Asal Kecap AGAMA (1)

TIMANA ASALNA KECAP AGAMA?
Agus Wirabudiman, Tuesday, July 19, 2005 7:44 AM
Sampurasun
Kecap Agama anu parantos di pitutur ku Kang Engkus mah, yeh kecap AGAMA teh asli pituin urang sunda, da samemeh HINDU+BUDHA beja ti India anu asup ka Nusantara, Urang Sunda mah parantos gaduh AGEMAN HIRUP atanapi anu disebat AGAMA tea.A=Ayana Gusti, GAMA=Patokan Gusti mangga tingal dieu atanapi di pilari dina forum kisunda@yahoogroups.com seratan kang Engkus Ruswana K tiasa di Klik didieu : http://www.mail-archive.com/kisunda@yahoogroups.com/msg01155.html
[kisunda] Nedunan panghiap Kang Ganjar perkara Agama Sunda
http://www.mail-archive.com/kisunda@yahoogroups.com/msg01155.html
engkus ruswana, Wed, 23 Feb 2005 11:05:30 –0800
sakitu heula punteh yeuh bilih Urang Sunda pajarkeun teh, engke Urang Sunda teh memeh Islam asup nyekel Agama Hindu atawa Budha, balukarna tangtu urang moal mi’ajen ka Karuhun sorangan Urang Sunda ngiring mairan kang MJ hapunten ah
baktos
Agus Wirabudiman

Mang Jamal (MJ) Tuesday, July 19, 2005 11:01 AM

mangga kang. eta pendapat sanes tiasa diwadahan. kalebet kecap agama nu
diaku ti basa sunda pituin. ngangge kirata tea sigana. A= ayana gusti,
gama=patokan gusti. basa sunda mana eta teh, kumaha pangna bisa jadi kitu?
A sarua jeung ayana gusti?ari kecap “gusti” pituin basa sunda deui kitu?mun enya, cing ari I Gusti Ngurah Rai, sahana gusti urang sunda?SOAL AGAMA + KAPERCAYAAN geus jadi “hukum alam” yen di unggal tempat masyarakat hirup, eta masyarakatna baroga agama/kaperayaan asli masing- asing, salian baroga adat suradat pikeun cara maranehna hirup. Soal agama/kapercayaannana bisa animisme boh teuingisme. beh dieu agama dianggap sah mun aya sababaraha sarat, kaasup ayana buku/kitab suci tea.ku kituna, enya pisan di Tatar Sunda oge tangtu boga agama atawa ageman/kapercayaan. cara nu ayeuna diagem urang Kanekes/Baduy atawa Cigugur. tapi luyu jeung kamajuan hirup, masing-masing geus pacampur atawa mere pangaruh. urang Kanekes apal ka nabi Adam -nu ti pangaruh Islam, jst. punten, aya dua hal nu beda bari jeung teu nyambung, agama karuhun jeung sajarah datangna agama luar ka urang.
Mj

Asal Kecap AGAMA Engkus Ruswana K Wrote :
Sampurasun ka sadayapara wargi Kisunda. Mangga ku sim kuring bade diwalon patarosan-patarosanana.
Kecap agama asal tina kecap hagama, eta gejala robahna kecap geus lumrah keur urang Sunda/nusantara, saperti tina kecap karatuan (panyicingan ratu) jadi karaton, rahadian (kasifatan darah nu utama/punjul) jadi rahaden terus jadi raden, kecap kabupatian (panyicingan bupati)jadi kabupaten, Pasantrian jadi Pasantren, Guru Hiyang jadi Guriang, Ki Yayi jsdi kiyai, jsb.
Perkara nu ayeuna disebut basa kirata (basa nu asal tina sababaraha kecap kalayan hartina masing-masing jadi hiji kecap nu hartina teu robah), eta oge gaya basa nu teu bisa diapilainkeun, sabab eta gaya basa nu has aya di urang anu tug tepi ka kiwari masih dipake saperti Hansip, hankam, posyandu, pemda, jeung rea-rea deui.
Tah kecap agama (hagama) tina kecap hana-gama (hana = ana = ada = kang hana) nu hartina yang “Ada” nu biasa di kalangan spiritual jawa-sunda ngalambangkeun salah sahiji sifat Gusti Nu Maha Suci, sedengkeun gama = teatur = patokan. Keur babadingan eta harti basa jaman kaemasan Majapait, dikaluarkeun kitab nu kasohor Nagara Kartagama (nagara nu didumasaran ku aturan pikeun karaharjaan balarea).Eta harti kecap ku sim kuring dipaluruh tina kamus Bahasa Kawi (teu percanten nya mangga dipaluruh nyalira, ulah ngandelkeun cenah sareng beja, sabab nu ngaranna elmu teh lamun geus kasaksi-kaharti-karasa ku sorangan).

Basa Kawi teh ceuk sabagian kalangan boh ti urang sunda-Jawa-Bali nu maluruh mangrupakeun babonna basa Sunda-Jawa-Bali malahan cenah loba kamiripan jeng dulur urang diwewengkon sejen, malah tepi ka sabagean wilayah asia tenggara nu sumebarna jaman majapait. Ah basa kawi mah cenah bobogaan urang Jawa. Tah…tah.. di palebah dieu buahna tina jajahan teh, jadi loba “Sunda Patalukan” nu antukna kaleungitan jati dirina nu enya dilain-lain nu lain dienya-enya atawa jati kasilih ku junti tea. Memang sajarah nu jadi kanyaho urang hasil diajar tina sajarah nu dijieun ku urang walanda, atuh tangtu bae aya kapentingan walanda pikeun ngarobah pola pikir bangsa nu dijajahna (inget sajarah teu aya nu 100 % objektif), tah ku lantaran nu ngawasa elmu kasajarahan teh urang walanda kalayan ngajajahna ratusan taun, sagala bukti nu nunjukeun kaemasan/kalinuhungan budaya urang sunda dikerid ka nagri manehna, nu tujuanna lian ti pikeun panalungtikan, koleksi harta karun oge mungkin bae pikeun dipengkolkeun luyu jeung skenario penjajahan supaya bangsa urang leungit kabanggaan dirina, leungit kareueus kaluluhurna, jeung kacintaan ka lemah caina nu ahirna laluasa ngajajahna. Matak teu aneh lamun ahirna disebutkeun luluhur bangsa urang mah cenah animisme-dinamisme, mimiti nyaho ka Gusti teh kulantaran bangsa Hindu datang, nyaho jeung bisa dahar sangu teh ku urang hindu (da baheula mah cenah kadaharana jawawood/hanjeli),ngabogaan budaya saperti wayang asalna ti India, bangsa asli nu cicing di nusantara baheula bangsa satengah raksasa da urang nu ayeuna gumelar di nusantara mah luluhurna asal ti Yunan (jadi lain pituin, sarua bae pendatang teu beda jeung walanda, cina, Arab jsb., jadi teu aya hak istimewa ngaku bangsa pribumi), munggarana ngabogaan tata pamarentahan nu bener ti jaman Tarumanagara nu dirajaan ku minantu aki Tirem nu cenah asalna urang India, malahan lautan oge disebut lautan Hindia, padahal bentangan laut kidul wilayah nusantara leuwih lega tinimbang India, estuning sagalana dikaitkeun ka India. Tah eta ceuk pamikiran kuring reka perdaya walanda pikeun ngaleungitkeun identitas diri bangsa urang. Balukarna dina lingkungan nu leuwih leutik Urang Sunda ayeuna loba nu teu percaya luluhurna boga agama sorangan, teu percaya baheula geus ngabogaan budaya sorangan sarupaning tulisan (cacarakan), itungan mangsa/pananggalan (kala Sunda), budaya wayang jeung sajabana. Tah kulantaran teu diaraku ku urang Sunda nya ku dulur urang ti Jawa jadi ngaku milik sautuhna, nu balukarna taun Saka disebut taun Jawa, aksara Cacarakan disebut aksara Jawa, wayang jadi milik urang Jawa. Ari Urang Sunda boga naon ???. Kulantaran percaya Cacarakan lain boga urang nya neangan pangaboga nu lain nya kapanggih aksara KAGANGA nu ayeuna diaku jadi milik urang Sunda, padahal lamun diaji eta aksara kaganga mah digunakeunna teh mun teu salah jaman Prabu Wastukancana nu ceuk itungan waktu mangrupakeun jaman nu leuwih ngora (sanggues abad 10), sedengkeun cacarakan ayana teh dikaitkeun jeung ngamimitian itungan taun Saka (nu hartina abad ka-1). Padahal upama dikaitkeun jeung catetan sajarah baheula nu teu kahapus ku walanda, ngeunaan karajaan Galuh ditetelakeun yen awalna wilayah Galuh baheula nepi ka Sajawa jeung sabagean Bali. Surabaya ayeuna baheulana disebut Hujung Galuh, di wewengkon Kediri ayeuna baheulana kungsi ngadeg karajaan Panjalu nu mangrupakeun hasil ngababakan turunan Raja
Panjalu-Ciamis nu ahirna jadi karajaan Kadiri.Upama ngitung waktu dumasar catetan sajarah nu kacatet tug tepi ka kiwari, geuning sumebarna kabudayaan/karajaan teh di wewengkon kulon ka wetan (mimiti ti karajaan Salakanagara), oge hasil-hasil panalungtikan anyar fosil manusa pangkolotna aya di tatar sunda, Tulisan ayat Rohaedi tina Wangsakerta netelakeun yen Raja Majapait teh incuna Raja Darmasiksa. Jadi tetala yen Sunda-Jawa-Bali teh sakaturunan, jeung nu jadi kolotna ti wewengkon Sunda ayeuna. Nu dipercaya ayeuana ku sabagean urang Sunda jeung Jawa, yen cenah urang Sunda mah adi, ari urang Jawa lanceukna (tapi ari kolotna saha?. Sunda!!).Tah kukituna loba pisan ki dulur kanyaho jeung catetan sajarah urang Sunda nu kudu dilempengkeun deui, memang sulit sabab ngalawan arus kanyaho nu geus ngadarah daging di bangsa urang, samporetna bukti sajarah nu kapaluruh (sabagian aya di walanda nu tangtu loba oge nu geus dileungitkeun, tambah loba nu teu bisa macana). Tah eta tugas para inohong pikeun memener sajarah nu oge kudu dirojong ku sakumna urang sunda nu boga karancagean, boga pikir rangkepan kalayan nyaah ka luluhur jeung ka lemah caina sorangan.

Balik deui ka kecap agama, kuring yakin eta pituin kecap Sunda nu geus dijadikeun kecap basa Indonesia, sabab kuring pernah madungdengkeun ieu perkara jeung Said Agil Siradj (Ahli Fiqih-NU) nu nerangkeun yen memang Agama eta kecap basa Indoneia, da di Islam mah dikenal 3 istilah nyaeta Milah, Nilah, jeung Din nu diterjemahkeun kana basa Indonesia mah jadi kecap Agama, Oge basa sim kuring ka Colombo madungdengkeun masalah agama asli dan minoritas kungsi gunemcatur jeung tokoh agama Hindu, nu nyebutkeun yen istilah religion keur urang Hindia mah disebutna “Dharma”. Ti dinya kuring beuki yakin eta kecap agama pituin Sunda.

Tah nu matak hemeng atawa mungkin kabodoan urang nu ngajadikeun jati kasilih ku junti nu enya dilain-lain nu lain dienya-enya, saperti nu kaalaman ku sabagean bangsa Sunda (Batak, Dayak, Sunda, Jawa, Bali, Makasar) nu ngagem elmu/agama luluhurna teu meunang ngaku agama, sabab ari agama mah kudu jelas nabina, kitab sucina, sholat/sembahyangna, kiblatna. Tah hal ieu pisan nu jadi kaanehan sim kuring. Geus puguh eta kecap jeung harti teh pituin ti Sunda, anu tinangtu beda difinisi jeung prak-prakannana dina ngajalankeun lakuna, e..e..ehh, malah didifinisikeun atawa dipatok ku kriteria nu datang ti deungeun nu tinangtu sistim nilaina beda, mun dicontokeun kana kadaharan saperti tempe atawa peuyeum, tah upamana ku bangsa deungeun didifinisikeun jeung dibere sarat nu disebut tempe atawa peuyeum teh kudu kitu..kitu…kitu.., nu ahirna sanggeus ngadifinisikeun jeung mere kriteria jadi ngabogaan hak paten (nyata ayeuna tempe, sari kalapa, batik nu pituin hasil kamotekaran bangsa urang geuning nu ngabogaan hak patenna mah bangsa deungeun — naha urang rek pasrah bae//). Kitu oge dina sual agama, nu datang ti luar disebut agama ari nu pituin asal nusantara teu meunang ngaku agama, nya disarebut wae masarakat “Aliran Kabatinan” atawa “Aliran Karokhanian”. padahal kecap bathin jeung rokhani teh kecap basa arab, jadi sidik patukeur bajuna teh — Dasar memang dunya teh keur tibaralik.

Soal kecap Gusti eta ukur salah sahiji sesebutan, tina rebuan ngaran kumaha basa, adat jeung bangsana, bisa Tian, bisa Allah, bisa God, bisa naon bae. Eta sesebutan naon bae ngaranna, moal bisa ngarobah hakikina, nyaeta nu Maha Kawasa, Maha Tunggal, Maha Murba, Maha Terang, Maha Ucap jeung rebuan kecap Maha lainna nu ngalambangkeun kakawasaan Gusti atawa Pangeran (mang Jamal tiasa ngudag deui meureun, Ari Pangeran Dipenogoro gustina urang mana ??), harti nu sarua lamun aya ngaran Robbi Johan, eta gustina urang mana ??, Eta Muhammad Ali nabina saha??. Jadi teu perlu urang meakeun tanaga jeung pikiran pikeun madungdengkeun nu teu aya hartina, jeung elmu kasundaan mah dina ucap tekad jeung lampah teh teu meunang didumasaran ku rasa ngarendahkeun nu lian komo deui ngarendahkeun adat-budaya-luluhur jeung lemah caina sorangan, nu dipake kudu elmu pare. Tah kuring tiasa nangkep “ruh” na eta pananya ngeunaan I Gusti Ngurah Rai, jeung deui lamun eta kecap Gusti sareng nitip hiji deui ti sim kuring kecap Pangeran (sabab bisi ditanyakeun Pangeran Dipenogoro atawa Pangeran Abimanyu) eta lain kecap Sunda, pamendak MJ eta kecap ti mana, mangga sim kuring ngantos waleranna??. Soal pangaruh ti hiji agama ka agama liana tinangtu bae aya, ngan urang ge kudu surti dina ngahartikeunana, sabab can tangtu boga harti nu sarua, Saperti Adam ceuk harti urang Kanekes teu sarua jeung harti Islam. Oge lamun urang maca buku babad tanah Jawi, urang oge bakal manggihan pacampurna pituin jeung deungeun, didinya urang bakal manggihan asal-usul manusa Jawa di mimitian ti Nabi Adam- terus ka Nabi Sis, terus nurunkeun Sanghiyang Wenang – terus ka Sangyiang Tunggal, tah tepi kalebah dieu bae geus pabeulit mun urang teu surti.

Tah sakitu bae heula walonan sim kuring, hampura bisi asa kecap nu teu luyu jeung kahayang ki dulur sadayana. Ka ki adi atawa kiyayi Agus Wirabudiman hampura akang can kaburu nedunan pamundut salira soal kawin adat Sunda, oge ka ki dulur ki Sastranagara kuring boga hutang nu can kabayar, mudah-mudahan bae lalampahan ngajorag ka tanah Jawa teh hasilna nyugemakeun. Hampura sakali deui, sim kuringna masih can kaburu loba teuing ajag-ijigna pagawean, walonan ieu oge ngahaja nyolong-nyolong waktu tina pagawean meungpeung di kantor jeung bawirasa kuring perlu buru-buru diwalon,Cag ka sadayanan,
Rampes
Pun Engkus.

Agus Wirabudiman, Friday, July 22, 2005 11:43 AM
Rampes Kang Engkus, Hatur nuhun parantos nyaangan kanu poekeun, nungtun kanu rempo, nyait anu ti kelebek, asa katumu umur simkuring teh bakating bingah kana panalungtikan Akang. Upami simkuring ngiring nyarios : Saur katerangan Ulama Imam Al-Ghazali, lamun sholat hayang khusu jeung ditarima ku Allah SWT, diantarana : kudu apal jeung nyaho kana anu dibacana. Kulantaran urang gumelar di Nusantara jadi Urang Sunda, tangtu tina kecap ku Bahasa Arab teh (dina Sholat) Batin mah kedah SUNDA, upama Urang Bali Islam (Sholat) batinnana mah KEDAH Bali, jeng saterusna, lamun teu nyumponan kitu Sholatna kawas anu mabok teu apal kana naon anu di Ucapkeunnana komo kana tujuannana Sholat jeung tujuan babacaannana mah, tangtu moal ditarima Sholatna. “Sing saha Jalma nu Ingkar kana Takdir Tinu Maha Tunggal-tangtos Moal Apal Ka Anu Maha Tunggalna, kumargi nyulayaan kana papagon Anu Maha Kersa anu parantos Ngersakeun urang gubrag lahir ka Alam Dunya”. da Lahir ka Dunya teh sanes kenging kahoyong sareng sanes karesep diri sorangan, ESTU Tetep Tunggalna Kawasa sareng Pangawasa Anu Maha Tunggal Anu Mangeranan Sakabeh ALAM nembe urang sadar tur nyaksi jeung karasa kecapna “ALHAMDULILLAHI ROBBIL’ALAMIIN”,………………. punten, ieu mah harewos Kuring keur Kuring bae…………………. Pun Lancek nalungtik Ajaran ISLAM SYI’AH ISNA’ASYARIAH (Imam Du Belas), dina panalungtikan eta kecap Bahasa Arab Anu ayeuna di anggo oge sareng huruf-hurufna kengin ngaramu tina suku Bangsa Arab anu sejen anu aya di wilayah Arab.
Jaman Jahiliah pagawean suku anu aya di zajirah Arab teh Perang Jeung Perang geus ngadarah daging, tug dugika jam MUAWIYAH vs IMAM Ali a.s, atuh teu katingaleun jaman kiwari oge kareeusna Kalobaan Orang Arab teh can robah, Perang Jeung Maehan. Matak diperlukeun pisan pikeun neruskeun Kapamimpinan ti Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w ku ka Khalifahan para Imam jeng saterusna……
nilik tina katerangan Pun Lancek eta, simkuring beuki reueus bae jadi Urang Sunda teh, euh…geuning henteu leuwih hade Urang Arab teh tinimbang Urang Sunda anu geus ngajarkeun Katuhanan jeung Kamanusaan jeung sajabana

2 thoughts on “Asal Kecap AGAMA (1)

  1. Asep Ramdan

    Sampurasun Kang Engkus sareung Kasadayana,anu diteurangkeun ku akang eta jentre pisan sareung matak sumaleser kana hate.saatos simkuring ngaos tikawit dugi ka ahir,memang seueur anu nyebat Gusti ka nu ngadameul urang.eta kumargi kabiasaan kolot urang baheula,anu diturutan ku urang,teuras dina perkawis agama,menurut simkuring a-ageuman,gama-diri.
    Nyaeta setiap diri (manusa) kudu boga agama supaya aya anu ngajalurkeun jeung nu ngelingan.mana anu hade mana nu goreng.kukituna Agama teh penting pisan pikeun urang.Urang salaku manusa anu boga agama kudu bangga jeung kudu bisa disimpeun dina hate,supaya setiap deutik,menit jeung jam bakal ngelingan kadiri urang.mung sakitu ti simkuring punteun bilih aya kaleupatan dina bahasa,hatur nuhun tos dimuatna,wassalam asep ramdan
    Phnom Phen,Kambodia

    Waler

Waler Mang Udi Bolaykeun waleran