst

Oooh berarti lain maca tulisan hurub Arab ari kitumah, tapi kedah maca Ciptaan Pangeran tegesna diri Manusa. Kahartos ku simkuring kedah maca diri satangtung téa, salaku damelan Pangeran.

Saterasna anjeuna (Imam Ali r.a) ngungkap keun dina Kitab Najhul Balagoh (Kitab anu sok dianggé ogé ku Madzhab Ulama Sunni+Ulama Syi’ah), yén mimiti ngaji kana Agama teh kedah Ma’rifat heula, hartosna kedah nganyahokeun sarta wawuh ka Pangeran heula. Tidieu simkuring surti yén nganyahokeun proses kajadian Alam, tegesna maca diri, nganyahokeun kana diri mangrupikeun mimiti ajaran jalan/Syaréat Islam kanggo nganyahokeun sarta wawuh ka Pangeran Nu Nyiptakeun ieu Alam.

3. Dauhan Alloh hartosna :”Dan barangsiapa yang buta (hatinya) di dunia ini, niscaya di akhirat (nanti) ia akan lebih buta (pula) dan lebih tersesat dari jalan (yang benar). (QS. 17:72)”.

Imam ‘Ali r.a berkata, Nabi saw bersabda :”Ru’yatullohu fidunya bi’anil qolbi”, “Memandang Alloh di Dunia dengan kedua mata hati”.

a. jadi anu mimiti dina parentah Syareat Islam teh kedah Ma’rifat tuluy disaksikeun, disyahkeun, diucapkeun tidieu Muhammad di angkat Nabi anu nepikeun kana ajaran anu Haq ngarana Syahadat, ceuk Urang Sunda mah Sah Adatna, dina nalika Muhammad yuswa -/+ 25 tahun.

b. Kadua Sholat, dina sababaraha Hadist nerangkeun, ayana parentah Sholat teh nalika Nabi Isro Mi’raj, yuswa Nabi Muhammad harita -/+ 40, terasna Puasa, Zakat, Haji pikeun anu mampu dijalanna (Rohani+Jasmani).

c. Loba nu Sholat asup naraka wel, Loba nu Puasa ngan ukur haus jeung lapar, loba nu zakat, hartana jadi kangkalung seuneu naraka, loba nu Haji teu ditarima ibadah Hajina jtly.

Kulantaran Sholatna teu khusu (teu kalawan ma’rifat, teu kalawan panempo haté) akhirna Sholatna ngan ukur hayang katempo ku Manusa Sholat supaya disebut Muslim anu Taqwa ngadirikeun Sholat, padahal teu Sholat, Laku lampahna loba nyalahkeun batur, hak batur kaaniyaya. Nabi saw nyarios “Innalloha la yandzuru suwarikum, walakin yandzuru quluubikum wa’amaaliku”. “Alloh teu Ningal rupa maraneh, tapi Alloh nempo hate maraneh (kamana madep), tur lakulampah maraneh kabeh”.

Puasana teu kalawan Alloh da Lolong tea panon hatena teu kalawan Ma’rifat, antukna Tekad jeung Ucapna teu Puasa, teubisa nahan tina hawa nafsuna. jst

d. Tina Ma’rifat-Syahadat tuluy kana Sholat aya jarak 15 Tahun, mangga emutan tur lenyepan kupalawagi urangsunda, kisunda, tasik@yahoogroups.

4. Tujuan Nabi di utus ka Bumi teh mungguh Alloh nyaéta pikeun nyampurnakeun Akhlaq (Laku Lampah Sapopoé), “Innamal bu’isttu liutammima makarimal-akhlaq”.

5. Alloh ngadauh dina Hadist Qudsi : “Ya bani Adam….idza lam tar’a haqqo jaarika, kamaa tar’a haqqo ‘iyaalika, lam Andzur laka, walam Aqbal ‘amalika, walam Astajib du’aika”. Hartosna kirang langukung kieu : “Heee bani Adam (turunan adam/manusa sakabeh)…Lamun anjeun heunteu apik (Lalawora) dina ngajaga hakna nu jadi tatangga, saperti apikna dina ngajaga hakna kulawarga, Kaula (Alloh) moal nempo anjeun, Kaula (Alloh) moal narima amalan (sholat-puasa-haji dst ) anjeun, Kaula (Alloh) moal ngaijabah du’a anjeun”.

Dumasar kana pamikiran diluhur, simkuring dina ningal ka cép Wirabuana badé nganggo makna Lahir sareng Batin sakumaha hadist anu dinukil ti Imam Ali r.a, kumargi Imam Ali anu paling unggul dina kaelmuan Agama Islam tinimang Shohabat anu aya waktu harita, ieu kedal ti Kanjeng Nabi kuanjeun.

Al-Islam ieu nami hartosna pasrah tumamprah, salim, bersih, suci, hiji nami (kata benda) nuduhkeun ngaran kana kasalametan.

Upama anu dimaksud dina Dalil “Inndaddina ‘indallohilislam”, Agama anu diridhoan ku Alloh tegesna Islam, maka timimiti Nabi Adam jeung para Nabi boh anu kacatet atawa heunteu bejana aya ratusan rebu, eta kabeh Nabi ngajarkeun Agama Alloh tegesna Islam.

Muhammad Rosululloh

Dina kitab Shohih Al-Bukhory jilid ka-I nyarioskeun Nabi Adam, sawaktos Nabi Adam ngawitan diciptakeun tina taneuh, saripati bumi jtly, Alloh ngadawuh :”Adam maneh anu mimiti dijieun, makluk anu paling sampurna”. Nalika Nabi Adam ningali kana Lauhil Mahfudz, aya seratan “Laa ilaaha illalloh Muhammadu Ar-rosululloh”. Ari eta saha Muhammad Rosululloh teh?, Dina Hadist Qudsi, Alloh ngadawuh :”Moal aya ieu Alam saacan Kami nyiptakeun Muhammad Rosululloh”. Katerangan ieu nerangkeun Syareat, Hakekat, Muhammad Rosululloh :

1. Muhammad Majazi hartosna Muhammad umpama atawa conto, tegesna Muhammad manusa anu gumelar lahir di Alam dunya anu boga Indung jeng Bapak. Muhammad éta maké gelar nyaéta Nabi, Manusa anu diangkat Nabi pikeun conto tur nepikeun anu Haq disebat Nabi Muhammad Rosululloh.

2. Muhammad Haqeki (Hakékat), nya eta Rosululloh, Utusan Alloh asal muasalna Aya Alam katut pangeusina éta oge ngarana Muhammad salaku utusan Alloh mung didieu teu nganggo Nabi, margi sanes Manusa anu parantos maot ngango gelar Nabi.

Kanggo penjelasan salajengna perkawis Muhammad ieu aya penjelasan dina buku Layang Muslimin-Musluimat.

Proses Penciptaan Manusia

Roh Manusa, Alloh ngadawuh :”Dan mereka bertanya kepadamu tentang roh. Katakanlah:”Roh itu termasuk urusan Rabb-ku, dan tidaklah kamu diberi pengetahuan (tentang roh) melainkan sedikit”. (QS. 17:85).

Sa-eutikna elmu Roh anu ku Alloh dipaparinkeun sakumaha ayat di luhur, sami sareng sa-eutikna ni’mat anu ku Alloh dipaparinkeun di ieu Alam Dunya. Hirup jeung Maotna Manusa sakabeh eta urusan Alloh anu Maha Hirup ieu anu dimaksud Roh urusan Alloh lain urusan Manusa-lain urusan Malaikat, lain urusan Iblis tapi teges urusan Alloh anu maparin kahirupannana pikeun Manusa kucara ditiupkeun langsung teu liwat Malaikat, sakamuha anu di terangkeun dina surah Shaad, 72. :”Maka apabila telah Kusempurnakan kejadiannya dan Kutiupkan kepadanya roh-Ku; maka hendaklah kamu tersungkur dengan bersujud kepadanya”.

Samemeh Roh anu ditiupkeun ku Alloh langsung ka calon jabang bayi, sadayana pada nyakseni heula ka Gusti sakumaha dina surah Al-‘Arof : (172). Hartosna sadaya anu hirup kumalanang di Alam dunya, Roh-na/Jiwa anu hirup-na parantos Islam (suci, pasrah sumerah). Saterasna dina suroh As Sajdah, 9 :”Kemudian Dia menyempurnakan dan meniupkan ke dalam (tubuh) nya roh-Nya dan Dia menjadikan bagi kamu pendengaran, penglihatan dan hati; (tetapi) kamu sedikit sekali bersyukur”.

Cobi urang lenyepan, nalika urang dikandung dina kandungan indung, béjana urang téh hirup utek-utekan, gugulitikan, mung aya panon-teu nempo, aya ceuli teu dangu, aya baham teu ucap, aya irung teu angseu. Ceuli, irung, panon, baham, tur badan sakabeh eta anu asal tina saripati bumi téa. Saparantosna brol lahir, jabang bayi aya anu tuluy ngéar ceurik, aya anu tuluy maot. Ari anu tuluy maot buktos jabang bayi anu menang hasil patemon rasa Indung+Bapak teu dibéré widi Hirup ku Nu Maha Hirup pikeun ngalalakon di Alam Leutik (Jasad) tur Alam Badag (Dunya). Ku ayat As-Sajdah,9 diluhur mertélakeun yén Jiwa (Roh Alloh anu ditupkeun kana Jasad Manusa) éta tegesna anu ngahirupkeun Jasad ti Nu Maha Hirup (Hayat), ngajadikeun ceuli jeung pangrunguna asal ti Nu Maha Rungu (Sama), panon jeung panempona ti Nu Maha Ningal (Bashor), baham jeung pangucapna ti Nu Maha Ucap (Kalam), kanyaho-na ti Nu Maha Uninga (Ilmu) jtly…tidieu ditegeskeun deui ku surah Qaaf : 16. Artinya : “Dan sesungguhnya Kami telah menciptakan manusia dan mengetahui apa yang dibisikkan oleh hatinya, dan Kami lebih dekat kepadanya dari pada urat lehernya”,

Janten palawargi sadaya, ku suroh Qaaf ayat :16, nganggé bahahasa Anasu (Manusa Sakabeh kum teu diwiji-wiji badé anu aya dina ngaran Islam, Kristen, Hindu, Budha, Aliran Kabatinan, Singkretis, Kong Hucu naon wae ngarannamah kumaha anu nyebutna), mertélakeun yén KAKAWASAAN ALLOH leuwih deukeut tinimang urat beuheung jeung beuheungna nya éta ROH (AKU/KURING anu HIRUPna) anu Asal ti Nu Maha Hirup téa nuduhkeun yén sakabeh JALMA ngabogaan BIBIT anu sarua pikeun nganyahokeun ka Pangerannana (Ma’rifat), upama Manusa geus nepi kadinya kucara jalan syaréat nalungtik diri satangtung tikawit LAHIR kalawan BATIN terang kana asal muasal dirina tuluy dingaranan kumaha bahasana masing-masing. Pikeun manusa anu gumelar lahir di Arab dingaranan ALLOH tina hurup Arab tegesna Alif-Lam-Lam-Hé (ha alit), Elohim, Yahwéh, Tuhan Yang Maha Esa kumaha bahasana masing-masing tingal dina buku Teologi Kebatinan Sunda karangan Abdul Rozak halaman 219.

Alloh dina suroh Adz-Dzaariyaat : 20-21. Artinya : ”Dan di bumi itu terdapat tanda-tanda (kekuasaan Allah) bagi orang-orang yang yakin,”. 21. “dan (juga) pada dirimu sendiri. Maka apakah kamu tiada memperhatikan ?”.

Kanggo cep Wirabuana upami parantos ngalokonan maca diri, eta hatosna parantos ngajalankeun parentah Syareat anu mumiti sakumaha kacatur diluhur jalan kasalamet (Islam) supados tiasa Mulih Kajati Mulang ka Asal, tuluy nembongkeun Laku Lampah welas tur asih kholifah Asal ti Nu Maha Welas tur Asih, mere manfaat kapapada manusa éta keuna ku dauhan Alloh anu aya dina Al-Baqoroh 62, Al-Maidah 69.

Katambih ku katerangan :Man’arofa nafsahu, faqod ‘arofa robbahu, waman ‘arofa robbahu faqod jahilannafsahu“. Hartosna “Sing saha jalma nganyahokeun kana dirina, pasti nyaho kapangerannana (ma’rifat), Jeung sing saha jalma anu ngangkeun nyaho ka Pangerannana maka pasti bodo dirina”.

Upami nilik ajaran Luluhur Urang Sunda mah , “Nyungsi diri, nyuai badan angelo paesan Tunggal”. Salah sahiji konsep dina nganyahokeun jeng ngayakinkeun ka Pangeran Sadaya Alam (Robbul’alamin dibahasa arabkeunnanamah) nyaeta Nyugsi diri, nganyahokeun diri.

Kan Oman Abdurahman nyerat :

http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108177

Perkawis cap Kafir.

Kang Jaka nyerat : http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108120

dina perkawis FATWA KAS, medar ngaguar Kitab Suci

Kang Jaka : di http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108234

Perkawis TAPA (Syare’at-Tarekat-Hakekat-Ma’rifat) Nyerat :

mangpaatna oge geuning…katingal aya persamaan jaman Baginda SAW sareng
jaman Prabu Siliwangi”.

malah mah kadang2 aya gerentes2 ka sim kuring…boa2 Prabu Siliwangi oge Nabiullah anu di utus di tatar urang…da syarat2na aya di anjeuna…”.

Leres pisan kang Jaka, upami ningali Dalil-dalil anu parantos dipedar kusimkuring, simkuring beuki yakin yen Prabu Silihwangi mangrupikeun jalmi anu sami-sami parantos dugi kana Ma’rifat tea kucara maca diri, seueur TAPA tur nyebarkeun ngajarkeun Silih Asah, Silih Asuh, Silih Asih gelarna Oge Prabu Silih-Wangi tina silih sengitan jeng papada manusa.

Tah sakitu anu tiasa kapihatur, janten urang kedah Ngaos EUSINA ulah kabebenjo ku CANGKANG, ulah kapéngpéongan ku NGARAN jeung STEMPEL sok janten keuna kubasa marebutkeun Paisan Kosong.

Hapunten dina kakirangan ngaguarna, tadi oge simkuring mah teu aya tenjoeunnana tegesna mung ukur sasak dampaleun pamentasan anu keru neangan cukan, mugi patimu sareng kabagjaan.

Wassalamu’alikum Wr Wb

Rampes

Baktos

Agsu Wirabudiman

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s