Agama Sunda

[kisunda] Nedunan panghiap Kang Ganjar perkara Agama Sunda
http://www.mail-archive.com/kisunda@yahoogroups.com/msg01155.html
engkus ruswana, Wed, 23 Feb 2005 11:05:30 -0800

Sampurasun kasadayana para wargi kisunda, hususna ka kang Ganjar nu tos ngahiap sim kuring ngunaan padungdengan Agama Sunda, neda sihapunten nembe tiasa nedunan panghiap ti salira, kumargi sim kuring dina raraga kumawula ka diri nu salawasna nganteur kana kahayang kuring teh, sok ider-ideran ka luar daerah nu antukna jarang tiasa mukaan millist kisunda, nya sakalina kebo mulih pakandangan teh, dimana muka nya saabreg bahan bacaeun sim kuring hasil kamotekaran kidulur sadaya, sadayana oge sok dibaca da matak narik hate pikeun ngabandunganana, nya dimana rada nyalse nembe tiasa mairan. Dina mairan sim kuring biasana sok rada panjang da hoyong sabeuleugeudeurna ulah dugi ka gantung huap, janten peryogi oge waktos nu rada nyalse.

Ngeunaan Agama Sunda nu dipadungdengkeun, memang kuring ge kantos paadu hareupan sareng kang Rozak teh, waktos anjeunna nuju nalungtik pikeun desertasina, tapi rupina anjeunna teu mampu ngagali eusina eta ajaran sareng memang biasana sateuacan nalungtik teh biasana tos nyusun heula “hipotesa” numutkeun pamadegan anjeunna, nu tangtos dina nalungtikna eta perkara tos nganggo koridor pikeun diarahkeun kana ngabuktikeun sareng nguatkeun eta hipotesa tea (da kitu teori ilmiah nu dianggo), nya tangtos bae hasilna tiasa benten sareng nu saestuna. Da numutkeun sim kuring mah upami hoyong nalungtik nu objektif (sanyatana), nya kedah diibaratkeun nyandak kertas kosong pikeun dieusi ku naon bae nu kapendak, nembe ditarik hipotesa teras hasilna dikonfirmasikeun deui (naon atuh basa sundana hipotesa jeung konfirmasi nya??). Kitu oge saatos disusun drfat/rancangan tulisanna. Tapi ari ieu nu ku sim kuring kabandungan mung ukur datang 2-3 kali kalayan nyandak sababaraha tulisan/buku teras pleng les terang-terang nonghol di Mangle, padahal ari nalungtik soal ajaran nu nyangkut spiritual mah dugi ka ngartos eusina teh mangtaun-taun, atuh tangtos bae nu katangkepna saukur kulit-kulitna eta ge teu sautuhna.

Naha aya kitu Agama Sunda??
mun aya nu kumaha ??

Kitu nu dipadungdengkeun. Di dieu sim kuring bade nandeskeun yen ari kecap agama teh estuning pituin kecap nu urang tina basa Kawi (Asli Sunda-Jawa), da di nagara deungeun mah teu dikenal kecap agama, cenah aya nu nganggap asal ti India/Sanskrit, ku kuring kungsi ditaroskeun ka utusan agamawan urang India, waktos kaleresan sim kuring ngaluuhan ondangan Saresehan International terbatas ngeunaan “Religion minority and belief” di Colombo Srilangka, nu oge hadir utusan ti India, Pakistan, Srilangka, Nepal, Malaysia, Indonesia, Inggris. Ceuk eta utusan India cenah ari religion ceuk basa Sanskrit mah disebutna”Dharma” , jadi Hindu Dharma teh hartina Agama Hindu. Kitu oge waktu kungsi padungdengan jeung Sahid Agil Siraj (ahli Fiqih ti NU) jeung Mohamad Sobari, oge padungdeng jeung Nurcholis Madjid dina raraga dialog terbatas di CSIS, oge netelakeun yen di Islam dikenal kecap/istilah Nilah – Milah jeung Din nu hartina dina basa Indonesia mah diterjemahkeun ngan sakecap bae jadi agama, sok sanajan antara nilah, milah jeung din teh aya bedana. Oge aranjeunna percaya yen tiasa bae di Sunda/Jawa jeung suku nu lianna kungsi turun nabi, da cenah Gusti teh nurunkeun sakitu rebu nabi nu lamun diitung jumlah nu turun di timur tengah masih keneh aya rebuan sesana nu mungkin bae sumebar di Nusantara.

Tah ku katerangan eta beuki yakin sim kuring yen eta kecap agama teh asli basa nu urang, ku sabagian urang sunda mah sok oge disebut ageman. Tah lamun kitu tangtu bae aya kecap/ngaran pasti aya nu dibere ngaran boh barang, boh laku atawa sipat atawa naon bae pikeun nuduhkeun eta ngaran/kecap. Janten pami kitu teu kaci lamun urang ngahartikeun eta kecap make basa deungeun, jadi jauh teuing lamun dihartikeunana jadi tidak kacau (a=tidak; gama = kacau) duka tina basa nanahaon dicokot eta harti da dina basa Inggris mah teu aya kecap “gama”, lamun nyokot tina basa Yunani, naha aya kitu kecap “Agama”. Aya oge kecap “gamma” nu sok dipake simbul dina matematik atawa ngaran sinar, tapi nya keun bae da kabiasaan urang mah kitu lamun aya nu tiheula ngucapkeun, nya sok loba nu tuturut munding ngiluan jeung ngaenyakeun, bari jeung duka teuing enya henteuna mah nyahona, lamun seug tea mah diudag. Ceuk pamanggih sim kuring kecap “agama” tina “Hagama” asal tina kecap h(a) = hana = aya atawa nu Aya (Gusti), jeung gama = patokan, (conto lain dina jaman kaemasan Majapait disebut “Nagara Kartagama” nu hartina nagara nu geus make patokan nu beres pikeun karaharjaan rakyatna). Jadi hartina agama teh patokan ti nu Maha Kawasa (Gusti), apan hirup jeung kahuripan urang estu patokan ti Gusti atuh sakuduna urang ulah ingkar tina patokanNa/kersaNa/kudratNa ti nu Maha Kawasa. Lamun urang geus rumasa dikersakeun ku Nu Maha Kawasa jadi manusa atuh ulah ingkar tina kamanusaan, lamun geus rumasa dikersakeun jadi urang Sunda atuh ulah ingkar tina kasundaan, lamun rumasa dikersakeun cukang lantaran dilahirkeun teh ku indung-bapa jeung luluhur Sunda atuh ulah ingkar ti luluhur Sunda, ari ieu geuning teu saeutik nu ngaugung-ugung luluhur batur nu teu hir walahir, ari luluhur sorangan kaluli-luli dianggap euweuh ajenna, naha naon salah luluhur urang Sunda. Kitu deui lamun rumasa dikersakeun ngabogaan lemah-cai Sunda anu sakitu nyatana saripatina geus ngawujud jadi wujud/salira ngalangkungan cai nu kaleueut, kadaharan nu katuang, napas nu kaseuseup, hawa panas jeung panonpoe nu kaserep, asa butek teu ngarti kuring mah lamun aya jalmi nu leuwih ngamumule lemah-cai batur tinimbang lemahcaina sorangan, nganggap suci ka lemah cai batur ari lemah cai sorangan teu dianggap suci, nepi ka teu lebar dijual murah pikeun ngamumule lemah-cai batur (naha bisa kitu urang nyieun lemah cai, apan sagala nu diciptakeun ku Nu Maha Suci tangtos Suci ayana), padahal sakuduna mah diurus hade-hade, dipupusti saestuna jeung dipiara sanyatana, da kawajiban manusa nurutkeun kersaNa pikeun ngurus dunya sabanda-sariksa-sapariboga sangkan awak cageur, kalakuan bageur, kanyaho bener, pamilihna pinter jeung boga budi-daya nu jujur nu tangtos mawa genah-merenah jeung tumaninah nya salamet diri sakujur (namung punteeenn…. pisaaann …. ieu mah pamadegan sim kuring bae).
Tah patokan Gusti eta nu ku luluhur Sunda geus prak dipigawe kalayan sanyatana bakat ku nyaah ka anak-turunanna, diterapkeun dina raraga kumawula ka dirina, ka luluhur jeung ka turunannna, ka papada kawula, ka alam-lingkunganna, oge tangtu ka Gustina.

Tah harita mah teu acan aya ngaranna ngan disebut bae Agama (da ayana istilah agama Sunda atawa Agama Sunda Wiwitan, Agama Jawa jeung sajabana eta mah kadieunakeun sanggeus agama nu datang marake merek), tapi sanggeus datangna kayakinan/kapercayaan luar ti bangsa deungeun nu ngajarkeun soal kumawula ka sasama mahluk, ka alam jeung ka Gusti numutkeun adat jeung budaya bangsana nu asalna ti kapercayaan Hindu disebut bae agama Hindu, nu datang ti kapercayaan Budha disebut bae agama Budha, nu datang ti Islam disebut Agama Islam, nu datang ti Kristen disebut bae agama Kristen jeung sajabana, ari agama nu aslina teu meunang disebut agama, nya disarebut bae kapercayaan, padahal kecap Aliran Kapercayaan atawa Kepercayaan terhadap Tuhan YME mah nya ti taun 1973 sanggeus abus dina GBHN, samemehna disarebut Aliran Kebatinan atawa Aliran Kerohanian atawa Aliran Kejiwaan, padahal kecap “batin” jeung “rohani” eta kecap tina basa Arab, sedeng nu diagem ajaran asli, geuning nyata patukeur baju teh, nu ti jero make ngaran deungeun nu ti luar make ngaran pribumi (jati kasilih ku junti). Didieu sim kuring bade ngabandingkeun sareng pangalaman urang nu anyar keneh, ti keur leutik malah nepi kaayeuna ari nyebut pasta gigi teh sok nyebut odol, kajeun merek naon bae aya odol merk pepsoden, aya odol merk Ritaden, merk close-up jsb, teu apal yen odol teh hiji merk pasta gigi nu pangheulana sumebar di urang, sanggeus merk odol teu kaluar deui, ngaran odol teh jadi ngaran “generik” pikeun pasta gigi. Kitu oge sababaraha taun katukang ari nyebut tustel, kajeun merk naon bae sok disarebut “kodak”, padahal kodak teh ngaran merk tustel nu baheula ngamasarakat (populer), tapi sanggeus merk kodak jebul deui, laun-laun jarang nyebut kodak nya tustel bae, conto lain cai mineral lamun urang nitah meuli cai mineral teh sok nyebut pangmeulikeun aqua, sok sanajan nu jebulna merk Vit, nya jarang diprotes da nu dimaksudkeunana cai mineral.

Luluhur urang teu kacaritakeun nolak sumawonna nyerang ka eta bangsa jeung agama nu datang ti deungeun, sabab luluhur urang geus make patokan Gusti tea, yen mandang ka diri batur sacara kadirina pribadi moal nandasa ka batur da urang ge embung ditandasa, moal nyerang ka batur dan urang oge embung diserang, dina laku hirup jeung kahuripan teu garah geureuh ka batur sabab boga pamadegan yen saha nu melak bakal metik hasilna. Nya akibatna agama-agama deungeun jadi ngembang kalayan subur sabab teu diganggu, tapi nu tetep mikukuh jeung mituhu kana agama heubeul ti baheula tepi ka kiwari tetep hirup teu leungit sok sanajan ngurangan jeung jadi kalindih. Nu jadi hanjakal pikeun sabagian bangsa urang, oge sabagian urang Sunda kmiwari, nyaeta naha geuning nu ngagem agama asli bet ditandasa, lolongkrang hirup jeung kahirupanana dipager jeung disesered, malahan aya nu ngahaja sangkan leungit, contona kawin nu teu dumasar kana agama deungeun hayoh dianggap kumpul kebo teu disahkeun jadi teu meunang bukti kawin ti nagara, nu antukna boga anak dianggap anak haram jadi teu boga akte lengkep (najan meunang ngan disebut anak indung teu disebut ngaran bapana/haram??), dina digawe jadina teu meunang tunjangan anak-pamajikan da teu boga akte kawin ti pamarentah, dina digawe di pamarentahan lian ti hese abusna, dina abusna tong ngaharepkeun dipromosikeun najan pinter jeung jujur sakumaha oge, hayang jadi tentara atawa pulisi teu bisa da saratna kudu meluk salah sahiji agama ti luar (nu-5), di lingkungan masyarakat sumawonna dianggap aneh, kadang dipikangewa pedah nyepeng kayakinan nu beda ti umumna, padahal boh nu nyepeng pamarentahan, boh masyarakat umumna cenah geus ngagem agama nu suci, naha dina prak-prakanana bet kitu???. Ieu kitu nu ku sabagean urang Sunda sok disarebut “Jati kasilih ku Junti teh”.

Saenyana beurat tangtangan ngagem agama luluhur sorangan teh, jadi teu aneh lamun loba nu kapaksa pikeun identitas dirina jadi nyepeng agama nu di kudukeun ku pamarentah/ masyarakat, cenah da bongan dipaksa keun bae itung-itung “nyumput buni dinu caang” supaya teu dikucilkeun. Ana kitu boh pamarentah, boh masyarakat umum geus ngadorong sabagian rahayatna pikeun teu jujur/ngabohong, padahal apan ngabohong teh geus ingkar tina ajaran agama naon bae oge. Buktina waktu ngeusian formulir KTP teu ngaku ngagem salah sahiji agama nu-5, eeh jebulna jadi KTP duka ku Camat atawa Lurah/Kapala Desa sok rajin dieusian jadi ngagem salah sahiji agama, ari diprotes alesanana cenah kitu aturanna jeung euweuh dina komputerna, jadi mun teu dieusi komputerna macet, euuh….. kutan nya manusa eleh ku komputer. Matak pantes lamun akibatna bangsa urang disebut bangsa munafik teh da geuning kanyataana kabohongan teh dirarojong, jeung sok sanajan bangsa Indonesia teh mayoritas ngagem agama suci, geuning kanyataanna tingkat korupsi kaabus pangrongkahna di dunya, kriminalitas lianna oge kaabus rongkah (geuning unggal poe urang ngabandungan jeung nyakseni dina TV sagala bentuk kaingkaran jeung angkaramurka), dina kahirupan sapopoe geuning nu geus jelas nyolok mata buncelik yen nilik kana ukuran gajih teh teu mungkin upamana loba pejabat nu boga kakayaan nu lubak-libuk, tapi geuning ku masyarakat mah tetep dipikaserab jeung diajenen pisan, nyata geuning laku-lampah nu nyimpang teh dirarojong ku masyarakat, jadi dina hal ieu masyarakat ge boga salah pikeun ngadorong perilaku nyimpang teh, matak pantes mun alam geus ngambek jeung nyimpang tina welas asihna, da jalma nu ngeusian ieu alamn geus loba nu ingkar tina kamanusaan jeung leungit kawelas-kaasihna boh ka sasamana boh ka alamna, pan ceuk ajaran kisunda mah antara alam jeung nu ngalaman teh ngabogaan sifat silih gumantung, da buktina nu ngawujud jadi waruga nu ngabogaan daya teh asalna tina sapipatina alam (acining cai-bumi-angin/udara-seuneu jeung sari rasa alam).

Mangga urang sami-sami ngalenyepan….

Perkawis patarosan ti Kang Ganjar eta biasa sok ditararoskeun, da ngukurna tina acuan agama deungeun tea khususna ti agama Samawi, jadi mun teu sarua jeung patokan eta dianggapna lain agama nu antukna agama seperti Hindu jeung Konghucu nu tadina teu wanoh kana konsep nabi jeung sorga/naraka geuwat ngabebenah diri neangan saha nu dijadikeun nabi jeung nerangkeun sorga/naraka, Konghucu teu ngenal kitab suci, geuwat ngumpulkeun ajaran-ajaran nu dijadikeun kitab suci. Tah biasa patarosan teh soal saha nabina ?, naon kitab sucina ?, kumaha sholatna ?, kamana kiblatna ?, naha aya syahadatna ?, kumaha puasana ?, naha percaya ayana sorga jeung naraka ? kumaha sual konsep dosa ? jeung sajabana.
Mangga ku si kuring dipedar, tapi ieu mah mung saukur paupamaan da teu sadayana konsep eta aya wujudna, mung tiasa bae diterangkeun.

Soal Saha Nabina?
Didieu aya sababaraha katerangan, nyaeta kieu : upama nu dimaksudkeun nabi teh nu ngadugikeun ajaran, nu nungtun pikeun milih antara nu hak jeung nu teu hak nyaeta biwir jeung ucapna nu asal ti Nu Maha Ucap, da eta biwir jeung daya ucapna teh estu kersaning Nu Maha Kawasa da kabeh jalma teh teu aya nu meuli eta biwir sumawonna ucapna estu utusan ti Gusti pikeun ngucapkeun jeung nyoarakeun nu bener nu bersih nu didumasaran ku welas asih da Gusti mah gaduh sifat Maha Welas tur Maha Asih, nu ngandung harti sakabeh jalma kudu jadi nabi da memang tugas manusa di dunya pikeun ngatur dunya nu didasaran ku welas asih. Upama nu dimaksud nabi teh juru salamet, nyaeta Indung Bapa, da urang moal bisa mungkir yen salametna urang tug dugi ka gede jeung boga ajen teh estu gegedena jasa indung bapa urang, urang sarerea pasti tiasa ngarumasakeun sakumaha gedena jasa indung-bapa urang, coba lamun harita keur orok beureum ku indung/bapa urang dipalidkeun atawa ditandasa saperti jaman ayeuna nu sok kabejakeun dina TV, tangtu urang moal hirup tepi kaayeuna. Jadi jelas indung-bapa urang nu jadi juru salamet, atuh tangtu ku lantaran indung bapa urang oge disalametkeun ku nini-aki, nya nini aki ge sebagai juru salamet dan moal aya urang lamun indung-bapa urang teu salamet, nya saterusna nerekel atuh cindekna mah ti indung-bapak tepi ka luluhur urang eta nu jadi juru salamet urang, atuh pantes mun urang boga rumasa miajen jeung ngamumule luluhur sorangan ulah dilalaworakeun. Cobi geura lenyepan sing lantip, naha urang geus pernah husuk sidakep situhu tunggal madep neneda ka Nu Kawasa sangkan sagala puji-puja, rahmat, sapaat, maunat jeung mujizat supaya ditamplokkeun ka indung-bapa jeung luluhur urang, umumna mah geuning sok ditamplokkeun keur luluhur batur, ari kolot jeung luluhur sorangan teu kabagean da sok dianggap bae loba dosa, menta teh sangkan diampunan dosana, padahal Gusti mah Maha Uninga jeung geus netepkeun hukumna dimana melak eta nu metik hasilna malahan sok kaala oge ku anak turunanana, boh alusna boh gorengna.

Naon kitab sucina ?
Upama nu dimaksud yen kitab suci teh tulisan ti Nu Maha Kawasa nu jadi Sumber Elmu pikeun bekel salamet manusa hirup di dunya, atuh tangtu bae eta tulisan Nu Maha Kawasa mah moal tiasa dipapandekeun jeung moal bisa diturutan ku manusa, kajeun ngan ukur sahurup, manusa ukur bisa maca, ngaji, terus ka ngaos, eta ge mun daek jeung katepi, tapi ari nepi ka tamat ngelmu ti kitab suci Gusti mah asa pamohalan, jeung tinimbang tamat ngelmu mah kalah ka kaburu tamat ngalalakon di dunya, jadi lamun tea mah aya nu umaku geus tamat ngelmu tina Kitab Suci (Elmu) Gusti, bet asa ku kaleuleuwihi, komo bari jeung umaku geus sakitu kali namatkeun elmu gusti mah, sabab mun geus bias namatkeun elmu Gusti hartina geus sarua tingkatan jeung Gustina, tah ari nu kitu bisa henteu disebut ujub-ria-takabur (teu langkung parawargi, sumangga).

Jadi naon atuh kitab sucina. Tah nu dimaksad kitab suci damelan pangeran tempat atanapi sumber elmu kasalametan teh, ceuk luluhur Sunda mah nyaeta alam semesta jeung pangeusina, didinya sumber elmu teh pek geura baraca (maca), terus diaji (ngaji) mun geus kaaji tangtu bisa kaaos (ngaos) kaluhunganana. Cobi bae aya sabaraha surat jeung ayat eta di alam, oge kaasup diri sakujur urang nu mungkin salah sahiji surat elmu Gusti, eta aya sabaraha rebu ayat dina diri urang sakujur, tong boro namatkeun elmu nu aya di alam, maca -ngaji –jeung ngaos elmu nu aya dina diri nu sapopoe dibabawa, asa pamohalan urang bias namatkeun tepi ka urang pulih ka jati mulang ka asal, da buktina elmu kadokteran nu geus sabaraha generasi manusa ngotektak ngaguar elmu dina diri, geuning can taramat keneh bae.

Upama urang maca jeung ngaji kana tangkal cau contona nu jadi salah sahiji ayat Gusti, urang bisa maca sabagian tina diri tangkal cau, geuning tangkal cau mah geus rumasa jeung tumarima dikudratkeun jadi cau, nya tangkalna tangkal cau, daunna daun cau, jantungna jangtung cau, buahna buah cau, akarna akar cau, tug dugi ka rasana (batina) oge rasa(batin) cau teu nyimpang tina papagon hirupna, teu ingkar tina kudratna kersaning Nu Maha Kawasa, malahan urang oge bisa ngabedakeun bedana rasa jeung tangtungan cau ambon, cau muli, cau emas, cau kepok jsb., tara sugan patukeur rasa (batin) sok sanajan papada sasama cau estu natrat ngukur ka kujur mituhu kana KersaNa Nu Kawasa. Dina amal-amalanana oge jelas, manehna geus kumawula ka manusa jeung sasatoan, geus ngabuktikeun kawelas kaasihna tangkal cau rido dirina paeh sanggeus cauna diala (tangkal cau umumna terus paeh lamun geus diala buahna), tapi samemeh buahan tangkal cau sok tatan-tatan ngabogaan anak heula, sangkan kumawulana langgeng.

Tuh geuning sakitu luhurna eta babakti cau, da jelas tangkal cau ge papada mahluk hirup sanajan beda cara hirupna jeung manusa. Tah balik deui ka urang sanggeus ngaji eta tangkal cau, naha urang nu geus dikudratkeun kersaning Gusti jadi urang Sunda, naha geus rumasa rasa Sundana tetep kukuh pengkuh teu patukeur rasa (batin) jeung sasama manusa liana nu dikudratkeun jadi bangsa nu beda tangtungan jeung rasana numutkeun adat jeung budayana, jeung geus sakumaha urang migawe kumawula ka papada hirup teh.
Mangga bandingkeun jeung cau, naha bener urang leuwih luhur ajen tinimbang cau .???

Soal tulisan Gusti nu teu bisa diturutan ku mahluk Gusti, didieu jelas naha urang bisa nyieun cau kilangbara tangkal cau sautuhna mah (paling oge bias nyieun ukur cacauan nu teu sarua jeung cau nyaan), naha urang bisa nyieun curuk nu mangrupakeun sabagian leutik tina diri, paling oge bisa curuk buatan nu pasti beda fungsi jeung sifatna, Jadi jelas didieu yen tulisan jeung elmu (Kitab Suci) Nu Maha Kawasa mah moal bisa diturutan ku jelema, jadi jelas Sucina, matak kuring mah sok helok ngabandungan laku manusa nu leuwih miajen jeung leuwih ngamumule Kitab Suci Agama nu diagemna tinimbang dirina, malah aya nu rela ngorbankeun dirina demi keur ngabela eta Kitab.
….Nya mangga, eta mah soal pilihan hirup.

Kumaha sholatna jeung syahadatna ?,
Ajaran luluhur Sunda teu ngenal kecap sholat, nu aya teh nyaeta kecap Sembahyang nu hartina Manembah/kumawula ka Gustina. Tah dina raraga kumawula teh tangtu mudu dikanyahokeun heula saha nu rek dikawulaan jeung saha nu kumawulana, anu tangtos kedah nganyahokeun heula saha Kuring jeung saha Gusti Kuring, saha diri kuring jeung saha wujud Gusti Kuring, matak sok dimimitian heula ku maca jeung ngaji diri : Saha jeung timana ari dat nu aya dina diri naon bae pangawasa nu aya dina diri, timana asalna jeung naon pancenna, sanggeus kapendak nya atuh geura saadatkeun, lamun rumasa dijadikeun manusa asal ti Nu Maha Kawasa atuh geura saluyukeun make adatna manusa nu ngabogaan sifat welas asih, lamun ngarasa jeung rumasa dikersakeun jadi mahluk pangunggulna tinimbang mahluk gusti nu liana, nyata ku lengkepna pangawasa nu dititipkeun asal ti Nu Maha Kawasa atuh tangtu ngabogaan pancen pikeun ngatur dunya (ceuk wayang mah Sanghyang Jagatnata) sangkan di dunya mulus rahayu berkah salamet silih pikawelas pikaasih keur sakabeh mahluk pangeusi dunya, da dunya teh keur sarerea lain ngan ukur keur manusa tapi oge keur sakabeh mahlukNa, tinangtu di dunya kudu ngajalankeun kaadilan. Tah lamun geus dipercaya ku Gusti jadi urang Sunda (da pan lain meunang nawar urang jadi urang Sunda teh, estu ku KersaNa), atuh prak geura saadatkeun numutkeun adat jeung budaya bangsana, da matak aya adat jeung budaya di saban bangsa ge tangtu oge kenging rahmat atanapi kersaning Gusti oge, prak geura pigawe. Tah lamun urang geus nganyahokeun kalayan rumasa jeung tumarima kana kersaning Gusti, tangtu sah adatna lamun manusa sunda ngajalankeun kamanusaan pikeun mancen gawe ngilu ngatur dunya, hususna di lemah-caina nu didumasaran ku welas asih, kalayan make cara ciri jeung adat budaya Sunda nu ngurus dirina sangkan cageur-bageur-bener-pinter-jujur jeung salamet, ngamumule lemahcaina, miajen jeung mituhu ka luluhurna, kumawula ka gustina make basa jeung budaya nu sorangan teu kudu nginjeum basa jeung budaya deungeun, tinangtu sah adatna.

Tah nu kacatur di luhur nu disebut sembahyangna urang Sunda baheula mah, jadi lain muja-muji ka Pangeran da bisa ngucap jeung nyarita teh estu ku pangawasa Maha Ucap Anjeuna, lain sumbuh sembah ka Pangeran da bias gerak ge ku pangawasa Maha Hirup Anjeunna, tara puntu-penta ka Pangeran da Gusti mah Maha Uninga, naon bae nu dipilampah jeung nu dipikabutuh mahlukna Gusti mah tos Uninga kukituna Anjeuna parantos netepkeun hukum-hukumNa, jadi sagalana di Gusti mah geus nyampak, maenya ngiriman cai ka lautan. Jadi tinggal prak migawe kamanusaan saluyu jeung kudratna ti Nu Maha Kawasa dan eta memang Kersana, matak ceuk dulur-dulur ti Kanekes mah geus dijadikeun papagon hirup sapopoe pikeun “tapa di mandala” nu hartina prak digawe molah alam kalayan ngajaga kasucian alam raya (buana ageung) jeung ngajaga kasucian buana alit (diri) ku tekad ucap jeung lampah nu hade luyu jeung papagon kamanusaan.

Nya dina raraga rumasa jeung tumarimana ka Nu Kawasa, osok oge ngajalankeun laku Heneng-Hening-Eling-lan Waspada, nu intina ngendapkeun rasa, pikir elingan jeung kuringna pikeun nganuhunkeun Agungna ka Gusti Nu Maha Suci, jembarna ka Ibu Pertiwi (bumi) jeung Rama Angkasa (langit), oge ka Indung-bapa jeung ka para luluhur oge ka pangkon rasa sabudeur awun, rehna geus rumasa jeung tumarima tos dipasihan sagala kanikmatan, kalayan nyata kawelas-kaasihna tos katarima, nya ngucapna ijab-kabulna mah ku basa batin bae kalayan make basana sorangan nu kaharti ku dirina.

Kamana Kiblatna?
Ari kiblat teh ceuk pamaham sim kuring, nya patokan arah pikeun kadeuhueskeun ka Gustina jeung nganyahokeun salah-benerna. Tah upama eta hartina ceuk ajaran luluhur Sunda mah nyaeta tangtungan diri badan sakujur, da geuning pikeun nangtukeun mana kaler-kidul, wetan-kulon jeung luhur-handap teh geuning tangtungan diri, da geuning lamun urang aya di kota Bandung nyebut Lembang teh aya di kaler, tapi sabalikna lamun urang keur aya di Subang nyebut Lembang teh ayana di Kidul, pon kitu deui urang ngarasakeun uyah teh asin, gula teh amis, cengek teh lada apan eta teh nyata ceuk rasa nu ngancik di letah nu aya dina diri, nyahona warna beureum, bodas, koneng, jsbna oge ceuk awasna panon nu aya dina diri, eta awas teu bisa dibohongan da lamun ceuk batur koneng, tapi ceuk awasna panon netelakuen bodas nya tangtu bae kayakinan teh bodas moal bisa dibohongan.

Nu kitu disebut elmu nu hakiki teh lain cenah jeung lain beja estu nyata karasa ku sorangan da ari cenah jeung cenah keneh mah can karasa kasaksi ku sorangan eta hartina can jadi elmu, pon kitu deui dina ngarasakeun kawelas-kaasih Gusti, ngarasakeun pangawasana nu asal ti Gusti, tangtu ngagunakeun tangtungan dirina sewang-sewangan, teu bisa urang tuturut munding atawa jiga beo nganyahokeun ka Gustina ngaliwatan cenah ceuk batur, na kumaha ngayakinkeunana lamun masih cenah, estu kudu karasana disorang ku sorangan keur sorangan jeung nyorangan tah eta ceuk kolot disebutna elmu kasunyatan teh, matak dina wayang mah diri teh disimbulkeun jadi “Batara Guru”, da sagala kanyaho teh apal jeung nyatana teh make diri.

Jadi ceuk kolot lamun urang hayang deuheus ka Gustina atuh geura “nalungtik diri ngotektak awak, nyungsi diri nyuay badan, angelo paesan tunggal”. Da urang tangtu moal apal ka Gustina mun teu apal ka dirina. Ari lolobana mah geuningan seueur nu neangan Gusti jauh-jauh bari cul kana ngaraksa jeung ngariksa diri, ceuk istilah Mama Mei mah cenah loba nu neangan seuneu kundang damar, nyukcruk leuwi neangan cai, kukurilingan neangan sangu bari mawa sumbul eusi kejo, tinggal prak naha bet ngaprak.
( tapi punnteeen).

Tapi ceuk bawirasa sim kuring asa teu jauh-jauh teuing hakikina mah jeung ki dulur nu nedunan munggah haji, punten ieu ge pami kenging macakeun make dadasar kacamata elmu Sunda, nya pami teu sapagodos, anggap bae katerangan ieu teu aya. Ieu mah nu kasaksi dina TV geuning dina raraga ngadeuheuskeun jeung Gustina teh sok ngurilingan wangunan kabah atawa “baithullah” (punten pami lepat nyeratna), beuki lila beuki ngadeukeutan sangkan tujuanna bisa atel/nyabak komo deui bisa nyium mah kana eta adegan. Ceuk bacaan elmu sunda enya bener eta adegan nu dipusti-pusti teh ngalambangkeun adegan diri nu kukuh, da buktina bangunanna segi opat kalayan aya pancerna (papat kalima pancer) jeung aya kaen disingraykeun mangrupa panto, nu kahartina ku kuring nyimbulkeun adegan diri nu asal ti sarining cai-seuneu-angin-bumi jeung nu jadi pancer kuringna, jeung eta panto dibuka pikeun nganyahokeun Gustina, sedengkeun warna kaen panutup hideung ceuk elmu sunda ngalambangkeun kukuh-pengkuh atawa tetep teu galideur, atuh tangtu benerna pikeun ngadeuheuskeun jeung Gustina geura kurilingan eta diri sakujur kalayan sing pengkuh tong galideur dina nyungsina.

Atuh aya deui amalan lianna nyaeta maledogan patok/menara batu nu nangtung cenah pikeun ngusir setan, eta kahartina ku kuring geura usir eta setan (nafsu-nafsu goreng) nu nyaliara dina dirina sewang-sewangan (batu satangtung ceuk Kisunda mah).

Pon kitu deui dina papakeana keur ritualna geuning sagala pakean diuculkeun teu meunang dipake iwal ti kaen bodas salambar nu dibeulitkeun pikeun nutupan aurat, nu kahartina ku kuring nya tangtu lamun rek deudeuheus ka Gusti Nu Maha Suci. Diri urang ge ulah mawa rereged dunya estu kudu taranjang (asli) dibeulitan kaen bodas nu hartina dibeulitan ku niat nu suci. Tah kitu ceuk bacaan make dumasar Kasundaan mah.

Kitu oge lamun ngabandungan prak-prakanna shalat ki dulur muslim, geuning dimimitian ku niat rek dedeuheus ka Gusti terus bae wudhu beberesih da urangna ge kudu suci lamun hayang deuheus jeung jeung Nu Maha Suci nu sareatna mah geuning meresihan eta bagian-bagian anggota badan nu biasa dipake pikeun ngalakukeun kasalahan, nyaeta uteuk jeung elinganna, baham jeung ucapna, cepil jeung danguna, soca jeung awasna, pangambung jeung angseuna. leungeun jeung obahna, sampean jeung langkahna. Tah eta pisan parabot nu sok bisa dipake salah nu ngotoran kana diri teh. Atuh tangtu bae eta mah simbolna da nyatana mah kudu diwujudkeun dina tekad-ucap jeung lampah, jeung memang salilana kudu deuheus jeung Gusti teh, nu hartina beberesih teh kudu diudak keur salilana saumur hirup urang kudu terus beberesih, supaya sifat manjing sifat (sifat suci dina diri manjing jeung sifat Maha Sucina Gusti). Tah eta simbul-simbul teh ku luluhur urang mah teu pati dilulugukeun, tapi estu pok-pek-prak, langsung dipigawe sanyatana dina tekad ucap jeung lampah sapopoe.

Tah kitu para wargi dulur-dulur Ki Sunda, hususna ka Kang Ganjar mugi wae tiasa nambihan ka wanoh, nya nuhun mun teras bogoh mah, komo mun seug dugi ka jatukramina tiasa kebo mulih pakandangan. Naha bade ku saha dipupustina elmu karuhun Sunda lamun sanes ku seuweu-siwina Ki Sunda, … mangga nyanggakeun…

Ti iraha “agama Sunda” ayana ??
Tah palebah dieu sim kuring teu tiasa ngawaler nu nyugemakeun, da teu acan kapendak, namung upami ngabandungan para ahli sejarah jeung antropologi, seueur nu nyindekeun yen Agama Asli di Nusantara (Sunda) teh tos aya jauh samemeh agama deungeun abus ka Nusantara, malah aya sabagean nu nyebutkeu yen rebuan taun samemeh Masehi agama Sunda geus aya, tapi hal ieu tiasa diterangkeun nu kaberik ku pangarti, kahontal ku akal, katerangannana kieu : bangsa Sunda kaabus bagja dikersakeun ku Gusti gumelar di lemah-cai Pasundan-Parahyangan nu endah tur subur-makmur loh jinawi nu ceuk M.A.W Brouwer mah diibaratkeun tanah parahyangan teh diciptakeun waktos Gusti nuju imut ngagelenyu, meureun baheula mah leuwih subur tibatan ayeuna anu tangtu euyeub ku mangrupa-rupa sato hewan jeung euyeub ku mangrupa-rupa tatangkalan, oge nu buahna, daunna, tangkalna, jeung akarna bias dijadikeun keur kadaharan, obat-obatan jeung papakean nu tangtu luyu jeung tingkatan teknologi di jamanna.

Tah kulantaran leuwih loba kadaharan tinimbang nu rek ngadaharna, tangtu teu susah pikeun neangan pangan, papan jeung sandang teh. Oge tangtu yen ti jaman karuhun baheula ge teu beda sapoe-sapeuting teh 24 jam, 12 jam beurang jeung 12 jam peuting. Oge pasti Ku Gusti ge karuhun urang geus dibere parabot jeung pangawasa dirina nu lengkep pikeun ngajalankeun tugas kamanusaan di dunya. Tah ku anggapan eta asa piraku lamun beurang peuting teh ngan ukur dipake sare, da teu siirikna hayang dahar tinggal am, hayang sare tinggal dug.

Tah kuring boga kayakinan yen kulantaran loba waktu nu luang da keur kabutuhan sapopoe harita mah mah teu hese, sedengkeun alam nu sakitu kayana, atuh tangtu ti baheula ge luluhur urang ngagunakeun waktuna pikeun nalungtik alam jeung pangeusina, nalungtik dirina jeung tangtu nepi ka nalungtik pikeun nganyahokeun ka Gustina, mangga bandingkeun upama digumelarkeun di alam nu werit jeung teu subur susah kadaharan, atuh tangtu bae waktuna loba kasita keur neangan pangabutuh diri nu tinangtu waktu pikeun nalungtik diri-alam jeung gustina pasti samporet. Eta hasil panalungtikan nu tangtuna terus turun tumurun mangtaun-taun diwariskeun ngajadikeun hiji budaya, matak teu heran lamun ti baheula luluhur urang geus ngahasilkeun jeung budaya perhitungan, sitim pananggalan, budaya aksara/tulisan, pangarti soal alam, soal perhubungan jeung tangtu soal nu nyangkut spirtual agama. Tinangtu lila-lila jadi kaceluk ka awun-aun kakoncara ka janapria (ceuk dalang), nu antukna datang bangsa deungeun nu mawa budaya jeung agamana ka tanah pasundan oge tinangtu bangsa deungeun ge marawa oleh-oleh budaya jeung agama hasil panalungtikan luluhur Sunda pikeun disumebarkeun di lemah-caina nu tangtu oge diluyukeun jeung adat-budaya maranehna. Tah sanggeus bangsa penjajah datang kalayan pulitik adu dombana, nya jigana ti mimiti harita bangsa urang nu ngagem kaaslian nu mikareueus kalemah-caina dikerdilkeun ku panjajahan, nu ngagem agama nu bisa nguatkeun kacintaan jeung kanyaah ka lemah caina ditandasa, sabalikna mun nyebarkeun ajaran nu nguntungkeun penjajah, nu matak ngurangan mikanyaah jeung mikaasih ka lemah-caina disokong, antukna oge muterbalikeun sajarah nu pajar luluhur bangsa urang mah biadab teu berbudaya jeung agamana cenah animisme-dinamisme (nya kaharti da eta pulitik penjajahan – jadi lamun aya nu nyebutkeun yen luluhur urang baheula cenah teu beradab jeung nganut animisme-dinamisme, kacindekan kuring eta nu nyebut teh antek penjajah bae), atuh sagala bukti kaagungan jeung kaluhungan budaya luluhur urang diringkid ka nagara manehna, sangkan urang leungiteun tapak jeung leungit jati diri bangsana, nu dampakna ayeuna geuning karasa urang jadi leuwih ngaugung-ugung bangsa deungeun tinimbang bangsa sorangan. Jadi punten sakali deui kuring can bisa ngabuktikeun eta kayakinan soal kaluhungan elmu karuhun Sunda baheula, tapi apan ajaranna mah sabagian masih diparake keneh, nya mudah-mudahan sauetik-saeutik eta tutungkusan nu disimpen di bojong jalan, nu diteundeun di handeuleum sieum ditunda di hanjuang siang nuntut dibarukaan ku nu manggihan, kitu oge geus waktuna kaneron teh dibukaan, sugan jadi urang Sunda dihariap deui jeung urang Sunda ngahampura, Nya Sunda jaya deui.

Sual nu diagem ku ki dulur di Cigugur, Lebak Cawene, Ciparay, Gunung Halimun oge dulur di Kankes, eta intina mah sarua, nu beda teh raehanana saluyu jeung kondisi jeng situasi perkembangan jeung dongsokan dina kahirupan nu kaalaman mangtaun-taun, nu teu weleh ngalaman halangan jeung harungan boh nu di kota, dikampung sumawonna nu di gunung. Jadi tangtu bae geus loba nu laleungit, nya kitu deui dulur nu di Kanekes, nu diparake ayeuna memang masih asli, tapi geus teu lengkep, loba nu ditinggalkeun lantaran harita aya di alam panyumputan diudag-udag ku tentara kasultanan banten, nu tinangtu loba adat budaya nu teu bias dikembangkeun. Oge nincak di jaman alam kamerdekaan, jaman DI/TII masyarakat nu ngagem kasundaan dimusuhan jeung loba nu ditandasa tepi ka binasa, kitu oge jaman rengsena PKI, ku lantaran teu ngaku salah sahiji agama nu aya nya loba oge nu ditandasa jeung dibui da dianggap PKI, eeh jaman ayeuna oge masih keneh aya sikep diskriminasi ti pamarentahan, jeung deui ki dulur nu lian mani aranteng bae teu ngabelaan sumawonna narulungan, malahan mah sok loba nu ngilu nyalahkeun, iraha atuh pabaralik pikirna ???.
Tah sakitu bae heula pedaran ti sim kuring pikeun nedunan panghiap ti ki dulur kang Ganjar nu sanesna mah ke urang sampeur deui kapayun, oge kasanggakeun ka kidulur sunda sanesna, hayu atuh urang pada-pada mikareueus jeung mikanyaah ka elmu Sunda, kusaha deui mun teu ku urang. Hapunten nu kasuhun bilih langkung saur, bahe carek teu sapagodos jeung pamendak para dulur.

Cag ah, tabe pun sampurasun.
Pun Engkus tea.

21 thoughts on “Agama Sunda

  1. sandi

    Singkuring ngaraos bingah sareng reueus
    ka dulur ki sunda nu parantos nyukcruk kana
    sajarah jati ageman Ahung Sunda, sareng ieu
    sa’alit ageungna kuring ngaraos kacebor ku
    hanaang diri milari katuangan batin nu sakieu
    garingna ku alatan pareumeun obor.
    Paralun nun pami ieu babasan kuring pami
    katampina garihal.

    Waler
  2. YONA AHMAD

    BISMULLAAHIRRAHMAANIRRAHIIM…
    HAPUNTEN SATEUACANNA…
    SIM KURING URANG SUNDA TAPI TEU PATOS SAE NYARIOS KU BASA SUNDA…

    DALAM PANDANGAN SAYA DEWASA INI BANYAK ORANG YANG BARU TAHU SEDIKIT SUDAH MEMASTIKAN BAHWA PENGETAHUANNYA ADALAH YANG PALING BENAR….

    DALAM HAL MENYOROTI TENTANG BANYAK NYA AJAKAN UNTUK KEMBALI KE AGAMA SUNDA YANG SEBAGIAN PIHAK MENGKLAIM SEBAGAI AGAMA YANG PALING TUA (NAMUN BAGI SAYA BELUM TENTU YANG PALING BENAR), PANDANGAN SAYA ADALAH SBB:
    SAYA CENDERUNG LEBIH BERPIKIR KEPADA TEORI YANG DIKEMUKA KAN OLEH PROF. ARYSIO SANTOS BAHWA DAHULU DAERAH NUSANTARA UMUMNYA ATAU DAERAH SUNDA KHUSUSNYA, DISANA TERDAPAT SEBUAH PERADABAN MAJU YANG KEMUDIAN DALAM PERJALANAN SEJARAHNYA MENEBARKAN BENIH2 PENGARUH BUDAYA MEREKA KE SELURUH PENJURU DUNIA. PROF. SANTOS JUGA MENGEMUKAKAN BAHWA PENDUDUK SETEMPAT SUDAH MENGENAL AJARAN YANG MONOTHEISME.
    JIKA KITA MENARIK KORELASI DENGAN SEJARAH AGAMA2 TAUHID (ISLAM, KRISTEN, YAHUDI) MEMANG BANYAK HAL YANG BISA KITA TARIK TITIK TEMU DAN JUGA BANYAK KETIDAK SESUAIAN JUGA DENGAN TEMUAN ILMIAH.

    ADALAH MUNGKIN BAHWA PENDUDUK NEGERI TERSEBUT MERUPAKAN GENERASI2 AWAL MANUSIA KETURUNAN NABI ADAM AS….. (AGAMA SUNDA WIWITAN MEMPERCAYAI ADANYA NABI ADAM AS. SEBAGAI MANUSIA PERTAMA).
    ADALAH MUNGKIN JUGA MERUPAKAN NENEK MOYANG RAS-RAS MANUSIA DI SELURUH DUNIA…
    ADALAH MUNGKIN BAHWA PENDUDUK NEGERI PURBA TERSEBUT SUDAH MENGENAL TAUHID…
    ADALAH MUNGKIN BAHWA PERADABAN TERSEBUT SEIRING DENGAN WAKTU MENGALAMI DISTORSI PEMAHAMAN TERHADAP AJARAN AGAMA MEREKA… (MUNGKIN LELUHUR MEREKA MENYURUH UNTUK MENYEMBAH TUHAN, MEREKA MALAH MENYEMBAH MATAHARI)
    ADALAH MUNGKIN PERADABAN TERSEBUT JUGA MENYEBARKAN PEMAHAMAN AGAMA MEREKA (BAIK YANG TERDISTORSI MAUPUN TIDAK) KE SELURUH DUNIA SESUAI DENGAN TEORI PROF. ARYSIO SANTOS….

    DENGAN BERBAGAI KEMUNGKINAN DIATAS, MAKA SAYA MENARIK KESIMPULAN BAHWA…
    MUNGKIN KITA ADALAH KETURUNAN DARI PERADABAN TERSEBUT, NAMUN KARENA RENTANG WAKTU YANG SANGAT JAUH DAN DITAMBAH DENGAN SEGALA PROSES ASIMILASI MAUPUN SEGALA PROSES EVOLUSI ALAMIAH YANG LAIN, BELUM TENTU BAHWA ORANG SUNDA SEKARANG ADALAH SAMA DENGAN ORANG PERADABAN SUNDA JAMAN DULU…. (BAHKAN ADA TEORI YANG BERPIKIR PENDUDUK PERADABAN TERSEBUT JUSTRU MERUPAKAN NENEK MOYANG BANGSA YAHUDI/ISRAEL)..

    OLEH KARENA ITU MAKA AJARAN AGAMA SUNDA YANG ADA SEKARANG YANG DIGEMBORKAN UNTUK KEMBALI KE AGAMA TERSEBUT, BELUM TENTU MERUPAKAN MANIFESTASI DARI AJARAN AGAMA SUNDA PADA PERADABAN KUNO TERSEBUT. TERLEBIH DENGAN TERJADI BANYAKNYA DISTORSI YANG MUNGKIN TERJADI SEPANJANG RENTANG WAKTU YANG SANGAT PANJANG ITU….

    WALLAHU’ALAM BISSAWAB

    BAGI SAYA AJARAN TAUHID APAPUN YANG TELAH ADA PADA MASA ITU TIDAK SERTA MERTA KITA HARUS KEMBALI KEPADA AJARAN TERSEBUT (APALAGI AJARAN YANG TELAH TERDISTORSI), KARENA SEGALA AJARAN YANG TELAH DITURUNKAN SEMENJAK NABI ADAM AS. TELAH DI SEMPURNAKAN OLEH NABI BESAR MUHAMMAD SAW.

    HATUR NUHUN
    WASSALAMU’ALAIKUM WAROHMATULLAAH WABAROKAATUH

    Waler
    1. sukapura Post author

      Terimakasih kepada kang YONA AHMAD
      AJARAN NABI MUHAMMAD SAW atau yang disebut ISLAM pun sekarang sudah terjadi distorsi. Hal ini sudah diingatkan dalam Hadist Nabi sendiri, bahwa Islam akan terbagai 73 Golongan…dan setrusna.

      Untuk bahan kajian mengenai Ageman Sunda, baru-baru ini saya sudah buat Tulisan AGEMAN SUNDA Numutkeun AGEMAN MUHAMMAD, silahkan Download Filenya : http://www.box.com/s/6c8dc77cc6f281299951

      Bahasana Campur, Bahasa Sunda sareng Bahasa Indonesia
      Mudah-mudahan kapayun tiasa di bahasa Indonesia keun sadaya.
      hatur nuhun

      Waler
  3. Ehan Legy

    Kalayan nyebat nami Nu tinasti Maha disembah nu maha welas tur nu maha asih.
    Sam-pura-sun… (tempat netepkeun katurunan Sam)

    Mugia janten bahan guareun salaku pawaris para karuhun

    Aya 2 perkara nu panginten ku urang tiasa diguar kanggo bekel kapancegan kana galur. nyaeta :
    1. Sacara kamanusaan
    Pamendak simkuring sacara kamanusaan ageman Sunda saluyu pisan nu diguar di luhur kedah saenyana salaku manusa urang ngagem kana kapancegan sapertos kitu da panginten eta pisan nu dipikaharep pikeun bekel mangsana kacindekan tumiba, mulih ka jati mulang kaasal. Dinya 1 perkara, bangsa urang kirang sadar maos sarengnumutkeun tina sajarah nu ditarulis ku para pangatik rehna tos lami pisan urang teh geningan dijajah kubangsa dengen, dugikeun teu karaos sok ngagul-ngagulkeun kaluhungan bangsa dengen tinimbang ema jeung ama sorangan, tinimbang karuhun urang sorangan, tinimbang lemah cai urang sorangan. Mugi ieu mangsa sing dijadikeun mangsa panggeuing pikeun ngabuka sagala rusia nu keur disarumputkeun, duka disumputkeuna kusaha? tapi simkuring yakin, yen sare pasti aya hudangna, ngalindur aya sadarna jeung nu hudang ge pasti aya sarena saacan sare sapapanjangna. naon dipikahareup ku urang Sunda aranjeuna bakal baralik deui kana ageman Sunda sapanjang agemanana aya tetep panjeg dina galur ti kersaning sanghyang bebeneran. Palebah perkara nu ka 2, urang nyakseni salaku manusa nu ngabogaan tugas pikeun mulasara dunya boh dunya alit atanapi dunya nu kaeusi ku taneuh, cai, seuneu, angin jeung sajabana, eta mangrupa kakawasaan Gusti yen gening nusa teh lain di urang hungkul jeung manusa teh lain ngan di urang hungkul, nu beunghar ku banda alam ge lain ngan urang hungkul, nya tangtu elmu oge lain ngan di urang hungkul. Kusabab eta hate urang ulah ditutup ku rupa-rupa bebeneran nu datangna timana wae sapanjang eta warta saluyu jeung rasa rumasa salaku kamanusaan jeung keur nyiptakeun karahayuan manusa. Simkuring yakin yen urang Sunda lain bangsa beungeut nyinghareup ati mungkir, nu tutup kana rupa-rupa bebeneran.
    2. Kersaning nu maha Tunggal
    Sapamendak simkuring kayakinan manusa kanu maha Tunggal geus teu bisa di tawar-tawar, kusabab eta pisan nu diuningakeun ku para karuhun urang. Atuh saestuna naon-naon nu aya dina diri urang ayeuna, boh kayakinan, boh kahirupan kadunyaan sing yakin yen urang keur ditalingakeun kunu maha Tunggal. Datangna bangsa deungeun ka urang nu tuluy mawa rupa-rupa pamonesna, nya da meureun salah urang sorangan naha urang beut kieu wae, naha karuhun urang beut bareulah, kapanan kakawasaanmah ngan milik Gusti urangmah sakadar ngalalakon, naha beut loba dibangsa urang nu hayang ngawasa, kapanan sidik ceuk beja ge nu hayang ngawasamah ku Gusti ge dibenduan malah dibere julukan mahluk nu ngaliwatan wates wangen, naha bangsa dengen nu datang kaurang inyana sadar yen rek nebarkeun bebeneranmah lain kudu nanceubkeun pataka kakawasaan. Ti palebah dieu keun wae nages mangsanamah pasti bakal kabuka, hayu urang bukaan, urang guar satapak demi satapak sugan wae di widian ku Gsuti nu maha suci, yen niat jeung nyanghareup urang dina raraga muka pituduh Gusti sangkan manusa enya-enya ngalalkon salaku manusa salaku mahluk ciptaan Gusti, geura parasrahkeun hate jeng raga urang kanu ngusik jeung malikeun urang, sangkan dibere bongbolangan, sangkan digampangkeun dina ngalakonan hirup jeung hurip urang saacan bailk deui kapangbalikan.

    cag sakieu heula. mugi kapayun bisa disambung deui.

    Waler
  4. Teguh komara

    Duh geuning meni matak kataji ari diguar mah,kacida luhur ajenna ajaran sunda teh…pedar deui kang anu sanesna

    Waler
  5. rudy kartakusuma

    Sampurasun, kaleresan sapagodos sareng pamadegan sim kuring. yen sunda pang kolotna dibuktoskeun ku kalender/kalaider sunda anu di guar ku pun lanceuk Ali Sastramidjaja (alm). katambih deui ayeuna kapendak yen benua atlantis teh ayana di urang.

    Waler
  6. Ukar Kardilam

    Sampurasun, Abdi mani bingah pisan kang sareng jelas tur jentre eta sasauran teh leres pisan ari ngangken urang Sunda kedah urang teh mupusti adat istiadat, agama sareng budayana. Maga kang geura diteraskeun. Mugia Rahayu, Rahayu, Rahayu, Rahayu Sadung Dumadi.

    Waler
  7. Ade Dadang Darsono

    Sampurasun.
    Sampun paralun ka sadaya, utamina ka sukapura nu gaduh ieu buruan.

    Endah pisan upami tos ngabahas Kolaborasi Islam – Sunda, Ageman nu nurub Cupu, serasi pisan.

    Salam ti Purwakarta

    R A H A Y u

    Waler
    1. sukapura Post author

      Rampeeeees….., Wilujeng Sumping kang Ade…
      Haturnuhun parantos rurumpaheun di ieu blog, hapunten bilih kirang panampiannana, telat ngawalerna, margi bari nuju ngaprak di Alam Nyata janten Alam Maya kirang enggal kapariksa…

      Salam oge ti simkuring kasadayana…
      Rahayu…

      Waler
  8. jalmi

    sing emut kana kecap akhir dina uga wangsit SILIWANGI…GERA TEANGAN BUDAK ANGON,ULAH AREK NGALIEUK KA TUKANG!!!
    mangga lenyepan hartosna ku dulur sadaya

    Waler
  9. watch dogs trailer

    A fascinating discussion is definitely worth comment.
    I think that you ought to publish more about this subject matter,
    it might not be a taboo matter but usually people do not discuss such subjects.
    To the next! Many thanks!!

    Waler
  10. REAM

    BissmiLlah….
    Assmlkm….wr…wb….
    hapunteun anu kasuhun….ka saderek baraya dulur sunda….
    jig geura narindak ” ulah ngalieuk katukang ”
    masyaaLlah urang sunda teh…. urang sadayana termasuk nu tiwetan sing mahade….
    Assmlkm…wr..wb

    Waler
  11. Sandi Kaladia

    JAMAN BARU DATANG UNTUK MEMBUKA TABIR
    KONSEPSI WIWITAN YANG TAK LAIN ADALAH
    KONSEPSI SANGKAN PARANING DUMADI.

    Apa kata Mandalajati Niskala?

    Mandalajati Niskala menuturkan:
    Berbicara KONSEPSI WIWITAN tak lain
    adalah berbicara KONSEPSI PRIMA CAUSA atau
    KONSEPSI JAWAHAR AWAL & JAWAHAR AKHIR.

    JAWAHAR AWAL disebut “TATANAN WIWITAN”, yaitu
    SUNA + DA = SUNDA atau Tatanan Bumian.
    JAWAHAR AKHIR disebut “TATANAN TAMATAN”, yaitu
    SUNA + H = SUNAH atau Tatanan Langitan.

    Catatan :
    Suna = Tatanan
    Da/D = Bumian
    Ha/H = Langitan

    Sunda adalah SISTEM FITRAH BUMIAN
    disebut “FEMINIM SYSTEM”.
    Sunah adalah SISTEM FITRAH LANGITAN
    DISEBUT “MASKULIN SYSTEM”.
    Keduanya merupakan SISTEM FITRAH IBU & BAPA,
    atau WIWITAN & TAMATAN yang satu sama lain
    harus mengikat & “TIDAK BOLEH BERCERAI”
    Ikatannya sendiri adalah IKATAN
    SISTEM KESELAMATAN, yang secara bahasa
    disebut “SISTEM ISLAM”.
    Sunda adalah SISTEM ISLAM BUMIAN.
    Sunah adalah SISTEM ISLAM LANGITAN.
    Sunda adalah SISTEM KEIBUAN.
    Sunah adalah SISTEM KEBAPAAN.
    Hindarkan EGO SUNDA & hindarkan EGO SUNAH, sbb
    keduanya merupakan FITRAH YG HARUS BERSATU.
    Demikian kata Mandalajati Niskala.

    Jika demikian menurut saya (Sandi Kaladia)
    untuk kata SUNDA, kata SUNAH, kata ISLAM,
    maupun kata WIWITAN jangan memakai LEBEL
    AGAMA atau LEBEL KEPERCAYAAN, sbb ITU
    SEMUA ADALAH HAL-HAL YANG FITRAH.

    Selanjutnya MANDALAJATI NISKALA dlm penggalian
    memasuki Ruang Insun, telah Melahirkan
    Konsepsi SANGKAN PARANING DUMADI
    yg Fitrah, Original & ditemukan Sangat Anyar.
    KONSEPSI TERSEBUT BETUL BETUL BEGITU
    SEDERHANA, NAMUN SANGAT MENYERUAK
    DI KEDALAMAN YANG TANPA BATAS, sbb:

    1♥Barang siapa yang memahami NAFAS~nya,
    akan memahami rahasia HU~DA~RA~nya.
    (HU~DA~RA adalah Whitehole berupa potensi
    JAWAHAR AWAL, yang menjadi sistem
    TRI TANGTU DI BUWANA, dan jadilah ketentuan
    Tuhan SEGALA MACAM KEJADIAN
    SECARA SISTEMIK TERMASUK MANUSIA)

    2♥Barang siapa yang memahami HU~DA~RA~nya,
    akan memahami potensi HI~DI~RI~nya.
    (Potensi HI~DI~RI meliputi:
    HI adalah alam Subconcious
    DI adalam alam Concious
    RI adalah alam HIperconcious)

    3♥Barang siapa yang memahami HI~DI~RI~nya,
    akan memahami satuan terkecil DI~RI~nya.
    (Tribaka, Panca Azasi Wujud &
    Panca Maha Buta)

    4♥Barang siapa yang memahami DIRI~nya,
    akan memahami HI~DIR~nya.
    (Kesadaran Semesta = Kesadaran Manunggal)

    5♥Barang siapa yang memahami HI~DIR~nya,
    akan memahami satuan terkecil ATMA~nya.
    (Kehidupan JAWAHAR AKHIR yang mengendap
    pada Tribaka)

    6♥Barang siapa yang memahami ATMA~nya,
    akan memahami TAMAT~nya.
    (Reaktor Nuklir dari akumulasi satu
    Oktiliun Tribaka pada tubuh manusia,
    yang segera memasuki Blackhole
    untuk keluar dari Jagat Raya
    dan meledak menjadi Bigbang,
    di ruang hampa, gelap gulita,
    bertekanan minus)

    7♥Barang siapa yang memahami TAMAT~nya,
    akan memahami WIWIT~nya.
    (Ledakan Bigbang membentuk Whitehole
    yaitu berupa potensi Jawahar Awal
    di Jagat Raya Baru)

    (Peringatan dari Mandalajati Niskala:
    “JIKA ANDA SULIT UNTUK MEMAHAMI,
    LEBIH BAIK ABAIKAN SAJA. TERIMA KASIH)
    ════════════════════════════
    Mandalajati NIskala membuka sebuah tabir
    PINTU JAWAHAR AWAL
    KE PINTU JAWAHAR AKHIR

    Manusia pada hakekatnya bagian dari Tuhannya.
    Seluruh isi semesta “BERENANG-RENANG” TENGGELAM
    di dalam TUBUH TUHAN SANG MAHA BESAR.
    (Zibghotulloh).

    Sagala sesuatu termasuk Manusa MANUNGGAL
    di dalam TUBUH TUHAN SANG MAHA BESAR.
    (Sapanunggalan).

    TUHAN SANG MAHA BESAR, sekaligus juga
    Sang MAHA KECIL memiliki
    TIGA ENERGI PRIMER (Tri Tangtu Di Buwana),
    yang “gumulung” jadi tunggal, dari lingkup
    SANG MAHA BESAR sampai pada lingkup SANG MAHA KECIL
    disebut; JAWAHARA HAWAL WAL HAKHIR (JHWH), berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BENING♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BENING♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BENING♥

    SANG MAHA BESAR / AGUNG
    adalah “JHWH” dalam CAKUPAN ALAM MAKRO,
    yaitu ZAT ABADI SANG MAHA BESAR berupa HU~DA~RA
    YANG BERADA DALAM KEMANUNGGALAN KHALIQ,
    mimiliki:

    Energi “HU” Acining Air, berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BIRU♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BIRU♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BIRU♥

    Energi “DA” Acining Tanah, berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA KUNING♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA KUNING♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA KUNING♥

    Energi “RA” Acining Api, berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA MERAH♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA MERAH♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA MERAH♥

    Ketiganya Gumulung di dalam SAJATINING HUDARA, berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA ULTRA VIOLET MENUJU PUTIH♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA ULTRA VIOLET MENUJU PUTIH♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA ULTRA VIOLET MENUJU PUTIH♥

    SEBAGAI PINTU HAWAL Zat Abadi Makro,
    yang disebut JAWAHAR HAWAL, yaitu:
    BIGBANG (Ledakan Nuklir) yang keluar dari WHITEHOLE.
    Inilah yang disebut proses DIA MENJADIKAN INSUN.

    SANG MAHA KECIL / LEMBUT
    adalah “JHWH” dalam CAKUPAN ALAM MIKRO,
    yaitu ZAT ABADI SANG MAHA KECIL berupa ATOM
    YANG BERADA DALAM KEMANUNGGALAN MAKHLUK,
    memiliki:

    Energi “HU” Proton, berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BIRU♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BIRU♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA BIRU♥

    Energi “DA” Netron, berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA KUNING♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA KUNING♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA KUNING♥

    Energi “RA” Elektron. berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA MERAH♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA MERAH♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA MERAH♥

    Ketiganya “Gumulung” dlm SAJATINING HATOM (Atom), berupa:
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA IMPRA MERAH MENUJU HITAM♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA IMPRA MERAH MENUJU HITAM♥
    ♥POTENSI GELOMBANG CAHAYA IMPRA MERAH MENUJU HITAM♥

    sebagai PINTU HAKHIR Zat Abadi Mikro,
    yang disebut JAWAHAR HAKHIR, yaitu:
    INDUKSI INTI (Reaktor Nuklir) yg masuk ke dlm BLACKHOLE.
    Inilah yang disebut proses INSUN JADI DIA.

    (Peringatan dari Mandalajati Niskala:
    “JIKA ANDA SULIT UNTUK MEMAHAMI,
    LEBIH BAIK ABAIKAN SAJA. TERIMA KASIH)
    ════════════════════════════
    Syair Sunda:
    JAWAHAR AKHIR NGARAGA~DIA
    ditulis ku Mandalajati NIskala

    Atma na sakujur raga.
    Hanargi museur na tazi.
    Bobot Bentang JAGAT RAYA panimbangan.
    Paeunteung eujeung.

    Ziro sazironing titik Nu Maha Leutik.
    Madet dina JAGAT LEUTIK.
    Gumulung sakuliahing cahya.
    Ngahideung Nu Maha Meles.
    Ngan beuratna Maha Beurat.

    Insun gumulung nu Tilu NGAMANUNGGAL;
    PARA~TRI~NA, NI~TRI~NA jeung
    HOLIK~TRI~NA dina Jawahar Akhir.

    Tandaning Insun lulus nurubus.
    Lolos norobos, Robbah lalakon.
    Kaluar tina Sapanunggalan Gusti Nu Maha Suci.
    Bitu ngajelegur.
    Manggulung-gulung kabutna.
    Huwung nungtung ngahujung.

    Jadi jumadi ngajadi.
    INSUN ROBBAH NGARAGADIA.
    Gelar Ngajawahar Awal.
    Gusti papanggih jeung Gusti.
    Dina babak carita SAWA~RAGA~ANYAR.

    Ahuuung Ahuuung Ahuuung Aheeeng.
    ════════════════════════════
    Filsuf Sunda MANDALAJATI NISKALA, sbg:
    Zaro Bandung Zaro Agung
    Majelis Agung Parahyangan Anyar.

    Klik di google Mandalajati Niskala
    BACALAH SELURUH SULUR BUAH PIKIRANNYA.

    Pengirim Komentar:
    @Sandi Kaladia

    Waler
  12. isuningrat

    Sumangga urang aos, aji, tur jiniskeun… kahade lepat nu diaosna, lepat nu diajina, tinangtos lepat ngajiniskeunana!!!

    Waler

Tunda talatah