Halalna Peupeuncitan 2

Re: [kisunda] Halalna peupeuncitan
engkus ruswana

Fri, 18 Mar 2005 09:13:43 -0800
Haturan Kang Oman, nganuhunkeun pisan rehna sim kuring asa bray kacaangan sok sanaos masih carangcang tihang, nanging tos lumayan, margi salami ieu katerang sim kuring mah diteraskeun sareng ar-rahman ar-rahim tea, malihan sababaraha kali nyakseni nu meuncit domba/sapi. Ras ingetan sim kuring baheula waktu keur leutik kolot kuring sok rajin miara hayam jeung entog.

Tah sakali waktu rek hajatan bapa kuring nitah pangmawakeun hayam jago ka tatangga nu sok biasa peupeuncitan. Tapi samemehna teh dipangku heula bari dielus-elus jeung diomongan mani tartib jeung bangun ngaharewos da kuring ge teu ngareungeu naon nu diomongkeun, tapi ari hayamna cicing bangun ngarti kana omongan kolot kuring, nya terus dibikeun ka kuring pikeun dibawa ka tukang meuncit tea. Tah eta peta kitu teh sababaraha kali kasaksi ku kuring, atuh kuring jadi panasaran naon nu diomongkeun bapa kuring ka hayam, tah sanggeus dijelaskeun nya kaharti saharitaeun, tapi da maklum keur budak teu papanjangan atawa nyukcruk jero, ngan sanggeus baleg karek paham.

Eta katerangan bapa kuring intina mah nerangkeun, yen adat Sunda titinggal karuhun nu kacida kudu paheut dicepeng diantarana papagon atawa tata-krama “mipit kudu amit, ngala kudu bebeja”, tah cenaha ceuk pun bapa sok sanajan manusa wenang pikeun ngamangpaatkeun naon bae di alam ieu kaabus sasatoan tata-titi duduga-prayoga tetap kudu dipake teu meunang sawenang-wenang, sabab sanajan hayam, eta ge sami tunggal mahluk Gusti nu oge dipasihan hak sareng kawenangan ku Gusti pikeun ngajalankeun hirupana. Tah waktu urang merlukeun bari jeung megatkeun hak hirupna nya kudu dipenta ikhlas-ridona ti eta hayam, pikeun nunjang kahirupan manusa, sangkan manusa bisa ngajalankeun kamanusannana, ceug cohagna mah hirupna hayam rek ditingkatkeun darajatna jadi hirupna manusa.

Tah eta intina mah omongan pun bapa ka hayam nu rek dipeuncit teh, kuring kungsi nanya ka bapa: “naha hayam ngartieun kitu kana omongan bapa”, Jawab pun bapa : “Eeh jang, sok sanajan hirupna hayam beda jeung hirupna jalma, ngomongna hayam beda jeung ngomongna jalma, tapi ari rasana mah sarua, tunggal kawit ti Nu Maha Kersa, hayam ge boga rasa lapar-haus,tiris-hareudang, susah-senang, kawani-kasieun, boga rasa nyeri, boga rasa sieun jeung embung paeh, boga rasa-rumasa, jeung sajabana. Tah jadi dina menta kaiklasanana teh kudu dibarengan ku bahasa rasa”. Kitu katerangan bapa kuring. Memang duka ngartieun eta hayam nu jelas kasaksi ku kuring unggal keur diomongan hayam teh cicing semu ngeluk bari ngabandungan, jeung dina prakna dipeuncit dina waktu kuring nyepengan suku jeung jangnjangna teh teu karasa perlawanan eta hayam, jeung dina ngaleupaskeun nyawana teh enya ngan ukur kekelepekan lemah teu nepi ka gagarapakan.

Tah kitu kang Oman, pangna kuring tumanya teh bakat ku hemeng teu ngarti tea antara pangarti nu dibejakeun ku kolot kuring jeung harti nu katangkep ku kuring dina prak-prakan halal-haramna peupeuncitan. Kitu kamg, hatur nuhun kana bongbolongna.
Baktos
pun Engkus.

Tunda talatah