sunda Islam: ceuk kuring 2

engkus ruswana
Re: [kisunda] sunda Islam: ceuk kuring
http://www.mail-rchive.com/kisunda@yahoogroups.com

Sampurasun, kang Oman haturan sim kuring pun engkus.
Kacida nganuhunkeunnana kana eta pedaran akang, karaos sareng nampi sim kuring nambihan kanyaho ti pedaran-pedaran akang, namung punten sim kuring hoyong oge ngiring mairan, hapunten bilih teu sapuk.

Tah Dina pedaran nu dibahas ku akang geuning netelakeun yen Sunda-Islam mah ngagaduhan sifat atanapi karakter nu mibanda kaluhungan nilai-nilai atanapi ajen tinajen, bukti ku kajembarannana nu mangrupakeun salah sahiji wujud konsep mandala nu tangtu luyu jeung sifat kamanusaan. Kitu diantarana nu kaharti ku sim kuring.

Tah upama nitenan kana harti eta tulisan eta oge tanggapan/bahasan akang, ceuk sim kuring nyata geuning yen nu mawa sifat/karakter luhur kitu teh estu buah tina kasundaannana sanes tina kaislamannana, da buktina geuning ku akang dijelaskeun ti jaman luluhur baheula memeh Islam datang ka pasundan (conto ti kang Oman di patilasan Talaga), geuning agama Budha ditarima, pon kitu deui agama Hindu, Islam, Kristen. Geuning can aya panalungtikan nu nyindekeun luluhur Sunda baheula nolak/ngusir sumawonna merangan agama nu datang ka wewengkon Sunda, tapi sabalikna geuning runtagna Pajajaran jeung Galuh akibat diserangna ku Banten jeung ku Cirebon (eta ceuk sajarah).

Kitu deui di waktu kiwari nu ngabogaan sifat-sifat luhur kitu teh geuning dipibanda ku dulur urang kisunda nu non Islam saperti di Dusun Susuru (Ciamis), masarakat Cigugur, masarakat Lebak Cawene, masarakat adat Ciptagelar, masarakat adat gunung Halimun, masarakat Kanekes jeung sajabana, sedengkeun karakter masarakat Islam etnik lainna, boh nu aya di wewengkon Nusantara lainna pon kitu deui nu di sumberna wewengkon Arab, nyata aya perbedaan nu nyata.

Tah ku kituna ceuk bawirasa kuring, sawajarna lamun urang sunda miajen jeung ngamumule luluhurna, supaya urang Sunda boga ajen jeung teu katulah, da geus bukti kaluhungan jeung kaluhuran budi pangarti warisan luluhur nu geus jadi adat paradatan Sunda (naon bae agemannana) geuning mangrupakeun nilai-nilai nu diperlukeun pikeun ngawangun jeung ngahudangkeun deui bangsa jeung nagara sangkan boga deui ajen-tinajenan, ku kituna ka dulur-dulur kisunda poma ulah salah nya nyanghareup jeung tumarima (kitu oge ceuk kuring).

Hayu urang suhun deui Kasundaan, rek ku saha deui diajenan lamun lain ku urang nu jadi wawarisna. Sakitu pairan ti sim kuring, bilih langkung saur bahe carekna, nya nyuhunkeun dihampura rumasa teu acan jadi jalma bener, nuju diajar keneh. Atuh ka Kang Maman soal budak janggotan, mangga titenan pamendak sim kuring dina Re : Uga Wangsit Siliwangi, kaping 11/08-2004, mangga sareng sae upami dipadungdengkeun deui. Amit sun nun, rampes
pun engkus

1 thoughts on “sunda Islam: ceuk kuring 2

  1. Ouya Review

    Excellent beat ! I would like to apprentice while you amend your website, how can i subscribe for a blog website?
    The account aided me a acceptable deal. I had been
    a little bit acquainted of this your broadcast provided bright clear idea

    Waler

Tunda talatah