Silih Asah

BendoSilih Asah, Elmu teu di budak teu di kolot, teu di awewe teu di lalaki, Salah jeung bener teu di budak teu di kolot, ku kituna dina kolom ieu hayu urang silih asah pangarti supaya seukeut mikirna, seukeut pamilihna, sekeut pikeun neuktek laku teu cageur, neukteuk ucap nu sulaya, neukteuk rupi-rupi patekadan anu kakotoran ku hawaning napsu awon. Rahuyu-rahayu…

44 thoughts on “Silih Asah

  1. wirabudiman

    Nyukcruk Galur Parakan Karuhun, Takdir Teu bisa dipungkir, Gumelar Lahir liwat Indung Bapak, Nini Aki, Buyut, Jangawareng dst

    Waler
  2. sukapura Post author

    Nick name : Liezmaya (Nami asli taroskeun we nyalira!)
    Umur : 18-an, anak pertama dari 4 bersaudara “ceuk sundanaha cikal, nya licik nya nakal ….hehe emang bener ketang”. tetala: : Bandung, Agustus (kali aja ada yang mo kasih liez kado???), taun 1945
    zodiak : Leo
    Hobby : makan minum “tetep”, nonton, nulis, browsing, dengerin musik, ngalamun, nyari temen”boleh”, melamun, baca-baca “kalo ada yang seru!”, dengerin musik, nyanyi-nyanyi gak karuan” ampe yang dengerin kepalanya mo pecah hehe”, ngerjain orang” sometimes…orang juga butuh refreshing ya gak?”.

    Saha dupi kakasih Lezmaya teh saha?, margi pan Liezmaya mah Nickname….?

    nuhun

    Waler
  3. darigugi

    Assalamualaikummmmmmm

    Tok tok tok araya teu ieu teh

    wios abdi ka leubeut

    wios we nyak

    bade naon ka leubeut

    ah hoyong we bade ningalian wungkul

    tos kitu mah bade uwih we ieu teh da tos sonten

    hatur nuhun atuhhh

    mangga……

    Assalamualaikummmmmmm

    ————————-

    “ceuk batur nu maca teh, jiga namah jelema teh rada lieur meureunan nyaaa'”

    ————————-

    di jawab ku abdi:
    wios lah, da muhun

    abdi mung ningalian wungkul, artikel sarae mung paranjang nye ep keun waktos macana, kumaha mun di cicil nulisna

    heu heu heu heu

    Waler
  4. iwan

    sampurasun wilujeng tepang pangersa,kumaha damang? mugia aya dina kawilujenagan. muhun pribados ngaraos bingah kuayana urang sadaya diajar ngaji diri. mangga urang sadaya saling ngoreksi diri urang nyalira, ulah hayuh ngoreksi kasalahan anu aya dibatur. sanes kitu pangersa agus? muhun abdi ngadukung pisan.

    Waler
  5. Abah Hadi

    Assalamu’alaikum. Sampurasun. Mugi aya dina Ginanjar Kawilujengan. Ngawaler paneda salira, dupi nu dimaksad Layang jilid ka VI teh nyaeta Kitab Kama’rifatan Berhubung jeung Tarekat Haq Maliyah sanes?da nu abdi ge sami mung lima jilid ditambih ku kitab kama’rifatan eta janten jejeg genep jilid. Hatur nuhun.

    Waler
  6. sukapura Post author

    Wa’alaikum salam, Rampes kang Hadi, hatur nuhun parantos rurumpaheun di tatar sukapura (DuniaMaya Sukapura) heheh…kacida bingahna simkuring.

    Leres kang…Layang jilid ka VI teh nyaeta Kitab Kama’rifatan Berhubung jeung Tarekat Haq Maliyah

    Waler
  7. Rin

    Assalamualaikum , nepangkeun. Abdi terang alamat ieu ti situsna mang maya. Kaleresan, sami gaduh layang muslimin-muslimat, tapi kumargi pamasihan, janten seueur nu teu ngartos na. Manawi di dieu oge dipedar. Hatur nuhun

    Waler
  8. sukapura Post author

    Wa’alaikumsalama, dupi Rin teh ti palih mana nya???
    Isya Alloh kapayun urang guar perkawis Buku Layang Muslimin Muslimat, saena sareng kang Abah Hadi geura….

    Waler
  9. iwan

    sampurasun …
    mugia pangersa salamina aya dina kawilujengan. amin. simkuring punten nembe norojol deui dina dunia maya sukapura, maklum pangersa, simkuring nuju rada sibuk kamari mah, alhamdulilah ayena mah nuju nyalse. muhun abdi tiasa nyerat kitu teh kumargi pun suhu ku anjeun, anu masihan wejangan anu sakitu saena. abdi mah mung mulungan wungkul! (he..he..he…)
    sanes kitu pun suhu? tos ah sakitu heula. mangga…..

    Waler
  10. Wirabudiman

    Rampes…samulihna mugi kang Iwan aya dina Ginanjar Kawilujengan.
    Kumaha, oleh-oleh ti Jakarta kang Iwan? heheh 🙂
    Kang Iwan kaleresan ayeuna mah seueur rencang kanggo ngaguar Buku Layang Muslimin Muslimat tea, ngabahasna dina Misilist, mangga tingal we dina FORUM LAYANG MM

    Waler
  11. iwan

    muhun atuh sae pisan, simkuring oge ngiring bingah. muhun pangersa upami teu sibuk diantos di sakola minggon iyeu. hatur nuhun sateacanna.
    oleh-oleh ti jakarta mah aya kantun kadieu wae sumping ? diantos !

    Waler
  12. iwan

    mangga diantos dinten ayeuna rebo, 16 juni di sakola. hatur nuhun sateacana. tong hilap oleh-oleh ti lemburna. ehm..he..he..he

    Waler
  13. suhanda

    Sampurasun nun, nepangkeun sim kuring ( Suhanda ) nu kiwari aya di alas peuntas (kalimantan timur). Kacida sim kuring ngaraos bingahna, geuning masih aya (seueur) nu ngagaduhan layang muslimin muslimat. Dina taun 1983 an sim kuring sok remen maos layang muslimin muslimat jilid I-III + kitab jalan kama’rifatan, hanjakalna teu kantos aya nu ngabimbing leres2. Dina taun 1995-an Alhamdulillah kantos ditepangkeun sareng kasepuhan mama Ardipraja di Cidurian Cicaheum Bandung. Saurna anjeunna teh kantos guguru ka mama Asep Martawijaya. Hajakalna ampir kana 20 taunan dugika kiwari sim kurung teh aya di lembur deungeun…..

    Waler
  14. iwan hernawan

    Asswrwb,
    Salam sono ka sadayana kulawargi sukapura, ieu sim kuring neda pitulung mamanawian nambih duduluran sareng manjangkeun silaturohim

    Waler
  15. Didi Tarsidi

    Assalamu’alaikum

    Punten ach ngiring ngareuah-reuah, nepangkeun nami abdi Didi Tarsidi, kawitna ti Sukajaya Ciwaru Kuningan, ayeuna abdi linggih di Bekasi

    Panginten aya alumni SMA Luragung tahun 1989 ??????, diantos ach kabarna

    Waler
  16. aldi

    Pangapunteun ka sadayana, dzisim abdi ti bandung bade ngiring rempug dina ieu riungan manawi sareng manawi, sasiereun sabenyereun kekengengan, margi ieu teh di peryogikeun pisan kanggo abdi khususna umumna balarea dina nyawang alam sampada carita.

    panuhun

    Waler
  17. aldi

    Pangapunteun ka sadayana, dzisim abdi ti bandung bade ngiring rempug dina ieu riungan manawi sareng manawi, sasiereun sabenyereun kekengengan, margi ieu teh di peryogikeun pisan kanggo abdi khususna umumna balarea dina nyawang ieu alam sampada carita.

    panuhun

    Waler
  18. MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO

    SAMPURASUN

    Punten Abdi bade ngiring dina makna history of MAJOR OF TASIKMALAYA 1ST, 2ND , nepangkeun nami abdi MOCHAMMAD DANIEL HARI SUHARTO, kawitna ti CIMAHI-CIHANJUANG-BANDUNG, ayeuna abdi linggih di MALANG

    Panginten aya alumni STAN tahun 1988, diantos ach kabarna

    Waler
  19. irwan gunawan

    nepangkeun hoyong gunem catur sareng dulur! ari brolmah di tasik empang sari. ngumbara ka bdg. cek ramamah sim kuring aya trah sukapura ti dalem andul. info ti ketua yayasan sukapura pun ua R. iyos. anu janten kagetmah naha tiasa ngabahas layang MM. pami telepatmah MM di kaluarken ku haq-maliyah ku mama kahfi. punten neda pang dadar.

    Waler
  20. Sandi Kamal

    Sampurasun ‘nepangkeun kuring dulur ruyuk baraya alam nu aya di wewengkon Cinunjang Mandalamekar’ manawi aya hibar tiasa pendak di Mandalamekar. Punten bilih kuring kumawantun tangtos ki Sunda surti.

    Waler
  21. Uu Achmad

    Sampurasun nuuun…sim kuring wasta pun Uu ti Tangerang, ari gumelar ka alam rame mah ti tatar Galuh. seja jabung tumalapung ngiring ngaguar LMM wirehna sim kuring ngagaduhan bukuna paparin ti Bapa Oboy Pojok Cimahi. nanging kumargi teu aya rencang ngaguarna, asa mobok manggih gorowong, upami gelas mah sim kuring teh gelas kosong hoyong dieusian. Panuhun salira kersa ngaguar eta LMM malar eces jentre. Wassalam Uu

    Waler
  22. achmad Suryana Nuradinnata Praja

    hiji waktos sim kuringngobrol sareng tatanggi di Cireundeu anjeuna linggih di Cianjurngan rakana di Cireundeu namina Endi saurna na ngan terahSukapura nya padahalhenteu panca kaki heula kuring heran lah kang apal cenah cirina lamun keur serius sok ditambahan ku guyon naha leres

    Waler
    1. sukapura Post author

      Kang Ahmad…hatur nuhun
      Sapamendak simkuring heunteu salawasna janten ciciren kitu!.., da sanes terah Sukapura oge contona terah Sumedang, terah Cirebon sok kitu “Keur serius ditambahan guyon”, eta mah ciri kaSundaan. Upami terah sukapura tur bari kentel kasundaan nana …nya sok kitu.

      Mung ku Elmu rasa oge tos tiasa ka udag, naha terah sukapura/sanes. Nalika urang taliten kana rasa diri, ngokolakeun hirup dina diri, Nyungsi Diri Nyuai Badan Angelo Paesan Tunggal…, tinangtos “Lita’arafuu…” pikeun nganyahokeun dulur anu saterah atawa lain tiasa kapendak…kitu panginten…pun ampun sanes bade ngalalangkung…

      nuhun…nuhun
      sakitu heula

      Waler
      1. achmad Suryana Nuradinnata Praja

        YI AKANG TEH URANG GUNUNG INDUNG/BAPA TEH PITUIN TI LEMBUR CINUNJANG DESA MANDALA MEKAR KEC JATIWARAS ANU DI LUHUR DITAMBIHAN KU TAHER (TARANG HERANG) DIANTOS KU AKANG PING 2 DUGI 5 JUNI 2012 MARGI DESA MANDALA MEKAR KALERESAN JANTEN PRIBUMI DINA FESTIVAL JAWA SELATAN/JADUL (JAWA KIDUL) DINA RARAGA HARI LINGKUNGAN HIDUP SEDUNIA

      2. sukapura Post author

        Aduuuh, bingah…hatur nuhun kang parantos ngesian di ieu blog.

        Numawi simkuring kantos ka Jatiwaras, ka Kaputihan, Ziarah sareng pun Lanceuk (H.R. Herdiana/putra pun Ua RD. Iyos) ka eyang Entol Wiraha…
        Mudah-mudahan simkuring tiasa ngaluuhan kana eta acar, hatur nuhun kana bewarana.

  23. Fanny Sofyanda Tanuwidjaja

    Sampurasun
    Ngahaturkeun salam pangwanoh ka sadaya kadang wargi
    Hatur nuhun parantos kersa ngangken ka simkuring
    Mugi tiasa manjangkeun babarayaan

    Waler
  24. Dicky Hendrayana

    Sampurasun…, salam kenal
    nepangkeun, dicky hendrayana nuju nyukcruk silsilah, saurna mah aya terah ti sukapura ti pihak pun bapa, tapi poekeun obor
    ayeuna nuju ngumbara di dataran Riau

    Waler
  25. abah ichsan

    assallamuallaikum wrwb”
    pamiarsa sadaya kedah terang ari tarekat teh naon jeng Haqmaliah teh naon kedah ngartos nembe nyarios, ulah janten ngawur. layang muslimah teh inti na naon kedah terang sajarahna sareng dugi kamana ayena, sareng urang aya dibelah mana ieu cobi urang buka sekedik, tarekat mun secara etimologis asalna tina Althorik hartina jalan, Haq hartina bener jeung maliah harta/kakayaan jadi teu langkung panginten harta nu hak kanggo jalan nu bener. naon ari jalan nu bener teh nyaeta jalan mencapai Allah atanapi jalan keur urang pulang (mulih kajati mulang kaasal) ti mana asal urang jeng saha urang ayena kamana urang balik alkuran nyebatkan mankana pi hadihi a’ma pahuwa pilakhiroti a’ma waadholu sabilla sing saha jalma buta diduia bakal buta diakhirat eta nudisebut sesat aliat teu nyaho balik singkatna tarekat hakmaliah satos KH Muhammad Kahfi Pupus ditersakan ku Mama toto alias mama Syamsudin filakhirin, hakmaliah teu nurunkeun kamursidan tapi sanes teu aya mursid pastina oge musid aya wae da hartosna mursid teh berasal dari kata irsyad nuhartosna pandai. tos we dugi kadie hela ke urang sambung dei

    abah Ichsan

    Waler
  26. endang

    Assalamu’alaikum.Wr.Wb. sampurasun kang, kalintang bingahna nguping sukapura ngadaun ngora, ditambih aya paguneman buku LMM, salam pangwanoh ti urang salawi kec. Cigalontang, ayena nuju ngumbara di Bandung caket Bandara Husen. sok sanaos tos 26 tahun di bandung, tetep sono kacigalontang, Pamugi silaturahmi ieu, janten wargi nu tiasa janten wargi nu silih asih, silih asah, jeung silih asuh, dina bebeneran sinareng kasabaran. amiiiin

    Waler
  27. Raka firdaus

    Sampurasun, abdi wasta pun raka,kawit ti garut ayeuna makalangan di sumatra, kantos maos lmm,tp mung maos wungkul teu aya pigurueun kanggo tajali,manawi aya keresa trutami ti kang agus kanggo miwuruk nun, pin bb 2B889E8D nope 08126422033,panuhun kasadayana trutami kang agus wirabudiman,panuhun rahayu….rahayu

    Waler

Waler darigugi Bolaykeun waleran