Asal Kecap AGAMA (2)

Mang Jamal (MJ) Friday, July 22, 2005 12:30 PM
ari perkawis yakin kitu mah mangga. si kuring mendak dina buku how great
religion began, karangan joseph gear, yen ajaran Mahavira teh dingaranan
“agama”.
kang engkus teh saha?
mj

—Kang Maman wrote:
Kumaha numutkeun orang kanekes perkawis Adam ?

Hatur nuhun sateuacana.
mz

Engkus Ruswana K
Thursday, July 28, 2005 2:20 AM
Sampurasun ki dulur sadaya, utamina Kang Maman.
Kang Maman hatur nuhun kana patarosanana, mangga nyanggakeun sakaterang sim kuring, dina harti sual Adam ceuk urang Kanekes, namun pikeun ngalengkepan pamahaman eta, ku sim kuring dipedar heula pangateurna, sareng sakedik tambihan naon nu tos kaaji ku sim kuring nu aya hubungan sareng Kanekes.
Kajembaran luluhur urang nu ngagem elmu kamanusaan dina narima perbedaan jeung toleransi kayakinan agama, kacida luhungna jeung picontoeun pikeun kahirupan jaman ayeuna, sangkan dina engon-engoning hrup kumbuh urang teu aya pacogregan teu aya papaseaan. Luluhur urang baheula geus sadar yen urusan kayakinan agama mangrupakeun hak asasi (“sok sanajan harita can aya slogan atawa istilah hak asasi manusa, tapi dina kasunyataanna mah estuning dijadikeun atikan hirup sapopoe’), jeung sadar pisan yen Gusti Nu Maha Suci teh nyiptakeun mahlukna warna-warni (bhineka namung tetap saGusti).


Kajembaran jeung toleransi ieu kaungkap dina carita legenda waktu Karajaan Medang Kamulyan nu dirajaan ku Dewata Cengkar (putra Prabu Sindula) kadatangan urang asing nu ngaran Abu Syaka nu asal ti daerah Syaka wilayah Hindu/India. Abu Syaka datang ka tatar Sunda ngadon nyebarkeun jeung ngembangkeun elmu/agama nu dibawa ti tanah kalahiranna. Eta Abu Syaka ditarima kalayan someah jeung diampihan nyirorok di imah Nyi Randa Patih Sengkeran, malah ku Raja Galuh Dewata Cengkar sumebarna elmu/ agama ti Hindu eta teu dihalangan malah manehna ditawaran jabatan pikeun ngabantu raja di karajaan Medang Kamulyan, namung naon atuh wawalesna, geuning nu asih dupulang sengit, nyatana ku make cara ngagunakeun tipu daya ahirna Abu Syaka bisa ngajadi raja di tatar Galuh, kalayan nyingkirkeun Dewata Cengkar ti Karajaan Medang Kamulyan. Tah kajadian ieu ceuk carita dimimitianna itungan warsa SAKA, nu pikeun pangeling-eling sewu putu katurunan Sunda dikaluarkeun candra sangkala “Kunnir awuk datan dalu” (nu hartina : kun = ingsun = 1; nir = leungit/paeh atawa kosong = 0; awuk = ditipu = 0; datan = sagala beak = 0; dalu = kakawasaan geus liwat = 0), nu hartina taun 00001. Aturan nyebut warsa/taun dina budaya luluhur urang tara make angka, tapi make gambaran candra sangkala nu diluyukeun jeung gambaran kajadian nu eukeur atawa bakal kajadian dina taun nu disanghareupan jeung macana ti tukang (mangga titenan taun nu aya dina prasasti Batutulis Bogor).

Kajembaran luluhur Sunda oge dibuktikeun, waktu rahayat Pajajaran sabagean pindah pileumpangan jadi loba nu nganut agama anyar (Islam), harita Raja Pajajaran teu ngahalangan komo nepi ka ngarogahala mah pijauheun (pami teu lepat kantos ditulis dina koran ku kang Ayat Rohaedi-hapunten hilap deui tanggal sareng koranna). Kitu oge waktu mimiti sumebarna agama Islam di wewengkon Majapahit, Raja Brawijaya teu ngahalangan rahayatna parindah agama, malahan mere luang ka Raden Patah sangkan ngababakan di wewengkon Bintara pikeun ngembangkeun elmuna, jeung dilantik jadi bupati kalayan dipasrahan 10.000 pasukan. Dayeuh Bintara beuki lila beuki gede nu ahirna jadi Kasultanan Demak (baca “Babad Tanah Jawi”, Buku I citakan taun 2004, hasil kamotekaran gawe rancage R.Ng.Yasadipura nu dialihbasakeun ku hiji tim, nyaeta : Amir Rochkyatmo, Sri Soekasi Adiwimarta, Sri Timur Soeratman, Parwatri Wahjono).

Tah didieu urang bisa ngabandingkeun kalinuhungan elmu nu dicekel ku para luluhur urang, da teu aya kacaturkeun Majapahit nyerang Demak, Galuh nyerang
Cirebon, atawa Pajajaran nyerang Banten teu aya, tapi kumaha ari sabalikna, punten eta catetan nu natrat dina sajarah tug tepi ka kiwari, oge dina pantun-pantun baheula nu aya di tatar Sunda. Tah ku alatan eta pangaruh agama atawa serepan kecap/basa tina kapercayaan nu datang kana agama atawa kecap pituin sunda tagtu bae aya, ngan luluhur urang oge teu bodo alias pinter, dina nyokot eta kecap serepsn sok dilarapkeun jeung harti nu tetep dipikukuh.

Tah kang Maman, ayeuna urang mapay hartina Adam ceuk urang Kanekes. Dina bag-bagan asal muasal manusa ceuk kapercayaan urang Kanekes, dumasar tina hasil panalungtikan Saleh Danasasmita jeung Anis Djatisunda, nya dikenal risalah Tujuh Batara nyaeta diturunkeuna 7 batara di Sasaka Ageung atawa Sasaka Pusaka Buana (tempat paling suci di Buana Panca Tengah) ku Sanghiyang Keresa (Nu Ngersakeun atawa Batara Tunggal), nu pangkolotna nyaeta Batara Cikal, terus dituturkeun ku 6 batara liana, anu lengkepna :
1. Batara Cikal
2. Batara Patanjala
3. Batara Wiswara (Iswara)
4. Batara Wisnu
5. Batara Brahma
6. Batara Hiyang Niskala
7. Batara Mahadewa

Tah dina carita legenda nu leuwih ngora Batara Cikal teh sok dipapandekeun jeung Adam Putra Keresa nu dina kamus urang Kanekes ngandung harti nu beda jeung harti tokoh “Adam Mukamad” (maksudna Nabi Adam). Kecap adam oge dipake dina tatanan pikukuh masarakat Kanekes nu ngabagi tabu dina dua tingkatan, nyaeta “buyut adam tunggal” pikeun urang Tangtu jeung “buyut nahun” pikeun urang panamping. Harti buyut adam tunggal di dieu nyaeta tabu sautuhna teu meunang disislihan (Mangga dibaca Buku “Kehidupan Masyarakat Kanekes” oleh Saleh Dasasasmita dan Anis Djatisunda, Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda Ditjen Kebudayaan Depdikbud, 1986).. Batara Cikal dumasar kapercayaan urang Kanekes mangrupakeun luluhur urang Kanekes nu nurunkeun para Daleum, nyaeta Sanghiyang Daleum Janggala, Sanghiyang Daleum Patanjala (luluhur para puun Cikeusik), Sanghiyang Daleum Lagoni (luluhur para puun Cikertawana), Sanghiyang Daleum Putih Sida Hurip (luluhur para puun Cibeo).

Upama nitenan ngaran tokoh batara dina risalah 7 batara di luhur, ngan Batara Cikal jeung Batara Hyang Niskala nu asli basa Sunda (Saleh Dana Sasmita &Anis Djatisunda). Didieu oe nunjukkeun kamotekaran luluhur Sunda sabab, harti eta ngaran-tokoh-tokoh Batara beda jeung harti dina Agama Hindu. Hasil tina maca jeung ngaji diri simkuring, nu dumasar tina ajaran spiritual nu ceuk kuring mangrupakeun warisan luluhur, ngebrehkeun yen nu dimaksud Batara Cikal teh ngandung harti wujud wadag (lahir) manusa, da matak disebut cikalna maiusa/jalma teh nya pangheulana (disebut jalma teh sanggeus aya wujud lahirna, nya terus dibere ngaran dan can ngawujud mah can disebut jalma).

Ari nu disebut Batara Patanjala nu dina tulisan kang Saleh jeung kang Anis dumasar kana kropak 632 lembar VI ngandung harti cai walungan, jeung Patanjala dianggap mangrupakeun daya hirup. Nya kuring oge sapamadegan ngahartikeun daya hirup nu ngalir dina sakujur badan wadag, atawa disebut batin/wujud halus, Ari Batara Wiswara (Iswara) ngalambangkeun cai nu warnana bodas, Batara Wisnu ngalambangkeun bumi nu warnana hideung, Batara Brahma ngalambangkan seuneu warna beureum jeung Batara Mahadewa ngalambangkeun angin nu warnana koneng, Didieu ceuk elmu kisunda ngalambangkeun 4 unsur anu jadi cikal bakal wujud (ti mimiti cikal bakal tepi ka gede jeung mulang deui) nu salawasna marengan/nopang pangabutuh wujud. Sedengkeun Batara Niskala (niskala = teu katempo = gaib = aya tapi teu aya, teu aya tapi aya) nyaeta nu disebut Ingsun (isun) tea, nu lain lalaki-lain awewe, lain budak-lain kolot, teu arah teu enggon, teu boga kolot jeung teu boga anak, nu nganyahokeun jeung nyaksi nu murba sakujur diri, nu wujudna karasa, kasaksi ku sakuringna-sakuringna.

Jadi kacindekanana risalah 7 batara nerangkeun hasil panalungtikan diri manusa nu diturunkeun ku Batara Tunggal Nu Maha Keresa (Nu Murba Sajagat raya), nu ngebrehkeun ayana lahir (wujud wadag), batim/hirup (wujud lemes) jeung Ingsun (kuring) nu ngawasa murba sakujur diri. Nu hirupna di dunya dirojong ku sari
pati cai-bumi-seuneu-angin.

Ku kituna kaharti pisan yen, tempat diturunkeunana 7 Batara nu disebut Sasaka Pusaka Buana atawa Pada Ageung ku urang Kanekes dipercaya mangrupakeun tempat paling suci, Dina eta tempat aya wangunan Punden Berundak Tujuh, di palataran eta punden aya petak tiluwelas jeung dina salah sahiji petakna aya batu menhir (batu satangtung) jangkungna 2 meter jeung garis tengahna 0,5 meter, nu miring nyanghareup makam karamat, sedengkeun di puncak punden aya batu/patung nu disebut Arca Domas/ Didieu kahartina ku kuring batu satangtung ngalambangkeun tangtungan diri badan sakujur nu geus nganyahokeun tilu kawelas-kaasih ti nu Ngersakeun (nganyahokeun ka dirina), sedengkeun Arca Domas nu aya di puncak punden berundak tujuh, kahartina ku kuring netelakeun yen tangtungaan manusa sanggeus nganyahokeun ka dirina nya kudu ngagunakeun 7 pangawasa Gusti nu tumerap dina dirina (pangawasana, pangersana, kanyahona, hirupna, reungeuna, awasna, jeung ucapna) pikeun ngudag Sajatina Manusa (Manusa Sajati) nu tangtu jadi tangtungan nu kacida gede ajenna (Arca Domas).

Tah eta marga lantaranna ceuk urang Kanekes, Pada Ageung tempatna Arca Domas teh mangrupakeun Pancerna Dunya (hartina diri manusa teh jadi pancerna dunya mun kaharti…). Nya supaya kaharti, kieu gambaranna :

lamun urang aya di Bogor, Jakarta teh disebut aya di Kaler, tapi lamun urang aya di Pontianak Jakarta the disebut aya di Kidul, kitu deui ceuk urang Bogor, Bandung teh aya di wetan, tapi lamun urang keur aya di Tasik, geuning Bandung teh aya di Kulon. Pon kitu deui lamun urang tumpak kapal udara, geuning sok nempo mega teh aya di handap, tapi ari keur di darat mah urang teh sok nuduhkeun mega aya di luhur, Cindekna mah kidul-kaler-kulon;wetan-luhur-handap, kenca-katuhu jeung sajabana eta teh patokana (puseurna/pancerna) diri badan urang sakujur, pon kitu deui sagala rasa jeung rupa dunya estu lain cenah-lain beja, tapi estuning karasa jeung katempo ngagunakeun diri nu jadi pancerna. Ku kituna panginten kaharti.

Tetela yen urang Kanekes henteu bodo, luluhur urang oge henteu bodo, ngan loba urang Sunda nu kabobodo, sabab geus loba urang Sunda nu ngundag elmu ngagugulung cenah jeung beja, katarik ku pangbibita, jeung inggis ku disingsieun, sedengkeun pancerna nu mangrupakeunn kudrat pangwelas, pangasih ti Gusti Nu Maha Suci geus teu dipake deui pikeun patokan. Apan cenah aya dalil sing saha-saha nu nyaho ka dirina, tangtu nyaho ka Gustina. Sumangga di emutan…..
Rampes Nun ka sadayana, hapunten bilih kirang sapangartian namung urang teh tos dikudratkeun ku Nu Kawasa jadi Sabangsa nu kudu silih wawangi, silih
asah-asih-asuh.

Cag ki dulur.
Pun Sapun
Simkuring pituin Panjalu
Engkus.

Tunda talatah