Penca Silat

Re: [kisunda] Penca di Paris (budaya campur — budaya nasional?)
— sastranegara wrote:

Sajarah asal “kendang penca” aslina ti US, urang Thailand oge niron / nginjem kendang ti US anu dianggo upacara ngabuka pertandingan “Tai Boxing”, kitu oge eta kendang teras ke nagara Burma, Laos sareng Vietnam. Eta asal-usul kendang dibuktoskeun ke para ahli arkelogis.

Jadi memang leres anu namina “Sunda Land” (Sunda Ageung) teh tos kasohor di USA, nu kapungkur teh nu sebat “kontinental” teu acan kapulauan. Seur pisan teori barat tinu hal ihwal tanuh sunda nu tos kasohor merenahna budaya US. Singkatna upami eta kaaslian penca silat di adu manis nu jeung laina asa sareukseuk katingalina. Lamun di USA mah “cross training”…jelma-jelma nu teu boga jatidiri tea, diaduk-aduk janten nasi uduk.

Komo deui mun nu ningalina jiga kuring asa era ngaku US. Kuring duduluran jeung para Pendekar Banten malihmah nigali langsung kendang penca, teras bersilat, sareng elmu goib. Ieu teh tos janten tradisi US dina upacara naon wae contona:
Pertandingan akbar sa nasional sa international, nikahkeun, nyunatan, ngalahirkeun, lulus sakola jadi sarjana, anak nunggal jeung sajabana.
Eta eusi pencak silat gaduh hartna anu tos merenah di tatar sunda. Laguna /sinden, kendang bapa, kendang ibu, kendang anak, tarompet jeung go’ong. Teras olah gerakna “gaya palered, cikalong….ciomas. tepak tilu (kuring keur leutik ngalaman jeung Abah Aleh) “tilu tepak modar siah” pokonamah matih euy eta elmu kepretan ti Abah teh. Kuring mah upami ngiringan ritualna eta penca aya macem-macemna contona emam daging hayam kedah seep jeung tulang-tulangna, malihmah beusi oge kedah dituang percanten teu percanten….kuringmah ngalakonan, taroskeun wae ka Abah-Abah.

Hiji conto perkumpulan pendekar banten upami ngayakeun pakaulan demona nepi ka ngabeubeutkeun budak leutik kana bamboo runcing. Suku dipaku kuring ngarasakeun sakali, letah dipotong, sirah dibaledog bata beureum, badan di jait ku kawat. Tah ieu teh asli pisan ayana di US titisan GAGAKLUMAYUNG anu teu aya nu ngelehkeun di tanah Jawa. Jadi US sundamah tara eleh dina peperanganmah, jeung silat oge enggeus pasti leuwih merenah elmuna da aya nu ngapingna keur cocoan US. Maranehna urang wetan oge loba nu niron ti US ngan di Jawakeun supados jawa leuwis dominan tinu laina, saleresna sunda keneh elmuna, mung digentos ku OOOOOOO.

Eta conto-conto elmu US anu goib seueur pisan nepi ka ayeuna ayana di tiap kota sa sunda anu beda-beda pakemna ti unggal daerah tapi tetep sa sunda hartos demokratis tea anu di sabda ku Prabu Siliwangi. Saya mah erek neangan Abah-Abah anu daek mere pangajaran penca nu rada demokratis tea anu teu demokratis da embung komo deui bari jeung teu iklasmah (pasti hargana MAHAL), nya tangtu tujuananamah budaya sunda ulah leungit. Sok atuh Baraya kompulkeun eta seluk beluk elmu penca teh ulah leungit dibawa maot, sebarkeun kanu daek nyebarkeun deui jiga simkuring, kuring ngan sa ukur alat NUR SUNDA ti ABAH_ABAH.

International Paris Open Pencak Silat anu diayakeun ku Asosiasi Pencak Silat Prancis. Lumayan oge pamilonna aya kana 15 nagarana, diantarana wae Jerman, Walanda, Rusia, Jepang, Malaysia, Suriname, Itali, Filipina, Pranncis jsb Sadayana eta elmu anu di jantenkeun media budaya penca anu internasional , saleresna sadar-henteu sadar maranehna miara elmu-elmu US, nyaeta neraskeun karuhun Prabu Silawangi, Gagak Lumayung, Tajimalela, Dipati Ukur…..,janten kedah bangga atuh jadi Urang Sunda (US).

Kuring di New York City ningali pameran BEDOG2AN / PARANG ti nagara IRAN sakantenan atos nyabak PEDANG asli SYAIDINA ALI (PENDEKAR ARAB) anu jadi lawan GAGAK LUMAYUNG (PENDEKAR SUNDA).
Tos sakieu heula baraya engke diteraskeun deui kuring nembe uih ngalatih penca , euleuh geuning urang USA teh resep elmu penca ti US, dinten ieumah kuring ngawurukan elmu macan / maung ngalagebay / maung lodaya, maung bodas. Ku kuring di sabda eta barudak anu bade jadi memperjuangkeun budaya US, ieu sabdana “maraneh / murid KU anu nuluykeun budaya US erek di bere hadiah elmu ngaleungit keur nyumput maraneh cicing dinu caang”, tah ieu teh elmu Prabu Siliwangi.
Baktos.
Yan NYC

engkus ruswana
Tue, 05 Apr 2005 09:11:25 -0700

Sampurasun para wargi, Sapuk pisan sareng kang Sastra, sapamadegan pisan sareng sim kuring yen penca silat teh estuning pituin hasil kamotekaran luluhur urang sunda. Sakaterang kuring Beja ti kolot yen penca silat teh kaling ti ngandung olahraga nu sifatna kanuragan oge ngandung palsapah nu adi linuhung nu jadi ciri titinggal karuhun, geura urang titenan yen jurus atawa gerakan inti dina penca teh aya tilu rupa, nyaeta :

1. Kari, nu ngandung gerakan newak jeung miceun
2. Madi nyaeta gerakan neunggeul; jeung
3. Sera, nyaeta gerakan pikeun ngalumpuhkeun/maehan. Tah eta 3 gerak inti ieu lamun dilarapkeun kana diri nyaeta pikeun ngalawan hawa nafsu nu nyaliara dina diri. Sakumna urang Sunda kudu bisa newak nafsu goreng nu datang kana diri nu saterusna kudu bisa dipiceun, tah upama nafsu terus ngagugudung nya kudu dilawan leuwih kuat ku paneunggeul, jeung lamun nerejel bae tur ngabahayakeun kana diri nya kudu dipaehan.

Harti dina kecap cenah PENCA teh hartina pancakaki sedenkeun silat hartina carita. Jadi penca silat teh ngandung hari pancakaki liwat carita (tungtunan). Parangkat Penca Silat aya kendang indung jeung kendang anak, aya goong jeung tarompet. Eta kabeh gerakan silat tur tatabeuhan kudu nuturkeun tabeuh kendang indung. Bahan kendang tina kai nu disebut kuluwung (kula suwung)jeung kulit nu disada lamun ditepak. Dina kendang indung aya tali nu meulit pikeun narik kulit nu disebut rarawat nu jumlahna 9, sedengkeun dina kendang anak jumlah rarawat teh aya 7, sedengkeun goong ngagantungna teh dina gantungan nu disebut kakanca.

Naon atuh pihartieunnana, Ceuk kuring kieu. Dina ajaran kasundaan yen fungsi Indung teh mangrupakeun wujud nu kudu jadi patokan nu nungtun jalan hirup urang sarerea dina raraga ngajalankeun lalampahan di dunya, sumawonna anak kudu tuhu kana tungtunan indung. Dina diri indung (oge bias dihartikeun tuntunan/patokan nu ngancik dina diri) aya 9 tali/pangawasa ti Gusti Nu Maha Suci nu kudu dirarawat, nyaeta :

1. Uteuk jeung elinganna
2. panon jeung awasna
3. ceuli jeung eungeuna
4. irung jeung angseuna
5. sungut jeung ucapna
6. sarap jeung rasana
7. hate jeung pikirna
8. leungeun jeung obahna jeung
9. suku jeung langkahna.
10.
Tah eta 9 pangawasa nu jadi indung kahirupan urang kudu dirarawat. Atuh 7 pangawasa nu nopang kahirupan urang nu jadi anak nu kudu nuturkeun patokan/tungtunan indung jeung tangtu oge kudu dirarawat nyaeta :1)gerak langkah; 2) kahayang; 3) kanyaho; 4)hirup; 5)reungeu ;6) awas jeung; 7)ucap. Tah lamun anak geus bisa nuturkeun patokan nu jadi indung geuning dina unggal pamungkas udagan sok digoongan nu cenah ” AGUNG-AGUNG-AGUNG”, nu tangtu sora pamuji teh teu bisa nabeuh ku sorangan, da kareng disada goong teh lamun digantungkeun dina kakanca (batur/baraya).

Atuh tarompet terus disada, nu ngahempek-hempek nitah prak digawe. Nu hartina pek geura digawe nuturkeun patokan nu jadi indung nu kaancikan/dirarawat 9 pangawasa dina diri ngagunakaeu 7 kawasa diri supaya genah-merenah-tumaninah, nu tangtu jadi jalma nu agung ceuk batur.

Soal kuluwung kai jeung kulit, eta ge bisa dilarapkeun kana diri, wujud kuluwung teh aya, tapi kosong jerona ngandung hart yen sabenerna aya kula/kaula (kuringna) nu sok kadang dianggap suwung (kosong/euweuh), nya bisa panggih (kulawung=panggih) lamun ditepak kulitna, nu hartina bisa pangging jeung kuringna nu asal ti Gusti lamun geus bisa nepak diri (nyungsi diri, nyuay badan, ngotektak awak). Tah kitu para wargi pairan kuring soal penca silat, hapunten bilih teu sapamadegan.
Rampes,sun.
pun Engkus

2 thoughts on “Penca Silat

  1. haji

    Ari sim kuring sakulawarga mah tiasana penca karuhun anu kalebetan karuhun. Dugi ka gugulingan,aari penca silat mah teu tiasa tiasa acan,aya karuhun maung,karuhun garuda karuhun barangbangsemplak,mun tos denger. Kendang penca aanu. Laagu. Laagu. Kidung. Jeng. Bbuhun waduh langsung. Luncat mmun teu kiat nahan. Mmah,kumaha. Tah. Solusina apa gerakan na. Perlu dikembangkeum. Atau kumaha. Nya. Aakang akang

    Waler

Tunda talatah