Nitenan Urang Sunda

Engkus Ruswana K
Nitenan Urang Sunda

Sampurasun, wilujeng tepang kang Ilen, dupi kang Ilen teh anu di Jalan Curie tea sanes, nuhun ah. Tah ieu mah sakantenan wae bade mairan kang ki dulur kabeh. Punten sim kuring mah biasa sok ngawitan ku sampurasun teu ngagunakeun basa batur, margi langkung ngaraos tumaninah upami ngangge nu nyalira teh, sareng deui teu kirang leleb eta basa teh, ari saur batur mah urang silih salametkeun, ari ceuk luluhur sunda mah kedah dugi ka sampurna ning isun/ingsun, tah mangga kumaha nyampurnakeun isun teh, da cenah isun mah lain awewe,lain lalaki da ngakuna ge nu asal ti Gusti nu rek balik deui ka Gusti, atuh tangtuna ge asalna Suci, ulah kakotoran atuh salami di pangumbaraan teh, jadi kedah suci dina balik teh, da moal tiasa manunggal deui ari kakotoran mah.

Ka Mang Jamal, atuh ngahaturkeun nuhun ku panggeuingna, geuning tetela sareng eces pisan naon nu ku sim kuring diunikeun yen pangarti/kanyaho urang sunda teh mancawarna, janten leres pisan urang teh kedah silih asah, silih asih jeung silih asuh ti papada urang teh. Da ari sakaterang sim kuring mah ngalangkungan caritaan kolot kuring anu turun tumurun sok didongengkeun, malah aya oge nu dibukukeun dina legenda, mung kade eta seueur pisan diputer-balikeun, margi kasurti apan pikeun ngaleungitkeun kaluhungan budidayana luluhur urang.

Tah cenah memang sapertos nu diunikeun ku kang Ilen eta cacarakan teh hasil tina kamotekaran sareng jasana Daniswara putrana Dewata Cengkar raja Mendang Kamulyan jaman nu kasebut Galuh Purba(mendang=beas, kamulyan=kamulyaan ==> mulya/beunghar ku beas), pikeun ngelingan katurunan urang Sunda, ku jalaran kajadian Dewata Cengkar kaleungitan nagara akibat dijabel ku cara ditipu jeung reka perdaya Abu Sakya (nusejen nyebutna Ajisaka) ti Nagara Campa, anu harita waktu dihiap ku Dewata Cengkar pikeun ngabdi di nagara, manehna menta sarat dibere wilayah di alun-alun anu legana salebar iket sirah (anu model urang Sikh geuning, duka naon ngaranna hilap deui) kalayan menta disaksian ku sakabeh rahayat, anu tangtu ditedunan da sakumaha lebarna ge iket sirah, tapi sihoreng eta iket teh ditarik benangna anu antukna kabeh wilayah karaton kalingkung ku benang nu kudu dipasrahkeun ka si Abu Syaka. Naha atuh Dewata Cengkar teh bet bisa katipu nyana kitu mah atuh meureun luluhur urang teh bodo ? ke hueula dulur ieu aya hubungan jeung apes jayana hirup jelema di alam papasangan, jeung oeg luluhur urang mah geus saciduh metu saucap nyata, ngadek sacekna nilas saplasna, mun pondok teu meunang disambung, mun panjang teu meunang dipotong estu sanyatana teu aya didinding kelir, jeung cadu ngaletak deui naon bae nu geus diciduhkeun.

Keur bandingan ieu mah naha kira-kirana dulur ti baduy nyahoeun kitu kana elmu nipu, elmu ngarogahala, elmu maling jeung sajaba ti eta. Rupina asa pamohalan dalaku hirupna keur ngajalankeun kamanusaan. Tapi duka mangga ah nutiasa medar !
Keur pangeling-ngeling eta kajadian Dewata Cengkar ngaganti ngaran eta nagara jadi Medang Kamulyan (medang=motong) jeung nyieun sistim pananggalan nu dumasar kana itungan puteran bulan nu dimimitian kulambang/cengkalan candra sangkala “Kunir Awuk Datan Dalu” anu pihartieunnana kurang leuwih “kuring tiwas sagala beak kulantaran tipu muslihat busuk” (kun=isun=aku; nir=kosong=leungit=0; awuk=busuk=0; datan=tidak=0; dalu=ranum=0) anu dibaca ti tukang 00001, da kitu cara luluhur urang dina nyebut angka taun nyaeta make candra sangkala jeung cara macana ti tukang (tapi lain hartina nurutan Arab, da Arab mah can abus ka tatar Sunda).

Pikeun perbandingan mangga titenan dina Batutulis Bogor anu ditulis Candra Sangkala “Saka Panca Pandawa Tiban Bumi” nu hartina taun 1055 Saka(tah ieu ge parebutan pajar teh ti Hindu, padahal itungan taun Shaka ti Hindu make dumasar puteran panonpoe, sedengkeun ieu jelas disebutna ge candra sangkala nu hatina waktu nu dumasar ka bulan-jentre panginten). Hoyong langkung jelas mangga taroskeun ka Abah Alisastramidjaja inohong urang anu geus nalungtik pananggalan Sunda salila 9 taun teu eureun (anu tangtuna nalungtik oge itungan pananggalan bangsa sejen pikeun ngabedakeun mana nu urang jeung mana nu batur), malahan tos dibukukeun jeung tos meunang hak paten ti Departemen Kehakiman, pernah diseminarkeun waktu KIBS, anu ngeceskeun yen luluhur urang teh luhung geus bisa nyieun pananggalan (kalaider) malahan aya tilu rupa, nyaeta nu dumasar ka puteran bulan (Kalacandra), puteran panonpoe (Kalasurya), jeung itungan bentang (Kalasukra).

Tah ku Sultan Agung-Mataram dina 1 Sura taun 1555 Saka (8 Juli 1633 Masehi) nu kabeneran bareng jeung 1 Muharam 1043 Hijrah, eta sitim pananggalan dikawin-kawinkeun, sabab cenah Sultan Agung bingungeun pisan ku desehan ti Demak nu maksa haying ngabuskeun elmu Islam ka Karaton Mataram, sedengkeun Mataram keur nyanghareupan Walanda, nya tinimbang pasea jeung dulur leuwih hade babarengan nyanghareupan musuh ti luar (duka tah waktu dikawinkeun aya wali jeung saksina henteu ? .. hehe), tapi geuning akibatna urang sunda jadi jiga nu parebutan jeung taun Islam tug dugi kakiwari, tapi ari nitenan angka taun nu ayeuna geus nincak taun 1936 (Hijrah taun 1424, Shaka Hindu taun 1925), eces yen urang Sunda leuwih tiheula boga pananggalan ti batan urang Arab jeung India.

Tah unggal taun anyar 1 Sura taun Saka Sunda (lolobana sok disebut tahun Jawa, da urang Sunda mah loba nu teu ngaku) sok dipieling ku sabagian leutik urang Sunda nu masih keneh mikareueus ka budaya warisan ti luluhurna, dina lebah dieu mah urang Sunda teh eleh ku dulur ti wetan, boh make jeung ngajenan taunna pon kitu deui dina aksara jeung basana. Upama nitenan dina angka taun nu geus 1936 taun, ku akal mah meureun kahontal yen luluhur urang pasti ngabogaan aksara/tulisan jauh leuwih tiheula tinimbang pananggalan, sabab kumaha nyatetkeunnana kajadian alam mangtaun-taun nu dipake pikeun dadasar nyieun itungan taun, lamun can apal tulisan, tah kukituna meureun urang teh sapamedagan.

Balik deui ka soal aksara Sunda, memang ku kaluhungan elmuna luluhur ceuk panalungtikan kang Nandang Rusnandar (peneliti ti Jarahnitra Jawa Barat) anu nalungtik sarupaning aksara nu aya di tatar Sunda boh tina batu, boh tina daun lontar, boh tina daluang, jeung buku-buku hasil panalungtikan bangsa deungeun) yen di tatar Sunda teh loba pisan rupa aksara, kapendak leuwih ti 33 wanda aksara kaabus wanda aksara nu aya di Kawali, di Batutulis Bogor (beda jenisna jeung nu di Kawali padahal jamanna teu pajauh) oge kaabus cacarakan (HA-Na-Ca-Ra-Ka,…..).
Tah eta cacarakan teh hasil kamotekaran Daniswara waktu bisa ngarebut deui nagara dibantu ku Jugulmuda (putra patihna Mendang Kamulyaan) pieun pangeling-ngeling yen sanajan aya nu aya (HANA) Gusti Nu Maha Tunggal ari jalma (CARAKA=utusan) mah geuning beda-beda (DATA) jeung saterusna. Eta cacarakan teh terus dipake khususna ku dulur ti Wetan (da lain meunang Sultan Agung, estu ti luluhur urang Sunda keneh) nu basa jaman Mataram dikembangkeun deui. Jeung deui ari kayakinan sabagian urang Sunda jeung urang Jawa (oge Bali)ngarasa yen Sunda-Jawa-Bali teh saturunan, eta pedah beda basana nya ari ngaran basa mah berkembang saperti Sunda ayeuna jeung Sunda jaman Pajajaran geuning beda, tapi lamun nitenen basa kawina, Sunda, Jawa jeung Bali sarua. Naha saha atuh Sanjaya teh?, saha Raden Wijaya teh? saha ari Hayamwuruk teh, Saha Gajahmada teh(kunaon dulur ti wetan teu nyebut raden Sanjoyo, Wijoyo atawa Gojohmodo? jeung deui nyebut gajah ceuk Jawamah geuning Liman), Kunaon Majapait teu kasebutkeun nyerang jeung nalukkeun Pajajaran apan kakawasaannana tug tepi ka Madagaskar sagala, tah di dieu urang kudu surti. Memang kungsi aya pacogregan antara Pajajaran/Galuh jeung Majapait kualatan rekadayana Gajahmada nu memang niat ngagagalkeun kawinna Dyah Pitaloka jeung Hayamwuruk (sabab Gajahmada …..? mangga paluruh), tah eta kajadian teh dicatet pisan ku panjajah jeung dihembuskeun bari dibumbuan keur jaman penjajahan (apal apan pulitik memecah belah tea), sabab Walanda kacida hariwangna lamun Sunda jeung Jawa ngahiji sauyunan, nu minangka pendudukna paling loba jeung aya di patempatan nu subur pikabetaheun penjajah.

Ka kang Hendar nu nanyakeun soal naha cenah aya bukti-buktina nu afdol atawa mungkin sakadar carita/dongeng wungkul. Eta kawajiban urang sarerea pikeun nalungtik jeung deui eta penjajahan (penjajahan naon bae) geuning ngagunakeun pulitik bumi ngangus ulah nepi bukti-bukti sajarah kaluhungan budaya urang tembong, sabagian ceuk kayakinan kuring nu berharga mah dibawa ka tatar Walanda, jigana dipelajari terus weh dipengkolkeun saluyu jeung kapentingan penjajahan, pon kitu deui waktu Galuh diserang ku Cirebon dibantu Demak, jeung Pajajaran diserang ku Maulana Yusuf dibantu Cirebon jeung Demak, jigana mah sarua dibumihanguskeun da buktina euweuh pisan titinggal sejarah nu ngabuktikeun kaluhungan jaman Galuh jeung Pajajaran, pantes mun dina Pantun Sunda nu buhun saperti dina Kidung Pajajaran, Kidung Siliwangi anu nyebutkeun diantarana “Pajajaran ngan kari ngaran, Nagara geus leungit, Dayeuh ngajadi leuweung, Jati kasilih ku junti, jeung sajabana ti eta” (mangga geura tengetan).

Lamun tetep dianggap dongeng, atuh naon bedana jeung dongeng luluhur batur anu teu beda mangrupa dongeng oge ngan geus dituliskeun, da ari bukti-bukti sajarahna mah geuning teu leuwih ti urang. Ngan masalahna naha urang leuwih mikareueus ka dongeng luluhur sorangan atawa leuwih mikareueus jeung mikanyaah ka luluhur batur, kajeun luluhur sorangan disarebut bangsa Jahiliyah jeung teu apal ka-manusaan, komo ka gustina mah (mangga emutan sing lantip!).

Tah ku sakitu ge meureun kaharti lamun Penjajah teh (penjajah bangsa naon jeung timana bae) salawasna boga rekaperdaya pikeun muterbalikeun sajarah kaluhungan elmu jeung budaya luluhur urang, supaya bangsa urang leungit jati dirina (ilang purwadaksina), teu mikareueus ka luluhurna (komo budayana mah), jeung teu micinta ka lemah caina, sedengkeun lemah cai batur dipupusti ari nu sorangan kaluli-luli, ku kituna ge pantes lamun kakayaan lemah cai urang nu dipercayakeun ku Nu Maha Kawasa teh lir ibarat “boga bagja teu daulat” da bongan bangsa urang sorangan, ulah nyalahkeun bangsa deungeun. Padahal apan sakitu nyatana yen sari patina lemah cai urang unggal poe dipake jeung geus ngajadi waruga/diri urang, asa teu ngarti bet nyebut suci teh ka nu lain, nyana kitu mah atuh waruga urang teh henteu suci (naha meunang nyieun saha kitu ari waruga teh, jeung nu saha ?, pon kitu deui ari lemah cai urang lain “padamelan” gusti nu Maha Suci ?. Duh asa kataji geuning ari nempo Paus barang turun ti kapal udara di nagara mana bae, anjeunna mah sok nyium heula taneuh memeh ngagawekeun nu lain teh, ciciren yen manehna mah geus ngarti kana hubungan waruga/dirina jeung ibu pertiwi teh (mangga geura emutan!) Tah sakitu bae heula ah, cangkeul geuning nulis teh, jeung bisi loba teuing. Sanes sim kuring agul ku payung butut, tapi dalah kumaha geuning loba pisan nu teu kaharti ku kuring upama nitenan tingkah paripolah urang Sunda teh, atuh dina sajeroning galecokna hate jeung pabeulitna pikiran, nya dikedalkeun bae sugan-jeung sugan pinanggih jeung bongbolongan ti dulur-dulur pikeun ngupahan hate.

Ka kiadi Agus (Dadaha), mangga bade disimpen di email rayi oge, akang mah kataji ku eta dalil-dalil atanapi ayat nu dipedar nu dibaca ku elmu kisunda. Akang mah lebeng pisan dina perkara ieu mah, maklum teu diajar tea. Nya atuh urang silih simbeuhan bae.
Sumangga ah, Sampurasun
pun Engkus

3 thoughts on “Nitenan Urang Sunda

Tunda talatah