Halalna Peupeuncitan

Re: [kisunda] Halalna peupeuncitan
oman abdurrahman, Thu, 17 Mar 2005 19:33:28 -0800

Rampes,
Bagea Kang Engkus,

Sapuk Kang, sakumaha anu katampa ti anu nuturkeun, memang Bismillah kanggo pepeuncitan mah heunteu diteraskeun ku kalimah “ar-rahman ar rahim”, namung ku kalimah sejenna, jalaran patojaiyah tea sakumaha anu jadi kahemeng salira.

Tegesna, kanggo peupeuncitan teh sanes dikawitan ku kalimah “Bismilaahirrohmanirrohiim”, namung ku kalimah “Bismillaahi laa yadhurru ma’smihi syae un fi al-ardhi wa la fi as-sama wahuwa as-samiiu al aliimu”. Hartosna: “kalayan nyebat asma Alloh anu teu aya anu mudharat sinareng asma-Na naon bae perkara anu aya di bumi sareng di langit jeung Anjeun-Na eta anu Maha Ngarungu sareng Maha Uninga”…teras niat nu sanesna (anu sasari, nuduhkeun sato naon anu dipeuncit dipungkas ku lillahita’ata)….kececet bae).

Sapuk oge, kana pamadegan anu heunteu nyatujuan kana naon rupa da’wah pikeun kasalametan, tapi manifestasina malah nyieun karuksakan. Dina kahirupan sapopoe, seueur anu “ngatasnamikeun agama” tinimbang anu “pikeun agama”. Agama mah agama naon bae. Muga urang sadaya diaping jeung dijaring ku anu Maha Kawasa tina laku sarupi kitu. Amin.

Baktosna,
ManAR

Tunda talatah