Aneksasi Karuhun Panjalu

Aneksasi Karuhun Panjalu

Re: [kisunda] Aneksasi Karuhun Panjalu –> Re: [Urang Sunda] OLEH2 TI PANGUMBARAAN: Ochie Chernye…jst

engkus ruswana Thu, 01 Dec 2005 21:50:49 -0800

Sampurasun kang Oman, oge haturan kasadayana.

Simkuring pituin turunan Panjalu, biang kawit ti Simpar (kawates situ Lengkong beulah kaler wewengkon palitasan Hariang Kancana Anom/Sanghyang Kunangteko) jeung bapa kawit ti Bahara (wewengkon patilasan Eyang Sanghyang Cakradewa ramana Sanghyang Borosngora), kuring kataji ngiring mairan dina perkara ieu.

Saleresna patilasan di wewengkon Panjalu nu dikaramatkeun ku sakumna wargi Panjalu mun ditataan leuwih ti 50 patilasan, diantarana Gunung Kancah (Sanghyang Ratupusaka), Gunung Sawal (Sanghyang Ajiputih, Ranggawulung, jsb.), Gunung Bitung (Pangeran Panglurah), Dayeuhluhur (Lembusampulur), Bahara (Sanghyang Cakradewa), Bumi alit jeung Nusalarang/Situ Lengkong (Sanghyang Borosngora, Hariang Kancana), Simpar (Hariang Kancana Anom, Hariang Kuning Natabaya, Hariang Dalem Aria Wirabaya, Ratu Punianjung, Hariang Dalem Cakranagara), Sriwinangun (Aria Martabaya), Garahang (Aki & Nini Garahang), jeung rea-rea deui.

Diantara patilasan nu aya wewengkon Situ Panjalu-Nusalarang mangrupakeun tempat nu dicaritakeun dina Legenda Sanghyang Borosngora, tempatna paling endah jeung ti jaman Walanda digunakeun pikeun tempat rekreasi gegeden jeung pangusaha perkebunan Walanda matak didinya aya tempat istirahat disebut Pasanggrahan. Eta tempat ti baheula sering didatangan balarea, di tempat eta sering diayakeun acara gede taunan mangrupa gebrugan (ngala lauk masal) jeung nyangku (ngaberesihan pusaka). Dina 2 acara ieu umumna wargi Panjalu nu di pangumbaraan ngaradon pulang kampung.

Saprak kadatangan Juragan Gus Dur bari jeung nganyatakeun yen nu di Situ Lengkong teh masih luluhurna, memang umumna kaum Nahdiyin di wetan ngadon daratang jarah teu kurang ti 4 beus dina sapoena nu datang jarah, pang-pangna dina maleman jumaah kaliwon bisa belasan beus nu daratang. Nya tangtu ngadatangkeun kauntungan hususna keun pamarentahan desa Panjalu jeung Pamarentahan Ciamis, nya aya oge kautungan keur warga sabudeur wewengkon situ.

Perkara silsilah nu dikaburkeun ku ucapan Gus Dur nu saur kang Oman ngabalukarkeun karaguan turunan Panjalu ngeunaan asal-usul luluhurna, sakaterang simkuring eta teu bener, sabab nu dipercaya ku turunan Panjalu malahan bibit ti Panjalu nu sumebar ka sakuliah nusantara. Mun Gus Dur turunan urang Jawa Timur terus ngaku oge turunan ti Panjalu, memang bisa ditarima, sabab ceuk dina naskah Wangsakerta sakumaha di pedarkeun ku Mang Ayat Rohaedi, nganyatakeun yen karajaan-karajaan di Jawa Timur saperti, Majapahit, Kadiri, Jenggala memang asal usulna ti karajaan Sunda, paling henteu aya patalian hubungan kulawarga jeung karajaan Sunda, pon kitu deui nu dipercaya ku sabagean urang sunda jeung urang Jawa, boh dina caritaan Ciungwanara, dinyatakeun yen luluhur Jawa jeung Sunda mamgrupakeun dulur pet ku hinis.

Ngeunaan pabaliutna carita dina dongeng, legenda atawa catetan sajarah nu aya di tatar Sunda/nusantara memang teu aneh, jeung mangrupakeun tantangan para inohong ahli sajarah antropolog, arkeolog jeung sajabana pikeun nalungtik nu sabenerna. Coba bae ku urang dilenyepan sajarah karajaan-karajaan di Nusantara, ceuk catetan sajarah dimimitian ku karajaan Salakanagara dnu diluluguan ku Aki Tirem nu cenah luluhurna asal ti India diteruskeun ku karajaan Tarumanagara nu cenah rajana asal pangungsi ti India, nya nyebar ka Kutai oge asal ti India, di Cirebon aya karajaan Indraphasta nu diluluguan ku raja nu asal ti India. Sumebarna karajaan Sunda, Galuh, Kalingga, Kadiri, Majapait, Pajajaran, jeung saterusna mangrupakeun katurunan-katurunan urang India. Jadi kacindekanana sakabeh karajaan nu ngadeg jeung ngembang di Nusantara, sakabehna asal ti India. Mun kitu atuh urang sakabehna paling henteu sabagean gede mangrupakeun turunan/ras India. Pon kitu deui dina sajarah nu ditulis oge dina naskah Wangsakerta dijentrekeun cenah asal-usul urang nusantara jaman prasajarah asal pendatang ti Yunan jeung India Barat, nya otomatis budaya tulis, agama, tatanan taun, budaya tatanen, seni jeung elmu lianna nu aya di nusantara kabeh asal ti India (naha urang rek narima kitu bae kana eta catetan, naon nu jadi bukti kuatna).

Sedengkeun mun ku urang diaji loba pisan kaanehan :

1. Naha parawakan urang Jawa-Sunda, Dayak kum bae sa Nusantara teu aya saeutik ge mirip-mirip jeung urang India ayeuna.

2. Mun kitu dianggap waktu urang India datang ke Nusantara teh tanah pasundan mangrupakeun tanah kosong nu teu aya penghuni, padahal nyoko kana kaayaan geografis jeung kaayaan alamna, malah tanah pasundan cocog pisan keur saratna aya kahirupan nu mibanda budaya luhung, mun jaman es dianggap di pasundan (daerah tropis) can aya kahirupan, nya komo deui di daerah sub tropis. Didieu teu kahartina keur kuring.

Ceuk kacurigaan kuring ieu memang direkayasa (penggelapan sajarah) ku penjajah, supaya bangsa urang teu ngabogaan ajen jeung leungit rasa kabanggaan dirina nu akibatna leungit jati diri, leuwih miajen ka bangsa jeung budaya deungeun tinimbang ka bangsa jeung budayana sorangan. — Kanyataan pan saperti kitu.

3. Waktu urang dikawasa/dijajah Walanda, nusantara atawa pasundan dicatetkeun dina sajarah disebutna Nagara Hindia Belanda, teu disebut Nusantara Belanda atawa Pasundan Belanda (padahal istilah Sunda atawa Pasundan jeung Nusantara) geus dikenal ku Walanda, pon kitu deui lautan nu luas sakiduleun Nusantara disebutna oge Lautan Hindia. Ieu mangrupakeun hiji bukti upaya ngaleungitkeun identitas bangsa urang. Sok atuh geura harudang urang Sunda!!, teangan nu sanyatana luyu jeung kaahlianana. Teu saeutik urang Sunda nu jadi ahli sajarah antropologi, arkeologi, ahli budaya jeung sajabana, ulah ngan ngacu bae kana sajarah nu dijieun ku bangsa Walanda. Sakirana eta ngalecehkeun jeung ngarendahkeun bangsa, didinya urang kudu boga kacurigaan!!

4. Sajarah urang pada apal teu leupas tina subjektifitas jeung gumantung ka saha nu boga kakawasaan jaman harita. Nya kitu deui naskah Wangsakerta nu dijieun dina zaman kakawasaan Walanda oge ceuk bawirasa kuring teu leupas tina pangaruh Walanda.

Sual tokoh-tokoh legendaris luluhur urang nu kasohor terus dikait-kaitkeun jeung cepengen agama, eta oge bisa kaharti, saperti cenah jaman karajaan Tarumanagara, Mataram Kuno/Kalingga, Kadiri, Singasari, Majapait, Pajajaran jeung tokoh-tokohna cenah nganut agama Hindu. Carita nu lian nyebutkeun Prabu Kean Santang ngislamkeun bapana Prabu Siliwangi, Sanghiang Prabu Borosngora ngislamkeun Panjalu jeung tanah Pasundan, nya eta oge nganuhunkeun cingciri ning luluur urang dipiajen jeung diaku kaluhunganana. Sual bener henteuna nya urang pada-pada aji bae, bukti-bukti nu aya oge nu bakal kapanggih luyu jeung panalungtikan kahareup.

Tah kitu kang Oman oge kidulur Sunda sakabeh, pamadegan sim kuring mah. Ngan hanjakalna teh dasar elmu nu dicekel ku sim kuring lain ahli sajarah/antropologi/budaya atawa arkeologi jadi muga dimaklum lamun tea mah dianggap teu beralasan, Tah kumaha pamendak kidulur sadaya??

Cag, Rampes

Pun Engkus.

35 thoughts on “Aneksasi Karuhun Panjalu

  1. Sarip Hidayat

    sim kuring kacida katajina kana karuhun panjalu, margina sim kuring masih keneh aya kakaitan jeung panjalu, naon sababna pun bapa asli ti daerah kampung cimaja desa payungagung, pun biang ti kampung cimuncang desa jaya giri, tapi sim kuring lami di bandung ti taun 1973 nepi kaayeuna, paling lamun ka panjalu tiap lebaran sakali atawa lamun aya kaperluan ka panjalu, hate masih kacangcang pageuh ka panjalu sok waraas lamun ngadangu kecap panjalu. lamun keur leutik liburan sakola sok silatuhrahmi ka nini jeung aki lilana saminggu. sok ngadon ulin ka situ lengkong jeung dulur komo lamun bulan puasa mah sok ngadon ngojay di sisi situ lengkong. emh kacida waasna, sok ngadon nalangsa lamun inget kana lalakon baheula keur masih keneh aya nini jeung aki ti pihak bapa atawa indung. salam ka kenal urang panjalu

    Waler
  2. Rustam Effendi

    Hatur nuhun kana ulasan-olesan para wargi sadayana ngeunaan Panjalu. Nepangkeun sim kuring pun Rustam Effendi, pituin urang Maparah ,getih abdi kokocoran ti eyang Wiradipa anu ngawahangan ka Eyang Prajadinata teras ka Wira Santanapraja dst….. upami para wargi hoyong eces tur jelas ngeunaan sajarah Panjalu mangga tepangan ke Pun Paman Rd. Kosmana Cendiwinata (kuwu manten Maparah)….Insa Allah anjenuna tiasa nerangkeun saha-saha wae katurunan Panjalu jeung kumaha jujutana Panjalu…..
    Bingah/banggana ku Panjaluteh margi urang Panjalumah kasohor ku kakompakanana, langki lembur baturmah anu kitu…malihan upami ngumbara ka dayeuh rata-rata arisineun nyebat asal muasalnateh,komo upama ti lembur anu nyingkur, benten sareng urang Panjalu sapertos sim kuring, sok sanaos ti lembur anu sarwa samporet ayeuna ngumbara dikota teu era nyebut asal ti Maparah Panjalu….he..he..he…

    Waler
    1. AKHMAD SOLIHIN

      NEPANGKEUN SIM ABDI AHMAD SOLIHIN ARI KAWITMAH PUN BIANG SARENG PUN BPK TEH TI PANJALU DS.SINDANG BARANG ARI LEMBURNAMAH TI SINDANG SUKA..MUN AYEUNA AYA DI BANTEN.ABDI KANTOS K BUMI ALIT TERAS K SITULENGKONG SARENG K KAPUNDUHAN,DA NINI OGE DI MAKAMKENA DI KAPUNDUHAN .SATUJU PISAN ABDI OGE SAKUMAHA NU DI SEBAT KU KANG RUSTAM YEN URANG PANJALU MAH KOMPAK,KA RAOS DI LMBR ABDI ,DA KWITNA SALEMBURTEH CARIOSNA JEBOL DSA TI PANJALU.

      Waler
  3. You-D BOGOR

    Duh kacida waasna pami emut k panjalu teh,mugi kapayuna langkung sae tina sagala rupina. Situ lengkong sok ngemutkeun emutan sim kuring,nu moal dihilapkeun salamina,hatur nuhun kanggo RESTU..

    Waler
  4. ibenk

    sip sip hatur nuhun annu tos ngabukakeun riwayat panjalu. Abdi ti Desa bahara asli 100% urang panjalu. (Getih aing Getih Panjalu Daging aing daging panjalu maung aing maung panjalu).

    Waler
  5. Anwar Sudrajat

    naha leres kitu pami turunan panjalu teh sok ngagaduhan gurat dina kukuna ?
    kumargi pribados ngagaduhan dina jempol panangan anu katuhu….

    Waler
  6. ibnu dahwan

    punten abdi teh hoyong terang perkawis turunan kumargi pun bapak sareng sepuh-sepuh tos teu araya janten teu terang kedah naros kasaha. mung abdi ditinggalan sacarik kertas ceunah teh masih aya tali tamali sareng keluarga panjalu..ari kapungkur pun bapak mah sok masih sering ziarah ka eyang baros ngora sareng eyang cakradewa saurna… ari dina pang ujungna garis turunan teh saurna ti eyang Rd. Aria Arga Wijaya anu terakhir di pendemna di cikaso kuningan… duka upami aya wargi sadaya anu terang eta asal usul pun eyang abdi hoyong miluruh duduluran…

    punten upami basa sundana teu tiasa sasae urang panjalu maklum ti lahir di cirebon

    baktos

    ibnu dahwan

    Waler
    1. sukapura Post author

      mangga kang Ibu Dahwan…
      hapunten simkuring teu patos terang runtuyan dugi ka salira, malih simkuring oge teu acan kantos zarah akang eyang baros ngora teh, mung jarah di alam batin we..kitu, nembe ku hoyong

      Wilujeng kang Dahwan,
      Wilujeng Nyukcruk Galur Parakan Karuhun, teraskeun kana Nyungsi Diri Nyuai Badan Ange Paesan Tunggal, suapaya Mulih Ka Jati Mulang ka Asal, margi Hirup Katungkul ku pati, paeh teu apal di mangsa

      Wilujeng-wilujeng

      Waler
  7. maryanto

    numutkeun carita sepuh cenah sim kuring teh turunan panjalu. duka ti palih mana na mah kirang apal . carita sepuh ma kieu eyang Kasim ngumbara ka cigembor ciamis gaduh putra uyut Alhari uyut alhari gaduh putra aki Juhaeni aki Juhaeni gaduh putra Hasan tah sim kuring putra Hasan juhaeni. dua tahun k pengker ti panjalu aya nu nyusul ka ciamis milarian turunan eyang Kasim . ciri nu aya dina badan saur sepuh mah .lamun turunan panjalu kuku indung sukuna sok beulah wae / ruksak . eta disaurkeun ku eyang Kasim . sim kuring pun bapa oge aki sami indung sukuna teh ruksak . wallahu alam .

    Waler
  8. dharma

    SAMPURASUN, NUNN……..
    alhamdulillah,pribados tos tiasa di tepangkeun sareng dulur2 sadayana,sanaos nembean namung mugia silaturahmi pribados ieu dina raraga ngiring ngamomole sajarah karuhun sunda sing tiasa ka tampi kalayan ka bingahan.

    WASSALAM

    Waler
    1. sukapura Post author

      RAMPEEES…
      Katampi pisan, eta anu dipiharep…ngarean duduluran anu sami-sami pada ngaronjat manah ngamu-mule budaya asal diri urang sararea.

      hatur nuhun parantos rurumpaheun…

      Waler
  9. AZMAT

    Nepangkeun ,nami abdi apas(landian) putra bapa cici sudrajat bin aki ojit,,pami indung eti kurniati binti eyang haji abdulrohim,,,,simkuring asli turunan panjalu padumukan di sriwinangun,,pun nini sareng aki ti mandalare nu kantos janten juru tulis desa panjalu,,,dupi pun uyut,jenenganna teh eyang alda kusumah nu aya d nusa gede,,,,,bungah pisan manah teh pami ngadangu kecap PANJALU,,,sok jadi mawa sumanget kana batin,,,kabayang tatih di sisi lengkong ningali cai nu herang,,,ditengah na nusapakel,bari ningali gunung sawal,,,duhhhhh mani matak waas pisan,,,tapi punten pami ningali kaayaan situlengkong ayeuna mani sok sedih,,,barala kuruntah ,beuki dieu teh beuki heurut ,caina kotor,,kalong nu sakitu reana ayeunamah siganateh tos ngirangan da diaralaan wae,,ageung harepan abdi hoyong ngamajukeun sarang ngalestarikeun wewengkon panjalu,,umum na ciamis,,,kukituna wang sami sami ngajaga tanah kalahiran urang sadaya,,keur engke warisan anak incu urang jaganing geto,,,,hatur nuhun wassalam,salam persatuan kanggo urang panjalu hususna,umumnamah sadaya urang sunda,sarang bangsa indonesia

    Waler
  10. prasetyo

    Ass.. wr wb.., ma’af saya tidak bisa bahasa sunda, tapi mengerti bila orang bicara.
    Alhamdulilah saya sudah 5 kali berjiaroh ke saibul makom situ lengkong Raden hariang kancana bin Raden boros ngora/ syeh H.Zul iman Panjalu, yang gerbang makom nya terdapat patung harimau Bombang larang & Bombang kancana. Alhamdulilah selama saya dan teman saya berjiaroh saya sesekali pernah mendapat ilamat dalam mimpi dan ilamat itu juga datang kepada guru saya “ahli hikmah” bahwa saya dan 2 teman saya akan diberi titipan yg harus dirawat,selang 1 minggu ternyata titipan itu datang berupa 3 keris pusaka yg bernama TA’DUD – TA’RUF dan TA’YIN,saya sangat bersyukur dan saya sangat berharap mudah2an dengan ada nya benda pusaka tersebut bisa menambah ke imanan saya terhadap ALLOH SWT. karna apapun bentuk nya,apapun wujud nya dan apapun goib nya yg ada didunia ini atau pun dialam sana itu semua ciptaan ALLOH SWT karna ALLOH adalah yang maha segala-gala nya, Prinsip hidup saya { Yakin kana diri – Percaya kana kuasa ” ALLOH SWT ” }

    Waler
  11. azmat

    duh aya2 we tuh nya,kamari ningali na berita kalong d arlaaan cnh jang obat,,,,,,meni lebar nya?hanya untuk mencari makan tega ngalaan klong terus d jual,na teuaya deui salain ngalaan kalong,,,,,kumha mun seep tah kalong,,pan ciri urang panjlu nu nambhan kaahengan panjalu eta kalong teh,hayu wang jaraga atuh warisan karuhun teh,jang anak incu,,,,,,,,,

    Waler
  12. Didin. Saefudin

    Ass wr wb kang abdi ti karawang saurna mah abdi masih katurunan ti panjalu ti pun uyut nu namina hj.saemi ramana irta manggala pami teu lepat, teras k bumi sok aya dongkap nu nami na brata manggala ti panjalu saurna kanyaah,kadeudeuh karuhun k turunan

    Waler
  13. dian mulyana

    assalamu’alaikum, nepangkeun wasta abdi dian… linggih di sukabumi. saur beja ti aki, ceunah pun uyut mah turunan panjalu. nanging teu apal panjalu anu mana, nu sakateurang abdi pun uyut linggih srng makamna aya di weu2ngkon kp ci batok sekitar gunung menyan leuwi liang bogor. ngan ceuk beja pun uyut mah gaduh simbol sok nembongan maung… kantos pribados ge zarah ka panjalu (rd boros ngora) rahayatna alhamdulillah b’sahabat…

    Waler
  14. Yandi

    Ass.
    Nepangken abdi rd. Yandi anu linggih di sukabumi kutamanah masih katurunan ti panjalu. Tina silsilah kaluarga prabu cakra dewa, prabu siliwangi, sangiang baros ngora, sangiang teko, arya kanjut kadali kancana, arya kananga, hariang kuning, rd. Cakranagara, eyang h.ibrahim, eyang h.zakaria, rd. Kartawiredja.
    Alhmdlilah tiasa tepung jeung urang panjalu. Abdi netes getih dpanjalu pun rama, pun ibu asli sumedang larang. Asa tenang batin ngadangu panjalu. Iraha atuh urang sunda hirup/hudang. Geura pimpin ieu bangsa anu tos ancur.

    Waler
  15. Haarausfall

    Hey! I know this is kinda off topic but I was wondering if you knew where I could locate a captcha plugin for my comment form?
    I’m using the same blog platform as yours and I’m
    having difficulty finding one? Thanks a lot!

    Waler
  16. http://www.zonami.net/?p=138&cpage=3

    Great goods from you, man. I’ve take note your stuff prior to and you are just too fantastic. I actually like what you’ve
    got here, really like what you are saying and the way in which during which you
    say it. You’re making it entertaining and you continue to care for to stay it wise. I cant wait to learn much more from you. This is really a wonderful web site.

    Waler
  17. http://standbygenerators.blogspot.com

    Hey there, my name’s Adolph and sometimes I write about the same thing on my blog. Actually, if I may, let me ask you something.. Is it just me or does it seem as if a bunch of the replies appear they are coming from a bunch of idiots? 😛 Also, if you happen to be on additional social network sites like web 2.0 site list, I’d like to keep in contact.
    Perhaps you could post some links to a few of them?

    Waler
  18. Rodolfo

    Terrific post however , I was wondering if you could write a litte more on this topic?
    I’d be very grateful if you could elaborate a little bit more. Thank you!

    Waler
  19. consolidate credit card debt consolidate credit Card debt

    Hey there, I found your site wordpress.com while browsing

    Aneksasi Karuhun Panjalu


    Just wondering, have you ever pondered adding extra content to your blog posts?
    Don’t get me wrong, your writing is excellent. Yet think about if you added some great images or video clips to give your posts some more “pizzazz””. Your material is great, however if you include more various media, this site could undeniably be top-of-the-line in its area of interest in contrast to other sites on .

    Waler
  20. Hermelinda

    I am now not certain the place you are getting your information,
    but great topic. I needs to spend some time learning much more
    or figuring out more. Thanks for wonderful info I was in
    search of this info for my mission.

    Waler

Waler Balance Transfer Credit Card Bolaykeun waleran