253 thoughts on “FORUM SUKAPURA

    1. jirin

      samilikum,,,,sami abdi poeken obor,,,,, saurnamah,,, msih keturunan ti dalem sawidak,,,, tapi rupika mbah jaeran,,, poekeun obor tya,,,, lieur ang,,, tulung,,,, hoiong di aku wargi ey,,,,, ngan pastina urang teh dulur,,,, hidup dulur,,,,, abdi ti desa sukanagalih,,, cipanas puncak cianjur…. sindang atuh kabumi caket da,,, kantun ngajol na angkot…. heee abdi linggih cakeut kota bunga

      Waler
      1. eli yanti

        hidup dulur abdi ge saurna aya teureuh ti eyang dalem sawidak ti pun aki abah unus bin aswa bin jila, bin cakraniti, bin nitiwiguna, bin yuda pringga, bin karadirja, bin naya puspa wadana bin eyang dalem sawidak. tah kitu cenahhh. saur sepuh nu emut keneh kana silsilah. wallahualam… abdi ayena di sukabumi jl otista 83 HP 085659723701. DIHATURAN LINGGIH URANG REUNIAN

      2. Uu Achmad

        Pangapunten anu kasuhun…kaleresan sim kuring hoyong terang dupi ti rerehan Dalem Sawidak aya turunana anu jenenganana Eyang Sumaparana? Manawi uninga sim kuring neda widi sareng mundut infona…margi tadi dina acr haolan kulwrg aya katerangan anu netelakeun yen karuhun teh aya patalina sareng Dalem Sawidak ti Galunggung/Sukapura. Nembe sim kuring muka situs Sajarah Sukapura…gorehel mendak nami Dalem Sawidak. Mugi aya nu tiasa masihan katerangan, htr nuhun sateuacanna.

      3. Dena Bahagia Citra

        sampurasun…..
        abdi ti turunan R. Djumaeni Bin R.Kartapringga Bin R. Yuda Pringga Bin R Astadikara Bin R Karadireja Bin R Naya Puspa ( Puspa Wadana )
        WIRA DADAHA III ke 49 …( R . Naya Puspa ( Puspa Wadana) )
        salam baktos ka sadayana kaluargi..

        abdi linngih di sukabumi jalan otista …

      4. abdillah wangsapathi (gust dillah

        Assalamualaikum,,. Sampurasun akang2 , kaula puyut Ti Raden Arya Wangsanarapthi/Eyang wangsapathi/Eyang Sanjen , . bunut,Ciawi,Tasikmalaya,. Dupi saur kolot2 mah Eyang sanjen th masih kagetihan Ti Eyang sawidak sukapura, mung duka tisaha , mugia dulur2 sadayana , kasepuhan Ti sukapura khusus na aya anu terang atwa gaduh silsilahan na , . Ku margi sim abdi ayna linggih d cianjur , . Hyong d caangkeun obor deui , . Hatur nuhun sateuacan na ( 08567449898/083817553210).

    1. Uu Achmad

      Pangapunten anu kasuhun…kaleresan sim kuring hoyong terang dupi ti rerehan Dalem Sawidak aya turunana anu jenenganana Eyang Sumaparana? Manawi uninga sim kuring neda widi sareng mundut infona…margi tadi dina acr haolan kulwrg aya katerangan anu netelakeun yen karuhun teh aya patalina sareng Dalem Sawidak ti Galunggung/Sukapura. Nembe sim kuring muka situs Sajarah Sukapura…gorehel mendak nami Dalem Sawidak. Atanapi nami sanesna sapertos Buyut Sora, Sawung Galing, Putri Sawung Galih sareng Embah Dalang Wigena. Manawi Kang Agus aya nu uninga ka salah sawios nami-tami tadi. Mugi aya nu tiasa masihan katerangan, htr nuhun sateuacanna.

      Waler
  1. Hadi Darajat

    Hoyong pisan nyukcruk galur deui……ngagaduhan Silsilah Sukapura ngarah tiasa disamikeun leres heunteuna eta silsilah…..mung kanggo ngelempengkeun babarayaan, sanes kitu?

    punten kang Upami akang, jenengan saha…?

    Waler
  2. sukapura Post author

    Sae-sae, leres kitu nun…
    ari Wasta mah pun Agus Wirabudiman

    mangga diantos dina raraga nyukcruk galur na parakan karuhun…nyungsi asal muasal diri. Diri manusa kiwari gumelar liwat Indung-Bapak, Babu Hawa – Bapak Adam, eta papasten ti Gusti Nu Maha Suci.

    hayuuu urang ‘Tutur Pancuh Tali Awai’ diwarga Sukapura mimiti…

    hatur nuhun
    Baktos,
    Agus Wirabudiman

    Waler
    1. rendi

      di sim kuring aya…rundayan silsilah sukapura ti ngawitan dalem wirawangsa………..sareng seke selerna………..pami ti yayasan sukapura mah biasana garis ageungna wungkul…di sim kuring aya sabuku seueurna 82 halaman polio……

      Waler
      1. Wawan Hermawan

        Assalamu’alaikum Wr Wb. Sampurasun, nepangkeun jisim abdi Wawan, manawi aktif. salam silaturahmi Kang Rendi, manawi bade nyukcruk galur, simabdi gaduh sirsilah manawi aya anu sami, diantawisna anu kahiji tiluhur 1. Dalem Paringga Wangsa, 2. Dalem Badarrudin 3.Wirajangga 4. Wira Praja 5. Cindra Praja 6. Sastra Praja. Upami tiasa kantun WA 081315331077 Hatur nuhun. Salam baktos kakulawargi

      2. Burhan Rosyidi

        Oh muhun tah eta pisan , abdi milarian, hoyong nyukcruk galur karuhun abdi. Saurna ngait ka Eyang Dalem Sawidak, ngalangkungan Indrataroena (putra nu ka-10). Simkuring hoyong nyukcruk manawi. Haturnuhun Kang Rendi.
        Burhan, di Cianjur.
        Mangga ieu Nomor WA Abdi : 082315525972.

    2. Burhan Rosyidi

      Oh muhun tah eta pisan , abdi milarian, hoyong nyukcruk galur karuhun abdi. Saurna ngait ka Eyang Dalem Sawidak, ngalangkungan Indrataroena (putra nu ka-10). Simkuring hoyong nyukcruk manawi. Haturnuhun Kang Agus.
      Dupi Akang linggih di mana ?

      Ngenalkeun Simkuring,
      Burhan, di Cianjur.
      Mangga ieu Nomor WA Abdi : 082315525972.

      Waler
    1. R,asep yudasuaf

      Abdi R.asep yudasyay.tos ngaraos sepuh.mung hoyong terang/ hoyong uninga, saur pun biang,abdi aya katurunan ti R,yudanagara( putra dalem sawidak nu sulung)mun kadieuna pareumeun obor.di garut aya kasepuhan KWS( upami t3u lepat ,Hj Romlah bin rd h.sapei anggapraja)di tasikmalaya aya KWS kapungkur .ayeun a masih aya teu? Nuhun informasina

      Waler
  3. pasobana

    sampurasun nun, waduh bapa reueus pisan yeuh, aya nonoman sukapura nu rajeun ngempelkeun silsilah kawargian sukapura, cing manawi aya, hoyong terang turunan sukapura anu dikawitan ti Dalem Pasirtando dugi kamana we ayana ??? cag heula cep nya.

    Waler
  4. sukapura Post author

    Rampeees…sun
    Hatur nuhun pak Sobana…, dupi Bapak linggih dipalih mana?

    Kaleresan, Silsilah na aya di rorompok, ieu simkuring nga-browsing teh di Kantor sun…janten teu tiasa kasanggakeun ayeu-ayeuna, Insyaalloh ke di postingkeun deui didie perkawis ti Dalem Pasir Tando

    hapuntena

    Waler
  5. FELIX

    wilujeng wengi…….salam tepang ti sim kuring
    saluyu psan pamadegan teh sareng pribados, mugia urang tiasa adu renyom tukeur pamikiran perkawis ka ayaan bangsa anu ayeuna nuju teu damang waler.

    Waler
  6. al askari

    tebih pribados mah kang Agus
    ti peuntas
    hapunteuna pribados teu ngalayat ngaktos rama pupus…!
    salam baktos ka ibu sareung ka saderek-saderek di taman makam pahlawan karoeng

    Waler
  7. Anjar

    Punten !

    Nilik tina basa , moal teu saha, salira tangtos sanes jalmi jore-jore, tangtos linuhung ku elmu jembar ku pangabisa, leber wawanen lebar wawasan.

    Punten !

    Kajurung ku sono ka tatar sunda, ka lemah cai awang awang sukapura, kuring nu nuju ngumbara meuntas di dua selat ti pulau Jawa , dumuk lan nyiar kipayah di tatar Selaparang wetaneun Bali, bungah amarwata suta bungah ka giri-giri bisa nyukcruk galur-galur wawar atawa beja dina tiap situs internet ka lebet situs sukapura ieu ngenaan sejarah sareng silsilahna…

    Punten !

    Manawi aya widi sareng emutan nu jembar ti kang Agus nu linuhung ku kasundaan kuring seja tumanya :

    1. Upami kuring tumanya masalah silsilah nu diniatkan ngaraketkeun tatali duduluran jeung silatuhami naha tiasa heunteu ?

    2. Upami Tiasa , Kuring seja mundut kajembaran manah kang Agus kanggo tiasa ngajentrekeun , silsilah Wira Hamid sareng Wira Hamud ka luhurna dugi ka Wiradadaha III ( Raden Anggadipa I ), oge Wira Hamid Wira Hamud ka Handapna dugi Ka simkuring nu nuju jauh ka sintung kalapa (jauh ka Indung Ka bapa ) nyungsi diri nyiar kipayah ngasah pangalaman ngalalana ka tatar deungueun ,nu beda sagalana ti lemah cai awang awang sukapura………ibarat kawah candradimuka pikeun kuring nu teu elmuan nu teu bodo bodo acan……..

    3. Pamundut du’a ti Kang Agus kang …….
    Hatur Nuhun.

    Waler
    1. sukapura Post author

      Hapunten anu kasuhun kang Anjar Nembe tiasa di Waler, wireh simkuring kapengkeur nuju pakepuk ku padamelan…

      Tipayun ngahaturkeun nuhun kana rupi pangangkeunna kang Anjar, tangtos kang Anjar oge langkung pinuh ku Elmu Leber ku panga bisa…hehehe 🙂

      Perkawis pertarosan No. 1, Insya Alloh manawai diparengkeun urang gurat di ieu blog perkawis silsilah Sukapura. Memah katingalna tos ngawitan engkeut-engkeut seueur anu peryogi. Mung simkuring oge ngaguratkeun teh sakatemu simkuring bae…

      Insyaalooh kapayun urang guratkeun…simkuring oge bari nuju maluruh kasepuh…

      sakitu heula
      Bahtos
      Pun Agus Wirabudiman

      Waler
  8. Ghina

    Akang punten bade tomaros, dupi dina runtuyan Dalem Sawidah aya anu kasebat Ajun Penghulu Eyang Haji Mansyur teu aya ? Saurna eta teh nami ramana pun aki ti manonjaya, maklum, pun bapa tos ngantunkeun waktos abdi 4 thn, abdi nunggal pisan, janten asa cuang – cieung… he he he…

    Hatur Nuhun kana perhatosanana.

    Waler
  9. sukapura Post author

    Hatur nuhun teh Gina, kantos maos salangkung simkuring oge…keun ke aya waktos di tingal deui kusimkuring…hatur nuhun teh Gina..ayeuna mah teu kedah cuang cieng …da aya duluru di dieu…heheheh

    Waler
  10. kurnia airlangga

    kang punten manawi abdi hoyong uninga karuhun abdi gaduh akta kelahiran pun eyang nu wastana R. Suwondo runtutan ti eyang dalem sawidak manawi tiasa abdi nyuhunkeun runtutan kaluhurna hatur nuhun

    Waler
  11. wahyu Satria

    sampurasun, hapunten bade tumaros pami turunan sukapura aya nu ka Sukabumi. pedah pun eyang kantos nyarios kulawargiteh msh keneh aya teureuh sukapura. hatur nuhun.

    Waler
    1. Asep Fiman Nurjaman

      aya mung putra nu istri, abdi hilap deui namina ke dipilari heula dina buku. mung nu pasti aya patilasana di sukabumi malah urang tiasa tepang secara ghaib. aya pakuat pakait sareng sejarah Prabu Haris Montor. d rerencangan aya catetan sejarahna Peryogi?

      Waler
  12. asep firman nurjaman

    kang abdi linggih di garut katurunan dalem sawidak ti Rd. Surya Dimanggala putra dalem sawidak nu ka 42 pami teu lepat, abdi gaduh buku sejarah runtuyan dalem sawidak warisan ti buyut, bade nyuhunkeun sejara nu langkung lengkap perkawis putra-putra eyang dalem sawidak ngalihna atanapi ngumbara. saurna mah nyebar ka satiap daerah di jawa barat dugi sa indonesia

    Waler
    1. sukapura Post author

      Ihh sae pisan atuh kang Asep, pami tiasa mah urang pada ngempelkeun coretan titingal karuhun. abdi oge kirang bahan, tiasa di uningakeun ka Ketua Komisi Sejarah Sukapura H. RD. Iyos.

      Ke tiasa ngempel di musium Sukapura

      Waler
  13. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    BAHEULA MAH LINGGIH DI JL. PELITA BAKTI NO. 6, RT/RW 005/011, KEL. LEUWIGAJAH, KEC. CIMAHI SELATAN, KOTIB CIMAHI-BANDUNG, JABAR.

    ARI AYEUNA ALAMAT DI JL. LETJEN SUTOYO GG V/NO. 37, KEC. LOWOKWARU, MALANG-JATIM.

    DAMEL DI KANTOR PELAYANAN PAJAK PRATAMA BATU
    JL. S. PARMAN 100, MALANG.

    Waler
    1. AbdiNa

      abdi…ti leuwi gajah…kaleureusan abdi turunan ka 8 ti pangeursa dalem sawidak…–.-RD.puspareja/kyai nurihsan/RD.Wirakusumah/RD.brajayuda—RD.Puspadimaja/RD.wiradikarsa/rd.wirayuda—RD.jayacuriga/rd.jayakusumah=maleber cianjur—RD.arin wirapraja=jambudipa cimahi—RD.adjab/haji abdulsalam=leuwi gajah—RD.hamim wangsasastra—nyimas siti maryam—ABDI.

      Waler
    1. sukapura Post author

      Alhamdulillah, tambih saderek deui…

      Insya Alloh kapayun simkuring hoyong nyusud oge sadaya katurunan ti Sukapura katut buyut kang Atep.

      Saha jenengannana kang Atep teh?, manawi tiasa kasusud

      Waler
  14. Herry

    Manawi uninga…, pun Bapa sok ngariwayatkeun karuhun, naha leres ‘Eteh Ambu Dawijan atanapi ‘Eyang Dalem Tambal (anu saurna sok dicirian ku samping/sinjang nu tatambalan) leres putra bungsuna ‘Eyang Dalem Sawidak??haturnuhun…

    Waler
  15. jaka mustika

    Aslamualaikum,.
    kang maaf saya mau tanya.. nama uyut saya tjakra wimoelja yang mempunyai anak namanya siti salamah yang konon katanya masih ada keturunan dari Sukapura.. saya ingin mengetahui silsilahnya.. mohon maaf sebelumnya pake bahasa Indonesia.. mohon penjelasan dan Bantuannya..
    selain itu juga saya ingin mengetahui sejarah kerajaan tatar sunda yang sesungguhnya..
    saya Jaka lahir dan besar di Bekasi.. kuliah di Bandung..

    Waler
  16. wisnu

    punten kang bade tumaros,abdi linggih di jakarta mung keluarga abdi sadaya ti tasik daerah salawu…..ari eyang wijaya kusumah,eyang pandai kawasa sareng eyang raksa jiwa lereus turunan ti eyang dalem sawidak…..teras kampung naga lereus turunan ti sukapura?lamun aya nyuhunkeun silsilahna nghandapna…..hatur nuhun….
    di emailkeun wae ka wisnuardiansyah_81@yahoo.co.id

    Waler
  17. Asep Rahmat

    Kang, abdi Asep, di Sukabumi, aslina mah ti Garut, wulijeng tepang, manawi abdi tiasa kenging informasi, abdi gaduh Silsilah Keluarga anu tidituna mah ti Dalem Sawidak (Bupati Sukapura) manawi, aya runtuyan ti R. Suradimanggala -> R. Prangga -> R. Djayawinata -> R.H. Abdul Muttolib, punten parantos ngarepotkeun.

    Waler
    1. Firman Gunawan

      Kang Asep Rahmat….wilujeung tepang, sami abdi oge rundayan ti Dalem Sawidak….runtuyan na ti R Suradimanggala -> R Prangga -> R Djayawinata -> R H Abdul Muttolib -> R H M Siddik -> R H Musthofa -> R H A. Hudori -> R Moh Toha Muchdari -> abdi

      Waler
      1. Hamba Sahaya

        Kang, punten minta nomor W.A nya… saya pun ada runtuyan ke Rd. Djayawinata…
        Atau dikeluarga saya disebut Rd.Habibulloh/Aki Khalifah… Apakah Uyut Djayawinata ini sama dengan yg saya maksud ?

        Nuhun Sateuacana…

  18. tirta

    Sampurasun kang Agus. Manawi tiasa ditingal ku kang Agus naha abdi teureuh sukapura sanes. Ceuk beja buyut Haji Ilyas urang sukaraja pengkolan jembatan heubeul.Ari buyit istri Hj.Aminah ti Manonjaya. Abdi pareumeun obor sama sekali. Nuhun rebu nuhun.

    Waler
  19. sukapura Post author

    Rampeeees….
    ke..ke ditingal kumaha maksadna…hehehh ^_^ ?, dina runtuyan anu eta…Insya Alloh kantennan ari kitu mah tangtos aya ti Sukapura.

    nuhun ah

    Waler
  20. Hadi Kadar R

    Ass. wr wb. Ari pun ibu mah Namina : R.Hadidjah (enong) ari ramana Alm. R.Achmad Suhara (Perintis Kemerdekaan). Pun emang linggih dipayuneun babacong (Mang emit) nuju nulis silsilah meuni lengkap pisan ti jaman jaka tingkir, leumbu peteng & nawangsih.

    Waler
  21. Bambang

    Assalamu ‘alaikum…

    Nepangkeun Kang Agus…Wasta Abdi Bambang Kawit ti Sindangbarang Ciajur Selatan.
    Hapunten bade tumaros…naha leres akang gaduh buku Babad Sukapura ?
    upami aya, punten pangmaluruhkeun sepuh anu wastana Sura Asta Paringga rakana ti Sura Dibantal…

    tiasa kintun email wae ka Abdi

    Hatur Nuhun

    Bambang

    Waler
  22. sukapura Post author

    @Bambang
    haturan kang Bambang, Babad Sukapura aya di pun Ua R. H. Moh. Iyos, simkuring teu acan kabujeng ngalungkeun seratan eta di ieu blog. hapuntenna…mudah-mudahan kapayun tiasa di postingkeun di ieu blog.

    @Dede Rahmat
    mangga haturan kang Dede, iih eta anu dipiharep suun…mangga di antos di dayeuh sukapura…heheh ^_^

    Waler
    1. Bambang

      Assalamu’alaikum…kumaha daramang sadayana ?
      Punten Kang saurna bade aya acara kempelan Keluarga ti Dalem Sawidak di Bandung, naha leres ?

      Hatur nuhun
      Wassalam

      Waler
  23. Muldan Kusumah

    Assalamu’alaikum..
    Nepangkeun sim kuring muldan (udan), linggih di Bandung, hoyong ngiring ngariung di ieu blog Sukapura, sakantenan hoyong silaturahim sareng wargi-wargi ti Sukapura

    Waler
  24. Muldan Kusumah

    Ass.Ww.Wb.
    Punten bade tumaros, dupi Yayasan Sukapura teh puserna di Tasik atanapi di Jakarta ?
    lajeng pengurus intina saha bae (nu di Tasik sareng di Jakarta), hatur nuhun
    wass.

    Waler
  25. dian nurohman

    Assalamu ‘alaikum…

    Nepangkeun Kang Agus…Wasta Abdi Dian Kawit ti padalarang, saur pun aki mah abdi teh teureuh ti sukapura ngan kumargi aki tos nagntunkeun ayeuna teh pareumeun obor. manawi akang paos runtuyan teureh abdi ka luhur na saha..nami aki abdi akhmad hambali rama na aki sumitra, uwa na aki teh saura na mah anu janteun bupati bogor anu kahiji. nuhun sa teu acan na. pami tiasa kintun email wae ka Abdi kang kanggo waleran na

    Hatur Nuhun

    Dian Nurohman

    Waler
  26. Dani Hamdaningrat

    Nepangkeun abdi Dani ti Bandung, saur pun aki mah abdi teh teureuh ti sukapura ngan kumargi aki tos nagntunkeun ayeuna teh pareumeun obor. manawi akang paos runtuyan teureh abdi ka luhur na saha..nami aki abdi Hardjadinata rama na aki Natadireja. nuhun sa teu acan na. pami tiasa kintun email wae ka Abdi kang kanggo waleran na

    Waler
  27. ahmad badawi avicena

    sampurasun,abdi ahmad badawi avicena ti karang nunggal,bade nyukcruk galurna pun uyut Rd.H Yusuf,ramana uyut Rd.Adireja saderekna Demang Rd.Natajibja

    Waler
  28. Mamat Rahmat

    Assalamuu’alaikum.wr.wb
    Hapunten simkuring ngiring ngaréwong., Simkuring nyanggakeun silatu rahim ka baraya sadaya.. nepangkeun…, jenengan simkuring téh Mamat Rahmat., ari linggih mah di Purwakarta..,mung simkuring asli pituin urang Tasik., saur pun biang mah aya teureuh ti Sukapura nyaéta ti Kanjeng Dalem Sawidak .., ari pun uyut jenenganana H. Syafi’i ( alm ) linggihna di Kp. Malaganti , Ds. Sukaharja, Kec. Sariwangi ( kapungkur mah Kec. Leuwisari), Singaparna .. Mung dina runtuyan turunan ka palih luhurna kirang paos ieu téh., ku margi sakitu ku ayana forum ieu mugia urang tiasa nyukcruk galur mapay laratan baraya urang sadaya ti Sukapura…, manawa sareng manawi baraya ngagaduhan seseratan runtuyan turunan ti Sukapura ,, upami teu ka abotan nyuhunkeun seseratanana., di antos pisan … Hatur nuhun sateuacana..

    Waler
      1. Mamat Rahmat

        sanes, simkuring mah putuna ene Momoh, ene Momoh teh rakana ene Iti , anu di maksad ku akang mah panginten mang Mamat, simkuring loma pisan da mamang sarengna deui rerencangan ameng,anjeuna ayeuna linggih di Bandung di kopo sayati, ngengingkeun urang ditu….

  29. sukapura Post author

    Wa’alaikum salam
    hapunten nembe ka waler, insya alloh pami parantos rada rineh, simkuring hoyong oge ngalungkeun dina ieu blog silsilah anu aya. pidu’ana ti sadayana

    Waler
    1. achmad Suryana Nuradinnata Praja

      di lembur pribados aya makom karuhun sukapura sadayana 7 nu langkong paos eh malah urang Solo asma Pak Wisno S2 Ti IPB dines
      di Kahutanan ti ngawitan patilasan Sunan Kali Jaga ( Guha Tasbeh di pasir bentang ) makam sembah dalem ,Eyang Jaya Munajen Eyang Naya Kusumah wah Pak Wisnu milarian lembur Cinunjang Mandala mekar 3 tahun terah Sukapura teh geuning Ti Sriwijaya (Prabumulih-Baturaja) Cirebon,Banten,Solo,Demak anjeuna ayeuna nuju ka Jepang bari nuliskeun bade ngadamel buku 5 judul tah engke ku anjeuna di guar sajarah sareng watak terah Sukapura

      Waler
  30. cicit eyang khalifah tasik

    Alhamdulillah muji syukur kanu maha agung,kasadayana nu aya terah atawa geutih ti sukapura.
    Kahade omat jeung peupeujeuh kudu ngajaga laku lampah urang sadayana,jeung kudu ingeut kana diri, kudu nalipak maneh yen urang teh turunan ti sukapura.
    Jadi omat kasadayana jadi berat pisan tanggungan urang sadayana teh pikeun ngajaga komara sareung wibawa karuhun karuhun urang sadayana.
    Hapunteun wae kasadayana abdi ngiring gumarojong sasauran nu teu basa teu basi,hapunteun pisan kasadayana!
    Sateu acan simkuring nyuhunkeun pangdo’ana kasadayana mudah mudahan ti katurunan sukapura ti turunan saha bae sing aya hiji jalmi nu tiasa nangtungkeun deui komara sareung wibawa sukapura.amiin yarobbal a’lamiin.

    Waler
  31. HR. Edi Komarudin

    Assalamu’alaikum.
    Abdi nuju diajar nyunda, seja nyuhunkeun tulung, manawi sareng manawi diantawis pamiarsa di Forum Sukapura aya anu uninga asal-usul (profil) Ajengan ‘Aon Mangunreja anu kiprah Anjeuna dina waktos kapamingpinan Bupati Tasikmalaya I (Raden Saleh Wiratanuningrat / R.A.A. Wiratanuningrat, menjabat Bupati Sukapura ke XIV dari tahun 1908 – 1937 ). Sateuacana, hatur nuhun kana bantosanana

    Waler
  32. Edi Gunawan Godjali

    Abdi oge sami saparantos acara kempelan keluarga di Tasik (Cibeas) rupina masih rerehan Sukapura anu ngait sareng Syekh abdul Muhyi anu ngarangkep sareng Raden Ayu Sutri (ti dalem sawidak). Abdi sareng pun bojo gulangkep…..Pun Bojo kalebet generasi ka genep pami sim kuring kalebet generasi ka 7 saparantos Rd Ayu Sutri. manawi tiasa anu langkung nyaangan hatur nuhun.

    Waler
  33. reni andriani

    Assalamu allaikum….

    punten ,ang nepangken abdi kawit ti ciamis,nanging ayena linggih di tangerang
    saur sepuh mah abdi teh keturunan dalem sawidak anu putrana ti reh rehan salopa ,
    naging abdi teh poekeun obor teterang dulur sareng baraya, ninggal silsilah di internet abdi hoyong nyukcruk deui,nanging teueurang keudah kamana .Ang pami keursa abdi nyuhunkeun tulung hoyong uninga putrana eyang dalem sawidak anu 62(sadayana). S
    sabab silsilah anu keluarga sepuh teh ical.

    sateuacana hatur nuhun kana perhatosanana,punteun ang bahasa sunda abdi teh
    teu tiasa halus.Diantos balesanana.

    Waler
  34. dendi

    assalamualaikum, hapunten anu kasuhun bilih pribados ngaganggu kana percakapan dulur sadaya,
    pribados bade nepangkn diri, saur pun eyang mah pribados teh aya katurunan ti sukapura, ti raden anggadipa, sukapura tilu, kapalih dieuna ti nyai raden bakitem,

    Waler
    1. achmad Suryana Nuradinnata Praja

      PUNTEN IEU TEH DENDI NU KANTOS KA PAGARALAM WAKTOS DI RIMBO CANDI ANU LEGANA NGALANGKUNGAN BOROBUDUR MUNG TEU ACAN DI PUGAR KASEP BAGEUR GEUNING SAMI URANG TEH TURUNAN EYANG ANGGADIPA SOK SANAJAN PRIBADOS TEU KANTOS KA PENDOPO TASIKMALAYA ARI TERAH MAH MOAL KAPICEUN DENDI TERANG TEU KASULTUNAN PERAHU DIPO AKANG KANTOS KA KERATON SULTANNA JEBOLAN UGM GEUNING ARI SADARAHMAH TEU KUNGSI PANCA KAKI ANJEUNA JIGA NGANTOSAN URANG TI SALOPA TI CIKIANGIR DUGI KA CILEGI ETA TEH DULUR AKANG DI SALOPA TEH DIANTOS

      Waler
  35. siti

    wah agus teh turunan sukapura raden, atawa desa sukapura, upm anjeun leres katurunan sukapura tos tiasa di angken di tiap aya patepungan di pendopo upami nuju aya tepang taun tapi abdi teu acan kantos ningali anjeun, sok sanaos poekeun obor tos kanten aya dina daftar anu diseratkeun di keluarga citapen/pangaduan kuda sareng anu linggih di panglayungan sareng anu di tamansari, karsamenak, cibeuti sareng di sukaraja.

    anu tos jelas mah aya katurunan sukapura anu leres pisan pameget padamel kecamatan tawang di kota tasik, malihan anjeuna ayeuna sok nepangan kasepuhan di cirebon, sareng di sumedang. upami aya rereongan di menak-menak anu aya di lingkungan sunda.

    punten ka agus nyuhunkeun di tingali deui, sareng saha aki teh, apa teh saha, “R” atawa “RD”, kade ulah hilap eta aya bentena.
    seueur anu nyarios kana blog ieu, nanging abdi teu acan tiasa nangtoskeun, upami leres kunaon tara ngiringan di Pendopo upami nuju lebaran, atanapi tepang taun.

    anu nyalerat dina blog ieu abdi aya anu terang sareng osok aya dina rereongan, kade we nyuhunkeun di tingali deui saha AGUS teh, sareng di lingkungan SUKAPURA mah teu aya anu wantun ngawawarkeun ABDI TURUNAN SUKAPURA dina tempat umum, sadayana oge caralik.

    Kang Asep, Kang Hadi daramang salam baktos k kulawarga anjeun, utami-na ka uwa iyos.

    anu pasti uningaeun sadaya silsilah tasik mah aya di RD. IYOS, RD DOYOT, RD KUSMAN. tah turunan turunan anu ieu LERES SUKAPURA sanes DESA SUKAPURA

    sanes dina BLOG, punten upami tiasa mah forum ieu dilereskeun deui kanggo kasaean sadayana.

    PUNTEN NYUHUNKEUN WALERAN ANU SAE.

    hatur nuhun, hapunten bilih aya anu teu raos kana manah.

    Waler
    1. sukapura Post author

      Assalamu’alaikum Wr Wb
      Sampurasuun…
      Alhamdulillah eteh siti, hatur nuhun…wilujeng sumping di ieu blog, Blog ieu didamel teh wireh reueus, reueus ka sukapura kusagalana….heheh
      hapunten eteh siti…Blog ieu di damel sanes hartos mintonkeun “Kuring Turunan Sukapura”…saness…ampun paraluuun, da ari sukapura mah tina “Suka”-“Pura”.

      Punbiang+Pun Bapak (Alm) kapungkur sering ka pendopo (Sil. Lebaran), abdi kantos sakali dicandak ku pun bapak kapungkur teh. ka gedenakeun abdi tara ngiring, jalaran sakola di pasantren (jadwalna sering bentrok sareng di pasantren) sareng kasibukan anu sanesna.

      Singket namah kieu wae atuh…hehehe RD. Omon+RD. Nani (pun Ua) anu linggih di Sukaraja, anjeuna anu janten saksi (uninga kana runtuyan kel. simkuring) waktos nuju di Pangadilan, pon kitu ka RD. IYOS mangga ditaros kamantenna supados langkung paos…

      sakitu wae eula…eteh Siti
      Wassalamu’alaikum Wr Wb
      Rampes…
      pun Agus Wirabudiman

      Waler
    2. irwan gunawan

      tah aya deui pependakanteh! punten dadarken bentena “R” sareng “RD”. sareng bade komentar kana katurunan sukapura. menurut sim abdi dae pisan aya forum silaturohim online. abdi anu tebih tiasa ngobrol sareng rundayan turunan sunda. aya saena kudu ngaku jeng diaku urang turunan SUKAPURA da ieumah tuturus didunya. mun urang ngaku tos IMAN yakin eta lepat, sabab ari nu iman mah nuterang anging kurung jeng kuringna atanapi antara urang jeng Allahna. punten eta dadaran dina MM. punten ti kuring anu doip sepi tina pangarti tuna tina pangabisa suwung tian pangaweruh wasalam.

      Waler
  36. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    SALAMUN….SAMPURASUN…. SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA

    KANGJENG EYANG WIRADADAHA
    JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA

    UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA
    IBU DARI MR SOEKARNO JUGA IBU SOEKESIH

    MERDEKA

    Waler
  37. sukapura Post author

    Rampes…kang Daniel
    hatur nuhun, salam baktos oge ti simkuring ka KLG Besar Karang Wiwitan

    hapunten nembe kawaler, numawi rada pakepuk padamelan+pakepuk ngomentaran milis kisunda sareng urangsunda

    nuhun
    rahayu…rahayuu..rahayuuu..

    Waler
    1. T. Yunus Adipura

      assalamu`alaikum,
      manawi teu kaabotan ngawaler, nepangkeun simkuring wasta yunus adipura, saur sepuh sim kuring teureuh sukapura, pun aki Rd. Asep Adipura, ramana pun eyang Yuda Kapura manawi terang silsilahna kaleresan abdi pareumeun obor hatur nuhun sateuacana

      Waler
  38. jalak

    Walaaah geuning kalah jadi minder atuh ari tadina mah atoh wee aya lembur sukapura di internet, ari pek dibedakeun nya nu raden R atawa RD jeung non menak urang desa Sukapura. Salam kenal ka ceu Raden Siti sareng kang Raden Agus ti kuring nu baheula mah beuki gegejeburan di cibulak.

    Waler
    1. achmad Suryana Nuradinnata Praja

      Waktos dines di Task tahun 1993 pribados ku teh Teti istri bapak R Awang Setiana piwarang ngadeuheus ka pun Ua di pengkereun PLN Tasik saurna kedah mereskeun tatali wargi Sukapura bag Manonjaya
      memang sih reueus pami lebaran inohong Sukapura seueur nu janten Jendral upami lebaran kempel di Masjid Agung Manonjaya tapi waktos harita pribados teh nampik margi teu kasiwer maklum padamelan .
      Teh Teti Ngaharewos ka pun ua geuning bi aya menak teh ti Gunung.
      Palawargi lamun leres nyaah ka Karuhun Sukapura,Mataram Islam III,
      Sumedang,Cirebon,Banten nu penting ulah ninggalkeun syariat Islam
      lamun urang soleh tenan bari sok ngadu akeun aranjeuna meureun tiis langab ka aranjeuna karuhun urang sanes ningali pangkatna beunghar miskinna saKALI DEUI KALAKUAN URANG NO SOLEH

      Waler
  39. jalak

    @MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO atuh kedahna kenal sareng R. HARRY YUSUF ADEGDAHA LAKSANA . Aya Adegdaha boa boa aranjeun sami-sami menak sukapura di kantor pajeg.

    Waler
  40. jalak

    @cicit eyang khalifah tasik maksadna naon sih komara sareng wibawa sukapura dina du’a anjeun “mudah mudahan ti katurunan sukapura ti turunan saha bae sing aya hiji jalmi nu tiasa nangtungkeun deui komara sareung wibawa sukapura”

    salam
    JP (kungsi ulin di DESA Sukapura)

    Waler
  41. T. Yunus Adipura

    Wartos mah sim kuring teh teureuh ti sukapura, namung kuring simkuring pareumeun obor, bilih aya ana terang silsilah kalintang bagjana htr nuhun

    Waler
  42. T. Yunus Adipura

    bilih kirang data Pun aki R. Asep Adipura (Mas Adi ) Ramana pun aki Eyang
    R. Yuda Kapura Ibuna pun aki eyang istri R. Marku Kusumah nembe sakitu nu kasanggakeun manawi aya bongbolongan kanggo sim kuring diantosan waleran htr nuhun

    Waler
    1. sukapura Post author

      Alhamdulillah, wilujeng sumping kang Yusnus.
      Punten nembe di waler…
      Numawi di sukapura teu acan aya Bank Data anu lengkep kanggo milari nasab. Isya Alloh kapayun maksad palay ngadamel Database kanggo nyatet Nasab/Katurunan/Luluhur Sukapura.

      Hatur nuhun

      Waler
      1. eli yanti

        ass….. punten abdi nyerat ie eusi hate dimana bae brasna…. abdi ti sukabumi saur sepuh mah abdi aya turunan ti eyang puspa (putra nu ka 49 ti kanjeng dalem swidak) nu dimakomken di tugu lembur pun aki di kabupaten sukabumi., maos serat ti sadaya dulur, minangka abdi asa caang dei obor. mudah-mudahan tiasa tepang sareng sadaya dulur dina forum ie oge tiasa tepang teuteup silaturahim dina acara nu ngahaja kuurang sadaya di damel. iraha atuh kang agus “copi darat”na…? diantos walerana

      2. eli yanti

        punten kang agus pami abdi sareng caroge bd silaturahim ka bumi kang agus tiasa? nyunken alamat lengkapna ditasik. abdi sok rajen amengan ka wargi2 ABDI DI M HATTA 116, insya allah…. abdi ge hoyong nyukruk aki nini, ua, amang sareng baraya sanesna di cisayong. ti kawit rama ngantunken nuju abdi usia 6 tahunan abdi ayena te terang saha wae baraya abdi……

      3. sukapura Post author

        Mangga teh, Bingah pisan, hapunten nembe kawaler.
        Alamat Lengkep Abdi, No HP dikintun kana E-mail teh Eli
        Mangga bade iraha wae, mung panginten kedah wartosan wae tipayun, bilih kaleresan teu aya.

        Hatur nuhun

    2. aditya febrian

      kang abdi oge nuju milarian informasi saurna abdi th turunan dari istri ke 3 Mama asep adipura bin R. yuda ,, upami akang atos gaduh informasi punten atuh di shering ken ka abdi.. htur nuhun

      Waler
    3. Aditia Febrian

      salam kenal kang.. saur pun Nene abdi teh turunan dari istri ke 3 nya Mama Asep adipura bin R.Yuda.. saleresna abdi th nuju milari informasi saha eta mama asep adipura teh,, sareng silsilah atau turunanna,, upami akang dpt informasi punten atuh rada di shering ken ka abdi,, hatur nuhun ,,

      Waler
  43. T. Yunus Adipura

    assalamu`alaikum wr. wb. Hatur nuhun bingah sim kuring ku alatan aya forum ieu, sae pisan mugia Alloh SWT ngaridhoan, mendak hibar ti sepuh kapungkur saurna mah aya nu rajin nyatet tungturunan sukapura namung abdi hilap deui, namina, kumargi kitu bilih diantawisna aya sepuh urang nu nyimpeun catetan mugia kersa ngbewarakeun dina forum ieu, hatur nuhun wassalam

    Waler
  44. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    jalak (05:51:32) :

    @MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO atuh kedahna kenal sareng R. HARRY YUSUF ADEGDAHA LAKSANA . Aya Adegdaha boa boa aranjeun sami-sami menak sukapura di kantor pajeg.

    Muhun mugi2 tiasa kepanggih….
    Rampes

    Waler
  45. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    Assalamu’alaikum wr wb ….
    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.
    kamarana sadulur – sadulur

    Waler
  46. asep diding

    sampurasun…..!!!!!!!!!!!, hapunten!!!!!(sanes bade agul ku payung butut) nepangkeun sim kuring cenah turunan mah ti sukapura, pun bp jenengannana Rd.Eman Sulaeman, pun aki Rd.Sastra Kusumah ramana pun aki Rd.Indrayuda, ari ramana Rd.Indrayuda nyaeta Rd.Indrapraja III, ramana Rd.Indrapraja III nyaeta Rd.Indrataruna, ari Rd.Indrataruna teh putrana Rd.Anggadipa I (Dalem Sawidak). Lamun kitu mah meureunan sim kuring tek aya teureuh bupati Sukapura III. (Cobi kang Agus pang ngaroriskeun leres eta rundayan teh ????). Padumukan sim kuring ayeuna mah di manonjaya, sok sanajan caket ka sukaraja tapi sim kuring acan pernah ilubiung reunian dina lebaran margi tacan pernah ku sepuh di ajak kana eta reunian srg tara aya wartos. Sakitu hatur nuhn.

    Waler
    1. sukapura Post author

      Rampees, Kang Asep
      Haturan, Wilujeng Sumping,…
      Upami ningal runtuyan akang, katingal caket kawargiannana sareng Raden. Iyos (kapungkur mah, Ketua Komisi Sejarah Sukapura), anjeuna oge anu nyepeng Pusaka Sukapura. Atuh putrana HR. Herdiana oge sok padungdengan sareng simkuring dina raraga silih asah tea. Heheheh

      Mangga kang, ari sami di Tasik mah tiasa anjang sana ka Perum Maya, Mahkota 9, moal bireuk deui, eta bumina kang Herdiana, putra R. Iyos.

      Ksakitu heula
      Haturnuhun

      Waler
  47. dian haddiani s

    Ass.
    Salam kenal sebelumnya, ibu sy berasal dr tasik.saat sy kecil sy sering mendengar cerita2 sprt yg tertulis di atas. Kebetulan sy senang dg sejarah, bisakah sy mendapatkan informasi ttg silsilah keluarga sukapura. Adakah yg tahu ttg garis keturunan dari eyang haji hasan, baik ke atasnya maupun k bawahnya. Terimakasih atas bantuannya.

    Waler
    1. sukapura Post author

      Wa’alaikumsalam Wr Wb
      terimakasih atas Silaturahminya
      mudah-mudahan kedepan Sukapura memiliki bank database yang online untuk memenuhi kebutuhan keluarga dan keturunannya

      terimakasih atas perhatiannya

      Waler
    2. Kelana (@AriawiraDadaha)

      Wass.
      Utk sdr/i Dian Haddiani, apakah yang dimaksud dgn eyang H. Hasan itu punya istri yg bernama ibu Nonot? punya anak diantaranya eyang Wijaya, eyang Widarma, eyang Wiharja dan eyang Sudita bukan? Kalau yg Anda maksud benar itu, saya masih ada pertalian kerabat/saudara dari eyang H. Hasan dgn keturunan yg ada di Singaparna/Tasikmalaya.
      Kalau boleh tahu Anda tinggal dimana? Saya tinggal di Bandung

      Wass,

      Waler
  48. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    Assalamu’alaikum wr wb ….
    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    SALAJEUNG NA, CARITA THE GREEN HILTON AGREEMENT
    kamarana sadulur – sadulur

    Waler
  49. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    Assalamu’alaikum wr wb ….
    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    SALAJEUNG NA, CARITA THE GREEN HILTON AGREEMENT
    TANGGAL 12 MEI DUGINA 18 MEI 2011 KELUARGA BESAR SUKAPURA – KARANG WIWITAN BANDUNG, AN A YASIN JEUNG TEH NINGSIH BERKUNJUNG KE KELUARGA BESAR KARANG WIWITAN JAWA TIMUR …. MUGI-MUGI RAHAYU

    Waler
  50. Iwan Advocat Full

    Ass..abdi kantos kenging silsilah kulawargi sukapura ti Aki iyos yudapraja….namun anyeuna ical, kinteun-kinteun upami hoyong yungkeun salinan silsilah, abdi keudah kamana…? hatur nuhun

    Waler
  51. achmad Suryana Nuradinnata Praja

    nimat na di pangumbaraan karasa kana dada kitu geuning ari boga teureuh lain reueus pedah karuhun urang jugala coba lamun karuhun urang henteu soleh meureun urang teh ka bawa sa kaba kaba mugia urang sadaya aya pituduh ti nu Maha Ngayuga ulah pa aing-aing pan kitu lamun teu lepat sukapura teh hartina ngajadi hiji ulah nepi ka pareumeun obor kuring pernah ngaraosan kadu sagala kadu tapi kadu ti eyang Abu Kusumah terah Sukapura raosna moal aya dua biasana lamun aya tangkal kadu terus dibarengan ku tangkal manggu eta teh ciri sadulur ti Sukapura leres henteu

    Waler
  52. kang hadi

    sampurasun, neda dihapunten anu kasuhun
    Nembe, ngajugjug deui ka iyeu blog,
    Iraha atuh dulur dulur sukapura tiasa kempel,……… hoyong pisan nyamikeun silsilah sukapura sareng anu dulur sukapura sadayana….

    cah heula

    Waler
  53. achmad Suryana Nuradinnata Praja

    pangalaman di PAGARALAM
    tahun 80 han sim kuring dines di kota pagaralam sumatra selatan
    hiji mangsa kasumpingan baraya ti pasundan anjeuna guru ngaji teu lami anjeuna naros ka sim kuring saurna “kang ari ka eyang Jalaluddin kapikumaha ” jawab kuring harita duka
    Duh Gusti nepi ka ayeuna ngarasa dosa sanggeus di taroskeun ka pun biang eta teh geuning buyut sim kuring.
    kade dulur bisi di jalan papanggih jeung dulur urang di jalan mana bae di kota mana bae lamun urang saturunan ti ngali ciri nu paling gampil bentk ramo jeng suku urang bentuk tulangna hampir sami komo jeung sa uyut mah sorot soca,bentk halis’pipih ,srrd naha leres

    Waler
  54. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    Assalamu’alaikum wr wb ….
    NUSWANTARA INDONESIA 6 AGUSTUS 2011
    PUASA HARI KE ENAM DINA KA TUJUH
    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    SALAJEUNG NA, CARITA THE GREEN HILTON AGREEMENT JEUNG YUNNAN AGREEMENT AUGUST 1957, NSA NEO PENTAGRAM GSAC 9999 INDONESIA RAYA JEUNG MR. HANS PUTRA SANJAYA TASIKMALAYA, SWISSINDO INTERNATIONAL JEUNG MR. SUGIHARTO NEGORO CIREBON, INDONESIA TREASURY JEUNG KANG ARI TEA BANDUNG SARENG GUBERNUR JAWA BARAT DAN JAJARAN DPRD, KERATON 7 JEUNG MR ANTON BAHU HARTONO SUKABUMI JAKARTA, KH MR.CHAERUL FATHULLAH JEUNG THE GREEN HILTON, MR SUWARNO JEUNG ASET AMANAH, SATRIA PININGIT DEMAK JEUNG ASET AMANAH, MR SENOPATI KI JALAK JEUNG MR POERWOSOJOTO KH KERTAPATI JEUNG TIRTO WENING NYA, GROUP KERATON SOLO JEUNG KERATON JOGYA JEUNG SISTEM AMANAHNYA, KH JAWAHIR JEUNG LADY OF ROSES MRS SARINAH JEUNG PROF DR DRS SENO EDI DOEKANTO JEUNG ASET AMANAH NYA, ,KELUARGA BESAR SUKAPURA KARANG WIWITAN BANDUNG, GUDANG JAWA BARAT, GUDANG JAWA TENGAH JEUNG GUDANG JAWA TIMUR…. MUGI-MUGI RAHAYU

    Waler
  55. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO
    6 AGUSTUS 2011
    Assalamu’alaikum wr wb ….
    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    Waler
  56. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    SALAMUN
    SAMPURASUN
    KA KALUARGA BESAR DALEM SEWIDAK SUKAPURA
    SEMBAH SUNGKEM ABDI JEUNG KELUARGA BESAR KARANGWIWITAN
    KA KARUHUN PARA KANJENG EYANG ANU LINGGIH
    DI BUMI SUKAPURA SUKARAJA TASIK MALAYA
    QUSUSON K.E. WIRADADAHA, K.E. WIRAWANGSA, K.E. SACAPATI, K.E. ILYAS, K.E. ULUN, EMBAH JENGGOT, SEHUNA JURAGAN ANGON, IBU PUTRI LARANG, IBU PUTRI SITI MUNIGAR, PAMAN DIPANEGARA DST
    WILUJENG BOBORAN SIAM
    MEMMO 6 AGUSTUS 2011

    Waler
  57. Danial Holimin

    Ass wr wb Nepangkeun heula wae. Pribados kawit ti Leuwisari, Sariwangi. Mung parantos 51 tahun di Bandung. Ayeuna teh parantos pangsiun da umur teh parantos 75 th, duka iraha ‘ngora’ deui. Hapunten ka sadaya dulur.
    Wass wr. wb.

    Waler
  58. Japra Jawara

    assalamualaikum’ wr,.wb
    hapunteun, dupi bade tumaros, diantara bupati wadana sukapura salah sahiji putrana aya nu namina radenmas nayadireja atanapi raden patinggi saurna kitu pidawuh pun nini,ngan waktos abdi miluruh ka saderek nu sanes teuaraya,pun nini teh tos yatim ti aalit janteun teu tiasa masihan teurang mung ngawartosan turunan galunggung sareng wadana bupati sukapura ti raden patinggi, da nu jalembar ngaranggo gelarna nyimas sareng radenmas dupi leres katurunan suka pura gelarna nyimas sareng radenmas

    Waler
  59. Nilla

    Ass. Saya mau tanya aja…………saya dari keluarga pinggiran, saya punya Uyut R. Haro Natawirya kakek saya R. Lili Buchori …asal singaparna Tasikmalaya…Uyut di makamkan di Makam Pahlawan Tasikamalaya dan Kakek di makamkan di Taman Makam pahlawan Cikutra Bandung…yang saya mau tanya masih ada hubungannya ga dengan keluarga Sukapura?….maaf ya kang…..siapa tau masih punya sodara di tasik atau singaparna…karna saya lahir dan besar di jakarta?….

    Waler
  60. Mochammad Daniel Hari Suharto

    SALAMUN
    SAMPURASUN
    KA KALUARGA BESAR DALEM SEWIDAK SUKAPURA
    SEMBAH SUNGKEM ABDI JEUNG KELUARGA BESAR KARANGWIWITAN
    KA KARUHUN PARA KANJENG EYANG ANU LINGGIH
    DI BUMI SUKAPURA SUKARAJA TASIK MALAYA
    QUSUSON K.E. WIRADADAHA, K.E. WIRAWANGSA, K.E. SACAPATI, K.E. ILYAS, K.E. ULUN, EMBAH JENGGOT, SEHUNA JURAGAN ANGON, IBU PUTRI LARANG, IBU PUTRI SITI MUNIGAR, PAMAN DIPANEGARA DST
    MINAL ADIN WAL FAIDZIN
    MOHON MAAF LAHIR JEUNG BATIN
    MEMMO 24 SEPTEMBER 2011

    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    SALAJEUNG NA, CARITA THE GREEN HILTON AGREEMENT JEUNG YUNNAN AGREEMENT AUGUST 1957, NSA NEO PENTAGRAM GSAC 9999 INDONESIA RAYA JEUNG MR. HANS PUTRA SANJAYA TASIKMALAYA, SWISSINDO INTERNATIONAL JEUNG MR. SUGIHARTO NEGORO CIREBON, INDONESIA TREASURY JEUNG KANG ARI TEA BANDUNG SARENG GUBERNUR JAWA BARAT DAN JAJARAN DPRD, KERATON 7 JEUNG MR ANTON BAHU HARTONO SUKABUMI JAKARTA, KH MR.CHAERUL FATHULLAH JEUNG THE GREEN HILTON, MR SUWARNO JEUNG ASET AMANAH, SATRIA PININGIT DEMAK JEUNG ASET AMANAH, MR SENOPATI KI JALAK JEUNG MR POERWOSOJOTO KH KERTAPATI JEUNG TIRTO WENING NYA, GROUP KERATON SOLO JEUNG KERATON JOGYA JEUNG SISTEM AMANAHNYA, KH JAWAHIR JEUNG LADY OF ROSES MRS SARINAH JEUNG PROF DR DRS SENO EDI DOEKANTO JEUNG ASET AMANAH NYA, ,KELUARGA BESAR SUKAPURA KARANG WIWITAN BANDUNG, GUDANG JAWA BARAT, GUDANG JAWA TENGAH JEUNG GUDANG JAWA TIMUR…. MUGI-MUGI RAHAYU

    Waler
  61. Mochammad Daniel Hari Suharto

    SALAMUN
    SAMPURASUN
    KA KALUARGA BESAR DALEM SEWIDAK SUKAPURA
    SEMBAH SUNGKEM ABDI JEUNG KELUARGA BESAR KARANGWIWITAN
    KA KARUHUN PARA KANJENG EYANG ANU LINGGIH
    DI BUMI SUKAPURA SUKARAJA TASIK MALAYA
    QUSUSON K.E. WIRADADAHA, K.E. WIRAWANGSA, K.E. SACAPATI, K.E. ILYAS, K.E. ULUN, EMBAH JENGGOT, SEHUNA JURAGAN ANGON, IBU PUTRI LARANG, IBU PUTRI SITI MUNIGAR, PAMAN DIPANEGARA DST
    SEMBAH AKTI ABDI KA PARA KANGJENG EYANG ANU LINGGIH DI SUKAPURA
    MOHON MAAF LAHIR JEUNG BATIN
    MEMMO 15 OKTOBER 2011

    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    SALAJEUNG NA, CARITA THE GREEN HILTON AGREEMENT JEUNG YUNNAN AGREEMENT AUGUST 1957, NSA NEO PENTAGRAM GSAC 9999 INDONESIA RAYA JEUNG MR. HANS PUTRA SANJAYA TASIKMALAYA, SWISSINDO INTERNATIONAL JEUNG MR. SUGIHARTO NEGORO CIREBON, INDONESIA TREASURY JEUNG KANG ARI TEA BANDUNG SARENG GUBERNUR JAWA BARAT DAN JAJARAN DPRD, KERATON 7 JEUNG MR ANTON BAHU HARTONO SUKABUMI JAKARTA, KH MR.CHAERUL FATHULLAH JEUNG THE GREEN HILTON, MR SUWARNO JEUNG ASET AMANAH, SATRIA PININGIT DEMAK JEUNG ASET AMANAH, MR SENOPATI KI JALAK JEUNG MR POERWOSOJOTO KH KERTAPATI JEUNG TIRTO WENING NYA, GROUP KERATON SOLO JEUNG KERATON JOGYA JEUNG SISTEM AMANAHNYA, KH JAWAHIR JEUNG LADY OF ROSES MRS SARINAH JEUNG PROF DR DRS SENO EDI DOEKANTO JEUNG ASET AMANAH NYA, ,KELUARGA BESAR SUKAPURA KARANG WIWITAN BANDUNG, GUDANG JAWA BARAT, GUDANG JAWA TENGAH JEUNG GUDANG JAWA TIMUR…. MUGI-MUGI RAHAYU

    SEMOGA KELUARGA BESAR MR. SOEKARNO DAN KELUARGA BESAR PDIP AYA ANU JADI MENTERI ATAWI WAKIL MENTERI DAN ATAU PEJABAT SETINGKAT MENTERI DALAM KIB II PRESIDEN SUSILO BAMBANG YUDHOYONO

    Waler
  62. Pingbék: Sejarah Tasikmalaya (bagian 3) | nextplanner

  63. kabayan

    SSALAMUALAIKUM WR WB.
    Wilujeng tepang wasta abdi pun Yayan I Atmaja linggih di Sukabumi ari pun aki ti Cimaja Kacamatan Cisolok Kab Sukabumi.Cenah Aki teh turunan ti Sukapura.Ari nu asli urang Sukapura nya eta pun buyut anu makomna aya di gunung Sunda Cimaja Palabanratu.Kang Agus tadina abdi bangga gaduh turunan ti Sukapjra,tapi ayeuna rada minder atanap leutik hate saentosna maca komen teh Siti kudu aya R Sinareng RD ,iiiy gegebegan nami Raden YAYAN kasab tukang patri atanapi tukang payang ningnangmya.
    Tah kitu kang AGUS, AYA TEU TURUNAN EYANG SURYAMANGGALA NU KAPUNGKURNA nganjrek di daerah Cimaja sakitu kang AGUS SONO ABDI ditanpi moal da abdi mah teu gaduh gelar RADEN ,HAPUNTEN rada gohal ma’lum abdi mah inpres hapunten sakali deui WASALAM

    Waler
    1. sukapura Post author

      Wa’alaikumsalam Wr Wb
      iiiih kantenan wae ditampi mah nuuun. Keun teukenging hemeng ku pedah teu nganggo R. atawa RD. keun wae eta mah etang-etang kanggo ngaramekeun, intina ulah dugi ka poekeun obor. Mangga dongkap kasimkuring mah moal teu diampihan…dulur sagetih moal bisa di kumbah, da eta papasten ti Gusti.

      sakitu heula
      salam baktos ti simkuring

      Waler
  64. KAMAJAYA

    SAMPURASUN
    Ngiring rereb kamarana ieu teh piribumina ku rarehe tok rok tok
    Punten kamarana Ki Sunda,Kang Agus damang entong sibuk teuing hawatos semah bisi parundung.
    Enggal longok ieu tos barala ,
    wasalam

    Waler
  65. KAMAJAYA

    Assamualaukum wr wb
    Hapunten abdi ieu rada colomeos tur kirang aturan bilih teu sapagodos sareng tata laku di ieu MAYA SUKAPURA hapunten tiluhur saujung rambut ti handap sausap dampal.Utamina ka kang Agus sareng ka sadaya INOHONG INOHONG Sukapura nu aya di tatar Pasundan khususna turdi jagat raya ieu.
    Kapungkur abdi ge gaduh kertas salambar ti pun Paman tah ieu rundayan urang ,Ngan hanjakal abdina teu acan terang naon ari SUKAPURA teh jadi kertasna duka kamana ,KU SABAB KITU abdi teu acan wantun ngangken trah SUKAPURA sanaos dina kuku jempol aya tanda cenah lamun aya tanda kitu eta teh turunan PANJALU WAALLOH HU ALAM MUNG SAKITU.kabujeng magrib WASALAM

    Waler
  66. E KARTIWADJAYA

    Assalamuu’alaikum.wr.wb
    Hapunten simkuring ngiring ngaréwong., Simkuring nyanggakeun silatu rahim ka baraya sadaya.. nepangkeun…, jenengan simkuring téh E. KARTIWADJAYA.. manawi bade tumaros leres sareng henteuna abdi gaduh silsilah, namung hoyong di lereskeun duei ka baraya sadaya. di antawisna :
    1.E KARTIWADYA BIN
    2.U SUKANDJAYA BIN
    3. H UNDUY SUKANDA DJAYADIREDJA BIN
    4. RD. OYO DJAYADIREDJA BIN
    5. RD.SINGADJAYA BIN
    6. RD PRINGGAWIDJAYA BIN
    7. RD INDRA WIDJAYA BIN
    8. RD BRAJADIGUNA BIN
    9. RD DJAYAMANGGALA ADIPATI WIRATANUBAYA BIN
    10. RD DJAYA ANGGADIREDJA BIN
    11. RD TUMENGGUNG SETJAPATI BIN
    12. RD. ANGGADIPA DALEM ABDUL BIN
    13. RD ANGGADIPA DALEM SAWIDAK BIN
    14. RD WIRAWANGSA WIRADADAHA DALEM SUKAPURA BIN
    15. RD DALEM ENTOL WIRAHA BIN
    16. RD SAREUPEU CIBUNIAGUNG BIN …..Cag heula..
    Sumangga bilih temah ieu lepat mangga hoyong aya anu ngalereskeun manawi.. haturnuhun..

    Waler
  67. guntur

    Assalamualaikum wr.wb
    Hapunten sim abdi kirang tata kirang basa,,, ngiring ngarewong,, manawi abdi bd tumaros duka leres duka heunteu ieu teh ,,, abdi gaduh silsilah :
    “Dalem Sawidak gaduh putra
    1. H. Baedowi gerhana ( istrina H. Jubaedah )
    2. Syekh Abdul Muhyi (pamijahan)
    “( H. Baedowi Gerhana gaduh puputra
    a. Embah Bukaen (istri Enden Baisem)
    b. Embah Mukiar
    “(Embah Bukaen gaduh puputra 8
    1. Kayyimah 2. Markilam 3. Amisah 4. Upit 5. Elom 6. Kaniroh (cimerah)
    7. Arpi (limbangan garut) 8. Bayyinah (bantar suling)
    haturnuhun namung bilih lepat mah hoyong di lereskeun we ku baraya sadaya….

    Waler
  68. Anwar sadat

    Asslamualaikum War.Wab
    Salam kang Asep, nepangkeun abdi anwar hoyong kapenak dupi gaduh No Kontak Abdi Ti Cicurug Sukabumi No HP 085721086610 bade komunikasi Perkawis Keluarga Sukapura wios SMS No HP Kang Asep Ka Abdi Kin Ku Abdi Diokontak Wsl.
    Walhulmuafiq Illa Aqwathariq
    Wslm
    Anwar Sadat

    Waler
  69. Mochammad Prabu Darmansyah

    Sampurasuuuun,,,abah heheheee
    Hampura sateuacanna,,,da ari kader mah nunutur bujur w heheheeee

    Waler
  70. Anna Meirlina Sulianti

    Ass, kang nepangkeun. Abdi bade tumaros, saur almarhum pun biang yen pun uyut , jenengan R. Altamad (1842-1944 ) terureuh ti Sukapura. istrina jenengan Juarsih. Uyut Altamad kantos nuju anomna janten upas di sukapura kolot teras diangkat kepala polisi (diangkeun bapak kopral) di lewo, kawedanaan malangbong. Kapungkur, bumina di sakitar pasar Lewo pengkereun SD Lewo 1. jaman rame DI TII, bumina dibeleum janten “Book”na teu aya. Uyut Juarsih dicandak ngalih ka Garut ku putrina Ratna Yuhanah. Saur pun biang, nuju alit sok dicandak ka Sukapura ku aki, H. Oedi nu kantos janten masinis ti jaman Walanda. Manawi kang, abdi palay uninga. da kaluhurna abdi teu kantos naros ka pun biang.

    Waler
    1. Moeflich

      Anna Meirlina Sulianti: Ibuna istri abdi (mertua) ka RM. Altamad teh uyut, duka ti istri nu mana. Janten urang teh aya katurunan ti Karajaan Sukapura atuh nya😊. Abdi linggih di Cibiru caket UIN. Istri ti Holis incuna Ajengan Syahbandar, tokoh SI di Holis Cibuntu. Resep jigana mun dipaluruh silsilah urang ka luhurna.

      Waler
  71. achmad Suryana Nuradinnata Praja

    irman melandi terah dalem sawidak kenging penghargaan seacologi di New York tahun 2011 kiwari tanggal 2 dugi 5 Juni 2012 saparakanca bade ngayakeun festival Jawa Kidul nu dipusa lamuntkaeun di desa Mandala makar kec Jatiwaras Kab Tasikmalaya dina raraga mieling dinten lingkungan hidup sadunia lamun saderek ngaraos terah Sukapura hayu urang karempel di desa Mandala Mekar margi karuhun urang sukapura baheulana sering kumpul di Kampung Cinunjang desa Mandala mekar ( Buka Blog Mandala Mekar) didinya katingali presentasi Jang Irman di payuneun tokoh dunia New York diantos turunsan Galunggung,,Sukakaerta, Sukapura dugi ka Tasikmalaya

    Waler
    1. achmad Suryana Nuradinnata Praja

      bilih aya nu ngaraos terah ti eyang wana praja (Banjar) eta teh leluhur pribados anu ayeuna turunana aya di lembur cinunjang desa mandalamekar kec jatiwaras kab tasikmalaya MANGGA DIANTOS DI lembur pribados tanggal 2 dugi 5 juni lembur pribados teh kapungkur na tempat karempelna terah sukapura,panjalu,mataram ka 3 ,pajajaran dugi ka terah sriwijaya

      Waler
  72. Mochammad Daniel Hari Suharto

    SALAMUN
    SAMPURASUN
    KA KALUARGA BESAR DALEM SEWIDAK SUKAPURA
    SEMBAH SUNGKEM ABDI JEUNG KELUARGA BESAR KARANGWIWITAN
    KA KARUHUN PARA KANJENG EYANG ANU LINGGIH
    DI BUMI SUKAPURA SUKARAJA TASIK MALAYA
    QUSUSON K.E. WIRADADAHA, K.E. WIRAWANGSA, K.E. SACAPATI, K.E. ILYAS, K.E. ULUN, EMBAH JENGGOT, SEHUNA JURAGAN ANGON, IBU PUTRI LARANG, IBU PUTRI SITI MUNIGAR, PAMAN DIPANEGARA DST
    SEMBAH AKTI ABDI KA PARA KANGJENG EYANG ANU LINGGIH DI SUKAPURA
    MOHON MAAF LAHIR JEUNG BATIN
    MEMMO 20 MEI 2012

    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA. IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    SALAJEUNG NA, CARITA THE GREEN HILTON AGREEMENT JEUNG YUNNAN AGREEMENT AUGUST 1957, NSA NEO PENTAGRAM GSAC 9999 INDONESIA RAYA JEUNG MR. HANS PUTRA SANJAYA TASIKMALAYA, SWISSINDO INTERNATIONAL JEUNG MR. SUGIHARTO NEGORO CIREBON, INDONESIA TREASURY JEUNG KANG ARI TEA BANDUNG SARENG GUBERNUR JAWA BARAT DAN JAJARAN DPRD, KERATON 7 JEUNG MR ANTON BAHU HARTONO SUKABUMI JAKARTA, KH MR.CHAERUL FATHULLAH JEUNG THE GREEN HILTON, MR SUWARNO JEUNG ASET AMANAH, SATRIA PININGIT DEMAK JEUNG ASET AMANAH, MR SENOPATI KI JALAK JEUNG MR POERWOSOJOTO KH KERTAPATI JEUNG TIRTO WENING NYA, GROUP KERATON SOLO JEUNG KERATON JOGYA JEUNG SISTEM AMANAHNYA, KH JAWAHIR JEUNG LADY OF ROSES MRS SARINAH JEUNG PROF DR DRS SENO EDI DOEKANTO JEUNG ASET AMANAH NYA, ,KELUARGA BESAR SUKAPURA KARANG WIWITAN BANDUNG, GUDANG JAWA BARAT, GUDANG JAWA TENGAH JEUNG GUDANG JAWA TIMUR…. MUGI-MUGI RAHAYU

    SEMOGA KELUARGA BESAR MR. SOEKARNO DAN KELUARGA BESAR PRESIDEN SUSILO BAMBANG YUDHOYONO SELALU DALAM PENGAYOMAN KARUHUN DALEM SEWIDAK SUKAPURA TASIKMALAYA

    MERDEKA

    Waler
  73. achmad Suryana Nuradinnata Praja

    tahun 1970 pribados masih sakola di smpn IV Tasikmalaya harita sim kuring kaleresan ngiring arisan sepuh keluarga Sukapura di manonjaya teu dinyana aya rerencangan sakelas namina Ani eh saurna urang teh masih dulur nya tahun 1980 nuju sakola di Bandung saur pun ua di jalan Patuha mun silaing ka kulon kudu jarah ka makam Cikundul lamun ka wetan kudu jarah ka makam Imogiri lamun ka kidul kudu jarah ka Pamijahan harita mah can kaemutan make naon kudu jarah sihoreng teh geuning dinaQ DIRI Kuring aaya darah aranjeuna tahun 1982 kuring ngimpen papendak sareng eyang prabu Siliwangi waH beuki hemeng weh ditaroskeun ka pun ua di jalan Windu Bandung saurna da memang silaing aya turunan anjeuna ngan inget eyang Siliwangi teu pernah nyembah berhala teu pernah nyemah tatangkalan anu garede tah ieu silisilah silaing Gusti mani kandel

    Waler
  74. dendy

    asalamualaikum hapunten anu kasuhun bade tumaros ; dupi kang achmad suryana teh saha nya gning uninga k kulawargi ti cikiangir salopa

    Waler
  75. Mochammad Daniel Hari Suharto

    SALAMUN
    SAMPURASUN
    WILUJENG ISRO’ MI’ROJ KANJENG NABI MUHAMMAD SAW
    27 REJEB 1433 H
    17 JUNI 2012

    KA KALUARGA BESAR DALEM SEWIDAK SUKAPURA
    SEMBAH SUNGKEM ABDI JEUNG KELUARGA BESAR KARANGWIWITAN
    KA KARUHUN PARA KANJENG EYANG ANU LINGGIH
    DI BUMI SUKAPURA SUKARAJA TASIK MALAYA
    QUSUSON K.E. WIRADADAHA, K.E. WIRAWANGSA, K.E. SACAPATI, K.E. ILYAS, K.E. ULUN, EMBAH JENGGOT, SEHUNA JURAGAN ANGON, IBU PUTRI LARANG, IBU PUTRI SITI MUNIGAR, PAMAN DIPANEGARA DST
    SEMBAH AKTI ABDI KA PARA KANGJENG EYANG ANU LINGGIH DI SUKAPURA

    MOHON MAAF LAHIR JEUNG BATIN
    MEMMO 16 JUNI 2012

    SALAMUN….SAMPURASUN….(absen heula) SEMBAH BAKTI ABDI JEUNG KLG BESAR KARANG WIWITAN KA KARUHUN SUKAPURA : KANGJENG EYANG WIRADADAHA JEUNG KANGJENG EYANG WIRANGSA. UGI EYANG-EYANG DINA TATARAN SUKAPURA.

    IBU DARI MR SOEKARNO, IBU SOEKESIH.

    SALAJEUNG NA,
    CARITA :

    1. THE GREEN HILTON AGREEMENT
    2. JEUNG YUNNAN AGREEMENT AUGUST 1957,
    3. NSA NEO PENTAGRAM GSAC 9999 INDONESIA RAYA JEUNG MR. HANS PUTRA SANJAYA TASIKMALAYA,
    4. SWISSINDO INTERNATIONAL JEUNG MR. SUGIHARTO NEGORO CIREBON,
    5. INDONESIA TREASURY JEUNG KANG ARI TEA BANDUNG SARENG GUBERNUR JAWA BARAT DAN JAJARAN DPRD,
    6. KERATON 7 JEUNG MR ANTON BAHU HARTONO SUKABUMI JAKARTA, 7. KH MR.CHAERUL FATHULLAH JEUNG THE GREEN HILTON,
    8. MR SUWARNO JEUNG ASET AMANAH,
    9. SATRIA PININGIT DEMAK JEUNG ASET AMANAH,
    10. MR SENOPATI KI JALAK JEUNG MR POERWOSOJOTO KH KERTAPATI JEUNG TIRTO WENING NYA,
    11. GROUP KERATON SOLO JEUNG KERATON JOGYA JEUNG SISTEM AMANAHNYA,
    12. KH JAWAHIR JEUNG LADY OF ROSES MRS SARINAH JEUNG PROF DR DRS SENO EDI DOEKANTO JEUNG ASET AMANAH NYA,
    13. KELUARGA BESAR SUKAPURA &
    14. KELUARGA BESAR KARANG WIWITAN BANDUNG,
    15. GUDANG JAWA BARAT,
    16. GUDANG JAWA TENGAH JEUNG
    17. GUDANG JAWA TIMUR…. MUGI-MUGI RAHAYU

    SEMOGA KELUARGA BESAR MR. SOEKARNO DAN KELUARGA BESAR PRESIDEN SUSILO BAMBANG YUDHOYONO SELALU DALAM PENGAYOMAN KARUHUN DALEM SEWIDAK SUKAPURA TASIKMALAYA

    MERDEKA

    Waler
  76. ari nasir ahmad

    Sim kuring katurunan karuhun ti kedunghalang sukaraja TSM. karuhun simkuring Raden Adiwinata. manawi aya nu uninga dupi Raden Adiwinata teh sesepuhna teh saha sareng turunan saha.. hatur nuhun mudah mudahan aya nu tiasa nerangkeun supados simkuring teu pareumeun obor

    Waler
  77. iwan priyatna

    asw.kang bade tumaros sim kuring teh gaduh aki namina Raden Wiradisastra, janten kuwu di sukapura,,kecamatan sukaraja, kab tasikmalaya,,,,,,,,,,,,,,,,,di makam ken pasi baganjing tiasa bade narosken sisilahna

    Waler
  78. Nizarul nahar

    Assalamualaikum saderek wargi sukapura

    hapunten sateuacan na kanggo para wargi , simkuring ngiring ngarewong ka forum,
    simkuring nguhunkeun bantosan ti wargi sukapura sadaya na perkawis asal usul, sejarah,inpormasi, atanapi naon wae wacana nu aya kakaitan na sareng dalem sawidak/raden anggadipa I / tumenggung wiradadaha III

    hatur nuhun sa teuacan na

    Waler
    1. sukapura Post author

      W’alaikumsalam wr wb, wilujeng sumping kang, hapunten ngawalerna rada telat.
      ari sajarahna mah di luhur parantos aya sapalihna, tiasa di download, perkawis anu sanesna, mudah-mudahan tiasa kapidangkeun.

      hatur nuhun

      Waler
  79. Ivi D Sunardi

    Assalamualaikum.Wr.Wb
    Wiluejeng tepang ka sadaya wargi trah Sukapura. Mugi dibantos ,pun aki ti pun biang teh jenengana R.Mama Wartapradja,simkuring kantos ngadangu yen cenah pun aki teh masih aya reh-rehan trah Sukapura.Manawi sadaya wargi aya nu uninga kana jugjugan atanapi kokocoran anu pengkerna Wartapradja, mugia tiasa diinfokeun ka pribados.Hatur nuhun .

    Waler
    1. sukapura Post author

      Wassalamu’alaikum Wr Wb,
      Wilujeng sumping kang Ivi di ieu blog, mugi kapayun tiasa di pilari dina buku Babon Sukapura, Isya Alloh kapayun urang langkung raketkeun deui kawargian sukapurana. hatur nuhun pisan parantos rurumpaheun…

      Waler
  80. AS.H.Hidayat Permana

    assalamualaikum nepangken abdi ti banjar.
    abdi sok emut kana cariosan pun bapa alm yen keluarga abdi ti bapa masih aya trah turunan ti sukapura. wasta abdi, As. H. Hidayat.Permana bin Mahmudin bin H. Mansur, Bin Natapraja, bin Nurawijaya, manawi aya anu terang kn silsilah anu aya hubungan nana + eyang Nurawijaya mugi kersa masihan terang ka almt e mail: vhydia_madya@yahoo.co.id Haturnuhun wasalam

    Waler
  81. AS.H.Hidayat Permana

    assalamualaiku
    hapunten anu kasuhun, ieu nambihan anu dipayun manawi kang agus terang kn jejer carios rehrehanana karuhun abdi eyang nurawijaya ?, margi waktos abdi aya dikalimantan timur aya jalmi anjena kawit ti karang nunggal nyebatke aya patilasan nana WIJAYA, saatos nguping tim anjena, abdi janten panasaran, hoyong nyukcuk jalur mapay laratan karuhun2 abdi, mugi kang Agus tiasa masihan warta ka disim abdi anu poeken, almt e mail abdi vhydia_madya@yahoo.co.id

    Waler
    1. sukapura Post author

      Wa’alaikumsalam Wr Wb
      Wilujeng sumping kang Hidayat…
      kaleresan ayeuna-ayeuna teh di Sukapura seueur anu nuju dilereskeun heula, Insya Alloh kapayun urang guar sasarengan.

      hapunten teu acan tiasa nyugemakeun
      hatur nuhun
      baktos
      pun Agus Wirabudiman

      Waler
      1. AS.H.Hidayat Permana

        Teu sawios wios kang, Tipayun haturan ka sadaya saderek saturunan ti kanjeng nabi adam + babu hawa,wal khusus manawi kaleresan aya saderek nuaya tereh ti eyang nurawijaya, tekakantun oge ka kang agus abdi keluaga As.H.Hidayat Permana Haturan wilujeng boboran siam 1433 H. minal Aidin Walpaidzin, nyuhunken dihapunten lahir + batin tina sadaya kalepatan,..
        kang saleresa kamari waktos boboran abdi + punraka seja
        deudeheus ka sukapura namung abdi kedah angkat deui ka kalimantan janten insaallah sanes waktos abdi hoyong ngabujengan ka sukapura.

        wasalam

        As.H.Hidayat Permana

  82. Tias Yana (@JPTias)

    Assalamu’alaikum wr wb.
    Abdi bungah pisan tiasa ninggali ieu blog. Saur pun aki,pun uyut abdi Marsadinata, ex lurah Nanjung, janten Asikin Marsadinata saatos Haji, turunan ti Dalem Tasikmalaya. Kuabdi dipalarian tos taun kataun teu kapendak infona.Abdi nembe uninga yen Tasikmalaya teh kapungkur namina Sukapura. Janten abdi tiasa malarian ka blog ieu. Tapi kusabab, pun aki teh teu apal pancakaki nu jelasna kumaha, abdi hoyong terang upami scan-an silsilah iraha tiasa diunduh supados abdi tiasa malarian kumaha-kumaha nasab abdi teh, sareng gaduh patalian dulur sareng saha wae.

    Hatur nuhun pisan ka aa Agus tos ngadamel ieu blog. Diantos scan-an silsilahna. Sareng dimana abdi tiasa nganjangan ka Yayasan Sukapura teh.

    Wassalamu’alaikum wr wb

    Waler
  83. Ricky Ricksani

    ASSALAMU ALAIKUM Wr. WB…
    Bismillah Anu jadi mimiti, Barokah ti Nu Maha Suci..
    Hapunten Ka Sadayana Para SEPUH…
    Nepangkeun diri Abdi upami ningali dina Rundayan mah keturunan ti RADEN MAS BAGUS (No.14).

    Berarti diri abdi keturunan ka 9.

    Tiasa Di TINGALI DI Face Book Sim Kuring…(Ricky Ricksani)

    R. Ricky Ricksani bin R. Umar Kusumah (Cimurah Garut), bin R. Adiwinata (Cimurah Garut), bin R. Moch.Syarif, bin R. H. Abdul Manaf, bin R. Wirayudha, bin R.Wiradisara, bin –R. Mas Bagus–, bin R. Wiradadaha 1 alias (R. Wirawangsa Bupati Sukapura Kolot/ Dalem Baganjing/ Dalem Sawidak).

    Wassalamu’alaikum wr wb
    Hatur Nuhun Ka Sadayana.

    R. Ricky Ricksani (082116844495)

    Waler
  84. achmad Suryana Nuradinnata Praja

    duh gusti paralun teuing sanes agul ku payung butut namung saha deui lamun lain urang mah nu ngado’keun karuhun urang komo lamun di kum keun cik atuh ulah pedit ku do’a hayu urang ngajaga kalakuan urang lamun urang sholeh leuh teda teuing anjeuna bagjana teu serab ku bintang di pundak teu ajrih ku pakaya nu lubak libuk tapi takwa jeung amal soleh nu ku aranjeuna dipiharep 25 nabi 25 karakter teu sami namun nu sami teh takwa na kacida ku nu maha ngayuga dipikaajrih mugia atuh terah eyang wira wangsa teh ulah dugi ka pareumeun obor sareng pareumuen iman

    Waler
  85. AS.H.Hidayat Permana

    Assalamu alaiku wr. wb

    langkung tipayun wilujeng boboran hari raya islam Idul Adha ka kum kasadayana saderek nuaya terah ti eyang nura wijaya tekalangkung ka dulur2 sadaya nu sa iman,wal khusus ka kang Agus punten nembe tiasa nyapa deui, kang kumaha damang ? + kumaha kinten2a tos aya laratan runtuyan nu aya hubungan + nura wijaya ?. haturnuhun

    Waler
  86. Ulung Wijayana

    nepangkeun abdi Ulung Wijayana asli ti Sukabumi linggih di Pamulang, Tangerang Selatan, saur sepuh mah aya teureuh turunan ti Eyang Sawidak, pun aki (Almarhum) R Suganda Wijaya (Widjaja ?) ti Jampang, mung poekeun obor…….hoyong diangken dulur….Manawi sadaya wargi aya nu uninga kana jugjugan/silsilah kaluhurna, mugia tiasa diinfokeun ka pribados.Hatur nuhun (ulung Wijayana – 0812 8282 009)

    Waler
  87. Om Kartiwadjaya

    SUNDA GALUH NGARUNDAY KA DJAWA, BALIK NGARUNDAY KA SUKAPURA

    “Nyukcruk Galur Karuhun Ti SUNDA- GALUH, mapay raratan nu ngalalana ka BRAWIJAYA (PAJAPAHIT) malik langkah ngumbara, anjleg ka DEMAK, PAJANG, akhirna “KEBO MULIH PAKANDANGAN”, ngarundaykeun baraya di SUKAPURA, nebar incu buyut KACIDAMARAN”

    INCU BUYUT
    KACIDAMARAN

    (Padepokan BRAJADIGUNA)
    -Bilih aya nu peryogi silsilah keturuna ti sukapura lengkap mangga di antos di padepokan Barajadiguna Cidamar kec. cidaun cianjur selatan haturnuhun,,…

    Waler
    1. sukapura Post author

      Hatur rebu nuhun laksa keti kabingahan Kang Kartiwa, mugia aya widi Gusti Nu Maha Suci, aya wancina anu mustari…kalintang bingahna simkuring tiasa Sillaturahmi ka Cidamar.

      Hatur nuhun pisan kang

      Waler
      1. destar lisarpan

        Assallamuallaikum wrb, wilujeung teupang, abdi destar kaleresan nuju milarian kajelasan nasab nasab abdi, mugia di forum ieu tiasa nyaangan abdi supados tiasa terang benderang ka nasab abdina

        Hatur nuhun
        Baktos abdi
        Destar lisarpan

  88. Sona Rahadian

    Ass… punteun ka para wargi sadayana? abdi nyuhungkeun pitulung. abdi di piwarang ka makam syeh abadawi di cidaun, kinteun2 dipalih mananya? mugi2 dulur sadayana aya nu uningga? saha kinteun2 na syeh abadawi teh. nuhun sateuacana.

    Waler
  89. Ridwan Suhud

    Assalamu alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh,

    Nepangkeun abdi Ridwan Suhud, ayeuna linggih di Jl. A.Yani, Gg. Irit No.21/211 A Bandung. Abdi lahir di Tasikmalaya, ageung di Cibatu, Garut. Alhamdulillah abdi kenging silsilah ti rayina Nini (Nyi Mas Ayoh Juharoh) nu linggih di Genteng Pacing, Cibatu, Garut rehna simkuring geuningan aya turunan ti Dalem Sawidak (Raden Anggadipa) ti pun Bapa namina Ahmad Sudjai. Nini Abdi namina Nyi Mas Toto Masithoh (Alm) putri cikal ti Uyut Muhammad Lebe Enda.
    Salengkepna silsilah simkuring :
    1. Dalem Sawidak (Rdn Anggadipa).
    2. Rdn. Suradimanggala
    3. Rdn Prangga
    4. Rdn Djajawinata
    5. R.H. Abdul Muttolib
    6. R.H.M.Siddik+Nyi Mas Dijut(Istri ka-1)
    7. R.H.Nyi Mas Fatimah(putri ka-2)+R.H. Abdul Majid
    8. Muhammad Lebe Enda (putra ka-10/bungsu)+Nyi Mas Ibah(Istri ka-1)
    9. Nyi Mas Toto Masithoh (putri ka-1 tina 8 bersaudara)+Emon Sulaeman
    10.H. Ahmad Sudjai(putra ka-1 tina 4 bersaudara)+Tuti Sunarti
    11. Ridwan Suhud (simkuring putra ka-1 tina 4 bersaudara).

    Abdi ngiring bingah aya forum ieu, mugi-mugi ngaraketkeun duduluran diantawis urang. Upami peryogi kontak silaturahmi tiasa ngirim email ka abdi ridwansuhud@gmail.com atanapi telepon bumi 022-7236003.

    Waler
    1. Firman Gunawan

      Wilujeung tepang Kang Ridwan Suhud, nepangkeun abdi ti rundayan nu sami, mung ti R H M Siddik -> R H Mustofa -> R H A. Hudori -> R Moch Toha Muchdari -> R Firman Gunawan (abdi putra ka 7)
      Tlp 082118012653

      Waler
    2. Firman Gunawan

      Kang Ridwan..
      Pun Bao…abdi… R H M Siddik.
      Uyut… R H Mustofa …( raka na R H Nyi Mas Fatimah).
      Aki…. R H Ahmad Hudori.
      Bapa…. R Moch Toha Muchdari.
      abdi putra nmr 7. R. Firman Gunawan

      Waler
  90. Anton Bahu Hartono X

    ASSALAMU’ALAIKUMWAROHMATULLOHIWABAROKATUH

    “SEKALI BERLAYAR TETAP BERLAYAR JANGAN TAKUT TENGGELAM YAKIN ADANYA ROSUL ALLOH MAHA AGUNG”

    TETAP SEMANGAT IBADAH.

    WASSALAMU’ALAIKUMWAROHMATULLOHIWABAROKATUH
    “TUNGGUL AMETUNG SAPINANJUNGAN”
    “R.7” (KARATON 7)..

    Waler
  91. chandra sukmara

    nepangkeun simkuring oge aya turunan sukapura….ti Rd H Abdul Jabar nu makamna caket Ajengan Aon di Mangunreja tasikmalaya iraha bade aya silaturahmi supados teu pareumeun obor yeuh…

    Waler
  92. HMA Wihermana Rustaman

    Asssalamu’alaikum.
    Subhanallah. Ngiring bingah ku ayana forum Sukapura mudah-mudahan janten wasilah. dina manjangkeun silaturahim.
    Nepangkeun simkuring kang…manawi tiasa ngabantos dina nyukcruk galur karuhun Rd. Indrapaja rairaka sareng Rd. Prajamanggala. Jenatna pun nini Hj. Siti Aisyah kantos cumarios ka sim kuring saurna :…hidep teh Cu, rundayan ti Rd. Indra Praja ari raina Rd. Prajamanggala. Palinggihan pun uyut kapungkur di Legok Ringgit – Sukamantri – Ciawi.
    Manawi uninga sareng aya patula-patalina sareng runtuyan Sukapura, dimana anjena dipendemna. Hatur nuhun kang Agus. Wassalam

    Waler
  93. Irman Hariman

    Assalamau’alaikum, kang Agus neupangkeun sim kuring Irman Hariman ti Bandung, abdi wangsul jiarah ka karuhun Sukapura dinten jum’at kamari ka Baganjing & Tanjung Malaya margi sim kuring kalebet rundayan para Dalem sadaya! pami kang Agus linggih dimana?

    Waler
  94. rendi

    sim kuring acil…..kawit ti tasikmalaya……upami karuhun simkuring mah aslina ti leuwi budah sukaraja…….pami aya nu meryogikeun silasilah atanapi rundayan sukapura ti ngawitan raden wirawangsa di sim kuring aya.

    Waler
  95. Demish Azieazzura Zura

    Nepangken simkuring ti wewengkon Cianjur, saur sepuh mah kulawarga abdi aya teureuh ti Dalem Sawidak, kulantaran seupuh atah anjang janten pareumeun obor. manawi aya nu gaduh silsilah garis Katurunan Dalem Sawidak abdi nyuhunkeun..

    haturnuhun

    Waler
  96. yudistira Kreisna

    SAMPURASUN…mangga di antos kasumpingan nana di Makom Bupati Sukapura kangge Silaturahmi sesama para wargi… tawasulan sasarengan

    Waler
  97. H.A. Lukman Hakim

    assalamualaikum. punten nyuhunkeun bantosanana, bilih aya nu uninga ka silsilah eyang haji sadeli atanapi garwana nyambung ka dalem sawidak. .. ajengan kikisik anu waktos galunggung bitu anjena teu ngungsi… tohaga mayunan lahar dugi ka nyingray…. upami

    Waler
  98. Buche Makmur Anggadisatra

    assalamualaikum
    abdi ti turunan Alm R. Soekmita Anggadisastra Bin R.Kartapringga Bin R. Yuda Pringga Bin R Astadikara Bin R Karadireja Bin R Naya Puspa ( Puspa Wadana )
    WIRA DADAHA III ke 49 …( R . Naya Puspa ( Puspa Wadana) )
    salam baktos ka sadayana kaluargi..

    abdi linngih di Jakarta jalan otista …

    Waler
  99. farhan

    hapunten pami, tiasa makom bupati sukapura ti plihmana ? Pami eyang sadiwak aya patali sareng dalem cikundul? margi saur sepuh abdi aya hubungan sareng dalem cikundul, abdi linggih di Pacet Cianjur

    Waler
  100. yudi

    ass wr wb….punten abdi parantos ngaos serat (komen) ti nusanes….gening saturunan….abdi gaduh rundayannana silsilah karahun abdi siantawisna prabu haris montor….numana pun aki nu kawit ti sukabumi ngalih ka ciwidey….manawi aya wargi anu poeken obor anu kantos nguping yen aya turunana nu ngalih ka ciwidey

    Waler
  101. yudi

    nepangken wasta pun yudi….kaleresan abdi aya turunan ti eyang prabu haris montor.nu mana pun aki anu terah sukapura ngalih ka ciwidey bandung selatan….bilih aya wargi anu uninga kantos nguping aya dulur di cwd anu saturunan…..

    Waler
  102. Kelana (@AriawiraDadaha)

    Ass. Wr. Wb.
    Sampurasun saderek-saderek Sukapura, nepangkeun pribados pun Tantan Haryono padumukan di Bandung. Pribados asli kawit ti Singaparna Tasikmalaya pun bapak keturunan Jember Jawa Timur, pun biang asli ti Kp. Malaganti Desa Sukaharja Kec. Sariwangi Singaparna. Saur pun biang, uyut na (pribados pernahna bao) wastana eyang Rd. H. Hasyim bojona Ibu Ikuk turunan Sukapura ti eyang Dalem Sawidak. Pribados nuju nyukcruk galur mapay tapak wargi-wargi rundayan ti Sukapura. Kaleresan pisan pribados mendakan situs Sukapura di internet ieu. Manawi aya kadang wargi anu uninga atanapi masih rundayan ti eyang Rd. H. Hasyim ti Dalem Sawidak.
    Hatur nuhun,

    Waler
  103. Kelana (@AriawiraDadaha)

    Punten, dupi ayi Agus Wirabudiman teh linggih di palih mana Tasik na? Pribados sering ka Tasik margi seueur wargi/keluarga di Tasik kota & Singaparna. Sanes waktos manawi hoyong silaturahmi. sareng alamat Yayasan Sukapura dimana?
    Hatur nuhun

    Waler
  104. deni hernawan

    aslmkm… sampurasun baraya sunda sadayana?? intinamah silaturahmi.. palih dituna ti anak cucu adam,, atuh palih dieu na ti “sukapura” .

    PERTAROSAN :

    kang Agus dupi RD.Doyot sami turunan sukapura???.
    wasalam Deni ti Pamipiran (KawaLu).

    Waler
  105. Deni Hernawan

    SILSILAH KETURUNAN DARI SILIWANGI

    MAHARAJAADIMULYA Puputra
    1.Prabu Ciung Wanara
    2.Sri Ratu Purbasari
    3.Prabu Lingga Hiang

    PrabuLingga Hiang BERPUTRA:2

    1. Prabu Lingga Wesi
    2. Cakrawati

    1. Cakrawati PUPUTRA:
    1. Kakasih Raja
    2. Kian Santang

    1. Prabu Lingga Wesi PUPUTRA:

    1.Susuk Tunggal Puputra
    2.Banyak Larang Puputra
    3.Banyak Wangi Puputra
    4.Prabu LinggawastuPrabu Mundingkawati (Siliwangi I)Puputra
    5.PrabuAnggalarang (Siliwangi II) Puputra

    Angga Larang BERPUTRA:3
    1. Prabu Siliwangi
    2. R. Rangga Pupukan
    3. Prabu Jaya Pupukan

    ISTRI-ISTRI PRABU SILIWANGI:
    1. Nyai. Ambet Kasih (Putri ki Gedeng Kasih)
    2. Nyai. Subang Larang (Putri ki Gedeng Tapa)
    1. Prabu LinggawastuPrabu Mundingkawati (Siliwangi I)
    2. Prabu Anggalarang (Siliwangi II)
    3. Parubu Pucuk Umum (Siliwangi III)
    4. Prabu Anggalarang (Siliwangi IV)
    5. Prabu Seda (Siliwangi V)
    6. Prabu Guru Bantangan
    7. Prabu Lingga
    8. Pakuan Panandean Ukur
    9. Dipati Ukur Ageung
    10. Dipati UkurAnom
    11. Dipati UkurDelem Suriadinata
    12. DalemNayadireja (Sontak Dulang)
    13. Raden HajiAbdul Manaf
    14. Raden Saedi
    15. Raden Jeneng
    16. RadenJamblang
    17. RadenBrajayuda Sepuh (Jagasatru I)
    18. Raden HajiAbdul Jabar (Jagasatru II)
    19. RadenBrajayuda Anom (Jagasatru III)
    20. Raden HajiMangkurat Natapradja (H. Abdulmanap)
    21. Sedangkan silsilahZainal Arif, nyambung kepada Syekh Haji Abdul Muhyi di Pamijahan, Tasikmalaya.
    Syekh Abdul Muhyi. Di dalam silsilah keturunan Bupati Sukapura, RadenYudanegara I ini disebutkan sebagai anak kedua Raden Tumenggung AnggadipaWiradadaha III dan cucu Raden Adipati Wirawangsa Wiradadaha I, Bupati Sukapurayang memerintah pada paruh pertama abad XVII.
    Abdul Muhyi,Syeikh Haji (Mataram, Lombok, 1071 H/1650 M-Pamijahan, Bantarkalong,Tasikmalaya, Jawa Barat 1151 H/1730 M). Ulama tarekat Syattariahdidalam naskah Kitab Istiqlal Thariqah QadariyahNaqsabandiyah juga disebutkan bahwa ada tiga guru tarekat yang diwarisi tasawufPamijahan yaitu: Abdul Qadir Jaelani, Abdul Jabbar dan Abdul Rauf Singkel.Apabila Abdul Qadir Jaelani disebut sebagai ‘wali awal’, maka Abdul Muhyidianggap sebagai ‘wali penutup’. Kedudukan ini memang dibuktikan oleh kenyataanbahwa setelah wafatnya, keturunan Abdul Muhyi tidak lagi menggunakan gelarSyekh. Istilah ‘wali penutup’ memang menjadi pertanyaan, sebab dalam sejarahIslam wali akan tetap ada setiap zaman, tetapi hanya para ‘wali’ yangmengetahui keberadaan seorang ‘wali’.
    Sebagaiketurunan raja, tidak banyak disebutkan dalam Kitab Istiqlal Thariqah QadariyahNaqsabandiyah perihal garis silsilah bapak, tetapi dijelaskan di dalam naskahlain yang disebut Sejarah Sukapura, yaitu dari Ratu Galuh. Ayah Syekh Abdul Muhyi yang bernama Lebe Warta Kusumah, yang adalah keturunan ke-6 dariRatu Galuh. Perkawinan Lebe Warta dengan Sembah Ajeng Tangan Ziah melahirkandua orang anak: pertama adalah Syekh Abdul Muhyi dan kedua adalah Nyai Kodrat(menjadi isteri Syekh Khotib Muwahid). Dari Syekh Khotib Muwahid ini SyekhAbdul Muhyi mempunyai hubungan kekerabatan tidak langsung dengan Sultan Pajang,Pangeran Adiwijaya (Jaka Tingkir), karena yang terakhir ini merupakan leluhurSembah Khotib Muwahid.
    SilsilahBupati Sukapura menurut naskah Leiden Cod. Or. 7445 secara Genealogi dimulaidari empat orang isteri Syekh Abdul Muhyi, itupun terutama dari isteri yangpertama (Sembah Ayu Bakta) sebagai leluhur para bupati Sukapura dari pihak ibu,adalah putri dari Sembah Dalem Sacaparana.
    Selain itu,R. Ajeng Halimah atau disebut juga Ayu Salamah, putri ketiga dari RadenTumenggung Anggadipa Wiradadaha III, penguasa Sukapura (Tasikmalaya) waktu itu,dan juga adik bungsu dari Raden Yudanagara I, adalah juga salah seorang istriSyekh Abdul Muhyi.
    “MAKOM PAMIJAHAN TASIKMALAYA” :
    SYEKH ABDUL MUHYI PAMIJAHAN
    22. Syekh Abdul Muhyi
    23. Sembah DalemBojong
    24. Sembah EyangSamadien
    25. Sembah EyangAsmadien
    26. Sembah Eyang ZainalArif
    27. EmbahTa’limudin KH. Marjuki (Mama Prabu Cigondewah)
    Sumber : http://keluargabesarchigondewah.webs.com

    Waler
  106. Deni Hernawan

    aslmkm… sampurasun baraya sunda sadayana?? intinamah silaturahmi.. palih dituna ti anak cucu adam,, atuh palih dieu na ti “sukapura” .

    PERTAROSAN :

    Teh Siti dupi RD.Doyot sami turunan sukapura???.
    wasalam Deni ti Pamipiran (KawaLu).

    Waler
  107. irvan

    Punten Para Pini Sepuh di Rohangan ieu,
    Simkuring mendak tulisan ieu…
    Manawi aya nu terang hartos/maksadna..
    Punten nyungkeun dipedar/guar nu sajelas2na…

    Hatur nuhunn sateu acanna…Rahayu

    SUKAPURA NGADAUN NGORA
    Babasan karuhun patitis,
    nyurug nutus teu aya kendatna,
    lir mahluk nu ngandung eroh,
    boga harti ngandung maksud,
    karehaneun anu pandeuri,
    carék paribasa Jawa, wong tua téh kudu,
    cacakar gawé wiwitan,
    saenggeusna, wong enom dermang lakoni,
    estu teu aya méncogna.

    Koe panggawé boh basa nu rumpil,
    anu pinuh ku harti nu mulya,
    urang mah ngan kantun bengong,
    dimana enggeus kamaphum,
    ngan gogodeg jeung seuri leutik,
    nyeungseurikeun katunaan, teter nya panemu,
    saperti ieu babasan,
    Sukapura ngadaun ngora kawarti,
    cobi, dina ninggangna?

    Nu dimaksad ku nu mangun tulis,
    madak nembrak pada aruninga,
    urang Pasundan komo, seueur tuladeun nu luhung,
    larapkeuneun jaman kiwari,
    ngan pédah béda petana,
    tapi mungguh maksud, teu aya bentenna pisan,
    nu dipalar sabilulungan ngahidji,
    mulya bangsa jeung nagara.

    Waler
    1. sukapura Post author

      Rahayu…rahayuu..Lan Walagri…kang Irvan
      Wilujeng sumping kasadayana… Hatur nuhun kang irvan, memenag dilampahan mah kedah panjang lalakon…kanggo milampah kana kecap bahasa SUKAPURA NGADAUN NGORA, intina mah nya anu anyar datangna, anak incuna..dst…

      Perkawis eta bahasan Karuhun Patitis..Sukapura Ngadaun Ngora, dina anu kahartos sementawis ku simkuring danget ayeuna mah nya eta … sakumaha anu aya dina TABAYYUN-II (Ageman Sunda Numutkeun Ageman Muhammad) kalih dina RINGKASAN TABAYYUN-III (Supa Galuh Ratu Sunda).

      Salajengna nembe rengse kamari nyusun deui dokumentasi lalampahan sim kuring di SUKAPURA dugi ka GALUNGGUNG anu diringkes dina RINGKASAN TABAYYUN-III.a (Ringkasan Perjalanan SUKAPURA-GALUNGGUNG) Tinjauan Historis-Magis/Ruhani-Yuridis.

      Pamugi kang Irvan ku seratan sim kuring eta tiasa kawaler maksad SUKAPURA NGADAUN NGORA
      Babasan karuhun patitis,
      nyurug nutus teu aya kendatna,
      lir mahluk nu ngandung eroh,
      boga harti ngandung maksud,
      karehaneun anu pandeuri,
      carék paribasa Jawa, wong tua téh kudu,
      cacakar gawé wiwitan,
      saenggeusna, wong enom dermang lakoni,
      estu teu aya méncogna.

      …sareng saterasna sakumaha diluhur…

      Hatur nuhun
      Hapunten bilih telat ngawalerna, numawi danget ayeuna mah seueur waktos dina alam nyata, alam maya (internet) kaluli-luli… heheh :).
      tabe pun
      Agus Wirabudiman
      Rampees… _/|\_ Mugi Rahayu Sagung Dumadi…

      Waler
  108. beni

    abdi sun sami aya kokocoran getih ti aranjeuna, janten urang teh seleresna sawargi nya… na profil lengkap abdi aya na web pribadi, bilih aya wargi anu pakait sareng jisim abdi mangga tiasa di tingali insya Allah lengkap dugi ka Nabi Adam.

    Waler
  109. sarifudin

    punten, bade tumaros
    abi ti palihan padakembang, anu tempatna di handapen galunggung
    dupi aya data na teu kange DALEM SUMILI anu makom na di padakembang.

    Waler
    1. sukapura Post author

      kang Sarifudin kalereresan abdi teu acan kabuka /teu acan gaduh data /sejarah Eyang Ibu Dewi Sumili teh, namung ari ziarah ngadeuheus mah kantos kapungkur…Mugi kapayun mah urang sami-sami papay wae laratannana…hehe, hatur nuhun parantos rurumpaheun kang.. nuhun-nuhun

      baktos…

      Waler
  110. ari nasir ahmad

    assalamualaikum….
    Sateuacana abdi neda dihapunten ka karuhun sukapuran, raden raden sadayana. manawi aya nu tiasa muka caang jalan satapak kanggo napak tilas karuhun sim kuring. Simkuring katurunan UYUT BINTANG ti kedung halang, sukapura tasikmalaya. saurnamah anjeuna lurah jaman walanda. manawi aya nu uninga sareng kersa maparin caang kanggo nyukcruk galur katurunan.
    Teu pakait sareng dalem sawidak oge teu sawios2, manawi we ieumah abdi tiasa tepang sareng silaturahmi sareng turunan karuhun simkuring.
    Hatur nuhun sateuacana.
    Hapunten nu kasuhun upami abdi cologok ka sadayana….
    assalamualaikum wr wb…..

    email simkuring ale_ws.inovasi@yahoo.com

    Waler
  111. Jody Tassno

    Pami nu dimaksad Seureupeun teh naon?. Upamina aya Seureupeun Cihaurbeuti, atanapi Seureupeun Dawagung. Kaleresan sim kuring ti Dawagung. Wassalam.

    Waler
  112. Lelly Elia Kustiandi

    kang duh kacipta eta nampi sakitu seueurna nu ngintun email. tur rupi2 pisan ningan. hapunten kang nya abdi bade ngiring ngarerepot. manawa akang uninga Turunan Dalem sawidak anu palinngihan nana kapungkur di wewengkon parigi pangandaran. manawi be aya enyay2 an gambaran hatur nuhun. sateuacana.

    Waler
  113. Ryan

    Mikum.nepangkeun abi wasta andrian rinaldy,bade tumaros manawi kang agus uninga silsilahna eyang wirawangsa anu ti putra k 9 na anu namina wangsadikusumah.abi hoyong terang wirehna abi saurna masih katurunan ti eyang wangsadikusumah.pami kagungan punten tiasa dikintunkeun via email?hatur nuhun pisan sateuacana.

    Waler
  114. dede sukirman

    Assalamualaikum nepangkeun abdi namina dede sukirman , ti cimanggu sukabumi, saurnamah keluarga abdi masih aya katurunan raden wiradadaha 2 rd jayamanggala, uyut abdi ti pun ibu namina Mayut bin Maun, Bin Raden Isman Burung Gading Suramaya anu nikah sareng Nyi imut binti Raden Erfan Suryamanggala (Mbah Bongkok) hoyong terang silsilah kaluhurna , hatur nuhun

    Waler
  115. aan alamsyah

    assalamu’alaikum nepangkeun nami simkuring aan alamsyah saur pun nini, aki (sumadireja-lahir kl th 1887) katurunan sukapura ti garis raden suriadinata putera dalem sawidak duka leres henteunamah simkuring hoyong nyukcruk

    Waler
      1. Adi VH

        Asslmalkm…Kang ab npangkn wasta Adi ti Tasikmalaya bd tmaros saurnah abi ay kturunan ti Sukapura saurnah jangkar wareng abi wasta na Eyang Dalem Patingi,uyut eyang wirya mnwi ay bongbolongan mhun ay jnengan eyang dalem patingi,hpuntn ab kumwantun.htur nhun

  116. R Martin Yudapradja

    Assalamualaikum..Kang ngiring ngalangkung silsilah Raden Nyimas haji Siti Mariah nikah ka Raden Yudawinata. Putra Raden Yudapradja. Kitu ayana pami saur Mbah goggle..nu bade di taroskeun ka akank akank sadayana, abdi paremen obor ti Raden Yudapradja ka handapna.?
    Natur nuhun..

    Waler
  117. hermawan

    assalamu’alaikum punten bade tumaros.,aya nu apal eyang talam/mpuh t.,anjeuna saurna tinggal d daerah malaganti,sariwangi/leuwi sari.,ari makamna nepi ayeuna sok ay nu ngaziarahan..,punten upami bahasana kurang merenah,maklum lahir d singaparna,ageung d bogor 🙂

    Waler
  118. Agus Nugraha

    Assalamu’alaikum, tepangkeun Nami abdi Agus ti Malaganti ds Sukaharja Sariwangi Tasikmalaya. Saur na mh sim abdi masih keneh rerehan ti Sukapura tapi abdi teu terang ti turunan Saha na mah. Abdi kantos ningal pun biang gaduh Kartu anggota rerehan Sukapura.

    Waler
  119. As H Hidayat Permana

    Assalamualaikum wr wb
    sampurasun
    kasada sesepuh ieu rundayan ti sukapura
    manawi aya cacaang kanggo abdi ti banjar wasta abdi Hidayat bin mahmudin, bin h. mansyur, bin natapraja, bin nurawijaya… manawi aya nu terang kaluhurna nu sami ti eyang nurawijaya mugia kersa ngawartosan k simkuring ( hidayatpermana57@gmail.com atanapi k WA 082150524045 ) haturnuhun. mdh2n urang sadaya salamina aya dina lindungan gusti nu mahasuci alloh swt. aamiin

    Waler
  120. Heru

    Meuni resep Baraya dulur abdi sadaya.tepangkeun abdi mah ti Tasik Mung ayeuna dpangalengan.seja silaturahmi resep ngobrol..abi duka Saha silsilah teh tapi sok seer NU dongkap Kana impenan wae.089607024369 no wa abdi.

    Waler

Waler aan alamsyah Bolaykeun waleran