FORUM LAYANG MM

Index Ngabahas, Ngamanahan Naskah Layang Muslimin Muslimat (MM).

A. LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID KA I

1. Bubuka dina Jilid Ka I
Milist Ngabahas Layang Muslimin Muslimat

Kirim e-mail kosong ka : layangmm-subscribe@yahoogroups.com

MILIST GROUP : http://groups.yahoo.com/group/layangmm


Click here to join layangmm
Click to join layangmm

Download Layang Muslimin Muslimat :

LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID I-V

68 thoughts on “FORUM LAYANG MM

  1. uum sumarsana

    wilujeng tepang ka sadaya parakanca urang tatar sunda khususna asal tasik.da simkuring oge urang tasik.Aya hiji patali asih anu nyambung tina hal perkawis ngaguar layang muslimin muslimat.Sim kuring hoyong nambih dina pangaweruh patali ngaguar ajaran eta.Hatur nuhun.

    Waler
  2. uum sumarsana

    Punten kang,dupi jalur tawajuh akang timana? manawi aya pacaketna.Simkuring ti hiji sepuh asal ti bandung mung ayeuna aya di tasik kidul.Tapi nyaurkeun aya nyambung ka syeh muh.kahfi nu ti garut.Hatur nuhun.

    Waler
  3. sukapura Post author

    Login na User tingkat Mahasiswa atanapi Umum?, upami umum mah teu tiasa ningali Nilai, anu tiasa Ningali Nilai 1. Mahasiswana ku anjeun nyalira. 2. Biro Administrasi, 3. Manager, kanggo modul dosen oge teu acan ka pidamel…

    kanggo tingkat Umum, tiasa ngiring Froum, teras ngisi buku Tamu, mung kanggo fasilitas anu sanesna teu acan kapidamel keneh…hehehe 🙂

    Waler
  4. Uum sumarsana

    Simkuring login ka tk mahasiswa.kaleresan kedah kuliah deui kacepret UU pendidikan manawi.Mung tetep blank lebah nilai teh?

    Waler
  5. sukapura Post author

    ieu Biodata akang Uum :
    N A M A : UUM SUMARSANA
    N P M : 072170119
    PROGRAM STUDI : PEND. GEOGRAFI
    TEMPAT TGL LAHIR: TASIKMALAYA, 28-02-1965
    ALAMAT : DS.LINGGASIRNA SARIWANGI

    leres ieu kang Uum? :

    Semester Genap, tahun Akademik 2007/2008 mah teu acan di Entry Nilai na ku bagian SBAP Program Studi Geografi.

    Upami Semester Ganjil na mah parantos aya nilaian :
    mangga tiasa di konfirmasi ka bagian Operator na.

    Saparantosna Login tk Mahasiswa, Klik menu Akademik Versi.1
    teras aya ngajajar submenu, Click menu Prestasi kanggo ningal Nilaina…
    Upami teu acan aya keneh, berarti ku bagian SBAP Prodi teuacan ka entrykeun Nilaina…

    sakitu heula
    Hatur nuhun

    Waler
  6. Kang Haji

    Ayi, nepangkeun Kang Haji ti Cisalak, hoyong terang dupi Ayi sok ngiring kempelan/majelis di mana upami ngabahas LMM?
    Kang Haji minat pisan.
    Hatur nuhun.

    Waler
  7. Kang Haji

    Kangge Kang Uum, wilujeng kenal.
    Manawi teu kaabotan, kinten-kinten tiasa sasarengan ngaguar LMM?
    Kaleresan di pribados ge aya, mung foto copian, kirang jelas.
    Hatur nuhun sateuacana.

    Waler
  8. dadang somadinata

    Assalammu’alaikum wr.wb.
    Nepangkeun Kang, abdi di Cirebon tapi da awit mah ti Tasik ti Padayungan,
    Ngiring bingah ku ayana hal anu sapertos kieu da seuseurna mah geuning dina
    internet teh hal hal anu matak nyandak kana kaawonan.
    Mudah mudahan langgeng aya dina Ridho Allah SWT, Amin.

    Waler
  9. Kang Haji

    Alhamdulillah, tepang deui.
    Punten Ayi, upami Kang Haji hoyong rurumpaheun ngiring ngaguar LMM kedah kumaha? Naha nepangan Ayi heula, atanapi nepangan saha? Saena kumaha?
    Margi kasepuhan pribados parantos ngantunkeun.
    Kang Haji teh hoyong nambihan rencang, nambihan elmu.
    Hatur nuhun sateuacana.

    Waler
  10. sukapura Post author

    Kahatur Kang Haji…
    Bingah kabina-bina, upami Kang Haji bade ngiring riung mungpuluh dina eta bahasan…, simkuring oge nuju lelengkah halu neleman eta LMM teh.

    Mung ayeuna-ayeuna mah nuju rada liren heula ngabahas LMM teh, wireh pada-pada kagungan kasibukan, upami aya luang waktos, deur we karempel…teras ngabahas.

    upami kangge patemung lawung raragi silaturahmi mah tiasa wae, naha simkuring nepangan kang Haji?/naha kang Haji amengan ka Unsil.
    Mung milari simkuring mah moal sesah, heheheh…wasta simkuring Agus Wirabudiman.

    Hatur nuhun.

    Waler
  11. Kang Haji

    Alhamdulillaah….,
    Hatur nuhun pisan kana pangangkenna.
    Insya Alloh, hiji waktos tangtos pribados nepangan salira ka Unsil.
    Mung kahade… upami Akang nganjang poma ulah di saha-saha.
    Panuhun upami salira kersa rurumpaheun nganjang ka tempat Akang, namung Akang sering mimiosan ka luar kota nu patula-patalina sareng padamelan.
    Sakali deui hatur nuhun.

    wassalaam, Kang Haji

    Waler
  12. suhanda

    Sampurasun nun, nepangkeun wasta sim kuring Suhanda, asli mah ti Sukabumi, mung kumargi tugas kiwari nganjrek di Samarinda ampir kana dua puluh taunan. Ngiring bingah, rehna aya keneh nu aranom nu kersa gamumule warisan karuhun urang, diantawisna layang muslimin muslimat. Sim kuring oge kantos milarian eta layang teh, mung bae henteu kumplit, wungkul LMM jilid I- III + Kitab jalan Kama’rifatan, oge sapalih jilid + kaca2na aya nu ical.
    Alhamdulillah sakitu oge pirang pirang nuhun ka Nu Maha Agung.

    Waler
  13. Uum sumarsana

    Hapunten kasadaya tos lami teu tepang.Ka kang wirabudiman kmh masih sibuk?Ka kang haji ti cisalak ka tampi kana silaturahmina.Sami simkuring ge gdh ft cpy na nu 6 jld teh,tapi sakitu ge mangpirang-pirang bingahna.Mangga ah dilajeng guaranana.

    Waler
  14. Deden

    Assalamu’alaikum wr wb
    nepangkeun ka sadayana.. abi ti Bandung.
    saha nya nu linggih di bandung dei ??

    hatur nuhun.
    Wassalammu’alaikum… 🙂

    Waler
  15. Ujang

    Assalamuaikum wr.wb
    Nepang keun simkuring Ujang liggih di Celegon-Banten, dupi aslimah ti Bandung.
    Simkuring sanes bade ngalalangkungan saderek sadaya, dupi saderek sadaya parantos terang teu acan barangna nu aya di MM teh, pamaos simkuring asa kurang apdol upami urang sadaya ngaggulung MM tapi barangna teu kapendak.

    Hampunten sakali duei sanes ngalalangkungan.

    Hatur nuhun

    Waler
  16. sukapura Post author

    Kutan kang Endang teh ti Bogo…

    Wilujeng sumping oge ka kang Ujang ti Cilegon-Banten

    Perkawis Barang-na tina naon anu kacatur eusining buku Layang Muslimin-Muslimat, tangtos teu sadayana kapimilik…

    Simkuring bingah pisan ningal info ti kang Ujang…

    Mung…Rahayuning Jati, simkuring nembe ka barangan dugi ka 7 rupi, manawi kang Ujang kersaning galih Nambihan ka simkuring…kitu Kang!!!

    nuhun parantos sindang di ieu Blog…

    Waler
  17. al askari

    Assalamu’alaikum wr
    Nepangkeun abdi baraya anyar….
    Tiasa ngiringan di dieu…

    Damang Kang Agus
    Hapunten samudaya kalepatan…..!
    Salam Baktos ti ABdi

    Waler
      1. yayat s.

        Kang agus ngenalkeun pribados Yayat S. ti Baleendah-Bandung upami kawidian hoyong ngiring ulubiung dina ieu milis, margi kataji ku bahasan Layangmm hatur nuhun

  18. Luthfi Aziz

    Assalamualaikum wr. wb.
    Punten Kang Agus, nepangkeun abdi ti Tangerang, kawitna mah ti Bandung. Abdi hoyong ngiringan di forum layang mm.. Kumaha eta teh perkawis ma’rifat teh ? Bukuna Layang MM aya nu tos diterjemahkeun ka bahasa indonesia, dimana abdi tiasa mendakan ? Punten abdi nyarios sundana rada kagok, da teu biasa nyarios basa sunda lemes, maklum da basa pergaulan mah basa sunda kasar kitu.

    Waler
    1. Uu Achmad

      Asslamu’alaikum wr. wb Kang Agus oge Kang Luthfi Aziz, unjuk tumaros utamina ka Kang Luthfi di Tangerang na di palih mana? Sim kuring di Santiong Balaraja. Upami teu kaabotan iraha tiasa tepang ? Bongan salira nyabit perkawis LMM janten sim kuring kabongroy hehe… Atuh sim kuring ge hoyong pisan, da hoyong ngaderes ka Kang Agus…samporet ku waktosna. Duka taun ieu mah sim kuring tiasa mudik atanapi henteu ka Ciamis….pami dipareng ku Gusti mah mudik teh tiasa sakantenan nepangan Kang Agus di Unsil. Upami ngamaksad bade tepung lawung sae sms heula ka sim kuring ka 02171437226. htr nuhun sateuacanna.

      Waler
  19. sukapura Post author

    Wa’alaikum Salam Wr Wb kang Luthfi…
    kaleresan terjemahan kana Bahasa Indonesia mah teu acan mendakan..

    Kang Luthfi, simkuring oge tataregtogan keneh kana Bahasa Sunda teh, malih sawaktos maos Layang MM aya basa anu teu ka hartos,.. kapaksa sok di taroskeun ka sepuh kanggo kahartoskeunnana.

    Waler
  20. aldi

    Nyungkeun widi kasadayana bade ngiring ngariung dina ieu forum, abdi ti bandung hoyong ngiring maluruh dina ieu perkara, kapegat-kahalangan ku jarak sareng waktos oge ari tos ngariung didieumah ku rasa oge asa parantos dugi sareng tepang.

    hatur nuhun

    Waler
  21. asep capasitor

    Assalamualaikum wr. wb.
    salam pangwanoh bae kanggo sadayana. langsung bae kang pami milari bukuna layang mm kedah kamana?
    wasalam hatur nuhun..

    Waler
    1. asep capasitor

      asw
      mudah2han daramang sadayana? manawi gaduh password fielna layang mm, hanjakal pisan fielna di password nya, saparantos di download teu tiasa kabuka hasil downladannana mudah mudahan tiasa masihan passdwordna kanu gaduh ieu fiel lmm hatur nuhun kana sagala perhatosannana wasalam

      Waler
  22. yana

    punten kasadayana tos kumawantun! abdi kaleresan nuju di ajar lelengkah halu dina ka ma’rifatan!! abdi sok ngempel di limbangan, kampung babakan! anu kersa rurumpaheun di antos urang sami2, nalungtik dina jalan kasucian! wassalam.

    Waler
  23. Andi

    punten a gaduh saduran buku layang muslimin muslimat versi Indonesia?? upami aya abdi nyungkeun alamatna supados tiasa didownload…hatur nuhun

    Waler
  24. Uu Achmad

    Sampurasun nuuun…sim kuring wasta pun Uu ti Tangerang, ari gumelar ka alam rame mah ti tatar Galuh. Seja jabung tumalapung ngiring ngaguar LMM wirehna sim kuring ngagaduhan bukuna paparin ti Bapa Oboy Pojok Cimahi. nanging kumargi teu aya rencang ngaguarna asa poekeun keneh, milari tasdzid sareng rasana. Numawi asa mobok manggih gorowong, upami gelas mah sim kuring teh gelas kosong hoyong dieusian. Panuhun salira kersa ngaguar eta LMM malar eces jentre. Wassalam Uu

    Waler
  25. gus maman

    Perkawis LMM,
    Kantos maos, dibaca dibulak balik. Teras ditaros ka Mama Cucu Samsudin putrama nu nyerat eta buku, Asep Martawidjaya. “Ngartos, saur sim kuring”(sok tahu).
    Kumaha eusina ? Ceuk sim kuring : ngabahas perkawis kasucian.
    Saur anjeuna buku eta ngabahas perkawis kamarifatan, sanes kasucian.

    Waler
    1. sukapura Post author

      Hehehe, muhun memang perkawis ka ma’rifatan, ka ma’rifatan eta moal kasungsi lamun kotor manah, kotor emutan pamahaman…kitu panginten.
      nuhun atuh ari parantos tepang mah, simkuring mah teu acan tepang, mung kantos tepang di dunia maya sareng kang Hadi, oge incu ti anu ngarang eta kitab.

      Waler
  26. KAMAJAYA

    ASSALAMUALAIKUM WR WB
    MUHUN DA DIRI TEH ASA AJEG CEUK NAPSU MAH ASA TEU BOGA DOSA
    ASA SUCI BERSIH TIIS CEULI HERANG PANON DA BIASA TENGAH PEUTING JEMPELANG JEMPLING SOK NGABUASAKEUN MANEH NAJAN TIRIS MAKSAKEUN KACAI NGUMBAH BEUNGEUT,KULUTRAK KA TENGAH IMAH PANASARAN ATUH ,LAMUN TEU HUDANG SIEU N KA PIHEULAAN INFORMASI TEU GENAH ATUH,ARI ELEH BAHASAN JEUNG KANYAHO TEH.
    DA CENAH JAM 0030
    BARCELONA NGALAWAN REAL MADRID.HI HI HI
    TAH KITU PAMOLAH KI SUNDA TEH JAJAUHEUN KANA MARI’FAT.TAPI
    NAJAN KITU TETEP URANG SUNDA ANU BIASA NGELEHAN DUKA ELEHAN.
    PUNTEN KA KANG NGARAMEKEUN WE IEU MAH DARI PADA SAREPI
    SAKALI DEUI HAPUNTEN .
    WASALAM

    Waler
  27. heru heryanto

    sampurasuun kang agus nepangkeun abdi Heru ti palihan wewengkon Banjar abi hoyong camour gaul dina ieu forum..mugia di akon abi..heheh sae ngarojong kana ieu forum..mugia seueur manfaatna kanggo abi khususna umumna keur balarea..salam Rahayu..

    Waler
  28. iwan irawan

    Assalammualaikum Wr. Wb.
    Punteun ka sadayana tepangkeun sim kuring ti tanah tatar galuh ciamis….
    Hatur nuhun..

    Waler
  29. arif

    Assalamu’alaikum
    ngiring ngabandung…..
    arif ti bandung anu masih anom….

    lillahita’ala
    teu daya, teu upaya
    hoyong terang muarana kajayaan sareng karatuan
    mamanawian tiasa mentaskeun ka alam kawalian
    ……amiiinnnn..

    Waler
  30. http://www.pastorescue.com

    Howdy just came upon your blog via Bing after I entered in, “FORUM LAYANG MM | Sukapura Ngadaun Ngora” or perhaps
    something similar (can’t quite remember exactly). Anyways, I’m pleased
    I found it because your subject material is exactly what
    I’m looking for (writing a college paper) and I hope you don’t mind if I collect some information
    from here and I will of course credit you as the source. Many thanks.

    Waler
  31. web page

    This is very interesting, You are a very professional blogger.
    I have joined your rss feed and look ahead to looking for more of your fantastic post.

    Additionally, I have shared your web site in my social networks

    Waler
  32. PatrickRap

    Silahkan lihat pada Temukan Lebih Here. Ketika sex tape Kim Kardashian pertama muncul , frase menyebar seperti api liar tentang itu – dan ribuan direkam pada untuk menemukan dan mencobanya . Kris Jenner mengalami orang bermotor membanting gadis kecil Kim Kardashian sejak gadis itu keluar dan sekitar di klub dansa tentang Eve Merek baru Tahun dalam kota Sin . Scott Disick bersama dengan hubungan Kourtney Kardashian sering akan tampak bergelombang dan tak terduga , namun Scott biasanya mengambil bagian nya sejak menghibur ayah agak signifikan . Dia akan mengungkapkan tugas internet hosting bersama dengan keren Latina Mario Lopez .

    Waler

Waler Kang Haji Bolaykeun waleran