Wajib-Fardhu

Naon Bentenna Wajib, Fardhu?, Naha Sholat Wajib Dzuhur atawa Sholat Fardhu Dzuhur?

Mungguh Bahasa, kecap Wajib upami di tilikan ku Urang eta tina bahasa Arab, Wajibun ..dst mangga Ahli Shorof geura gali akar bahasana, kunaon pangna jadi WAJIBUN teh!, mung ulah liren nilikanna sareng ulah ka antengan teuing dina Shorofna mangga geura aplikasikeun Kata WAJIBUN/WAJIB pilari dina Ayat-ayat Al-Qur’an, naha aya Kecap Bahasa WAJIB teh?

Upami aya Kumaha? Upami teu aya kedah kumaha ngamafhum kana Al-Qur’an? tangtos kadua tina Al-Qur’an nyaeta Hadist kanggo ngajelas keun Eusining Maksad sareng Tujuan Ayat Al-Qur’an.

Sakedik mengpar tina naon anu nuju di catur, urang ngareret heula kana anu loba kajadian perkawis dina ngamafhum kana Al-Qur’an, teu sakedik anu ngamafhum kana Ayat Al-Qur’an teu ngareretan heula tipayun kana Hadist, boh Hadist Qudsi (Dauhan Alloh anu teu kalebet ayat Al-Qur’an), Hadist Mutawatir, Hadist Shohih jeng sajabana, balukarna ngamafhum, nerapkeun Ayat Al-Qur’an saujratna tina Tarjamah Bahasa Wungkul tangtos hasilna benten sareng anu ngamafhum kana Ayat Al-Qur’an nilikan heula rupaning Hadist Nabi SAW anu nampi wahyu Al-Qur’an. Kahartos panginten…

Mangga asah deui Emutan Urang!, Upami dina ngamafhum tur nerapkeun Al-Qur’an teu nilikan,maos,ngasah kana Hadist Nabi SAW tipayun, tangtos dina ngamafhum Al-Qur’an nana oge sakumaha anu aya dina emutan urang, kaluarna Ide,Logika sewang-sewangan ieu anu sok disebat IDIOLOGI. Bentenna Idiologi Islam boh Idiologi anu sanesna akibat tina beda dina Metodologina atawa Cara Maluruhna pikeun ngamafhum kana pasualan.

Maluruh…Tah panginten simkuring dina maluruh Kecap Basa WAJIB dina Al-Qur’an teh geuning teu aya!!! beu!!.., duka teu kapanggih kusimkuring, duka memang teu aya Kecap Basa WAJIBUN dina Al-Qur’an teh. Mangga pilari kupalawargi sadaya!…upami aya bejaan simkuring dina Suroh naon? ayat Sabaraha?…

27 thoughts on “Wajib-Fardhu

  1. isya

    ass. Wr.Wb.
    Kang memang milari kalimat wajib dina Al Qur’an asa teu acan mendak aya oge kalimat sapertos “Kutiba”, nu hartosna tos di tulis, mun bahasa dina sistim kanagaraan mah tos di SK keun (Surat Keputusan atanapi Ketetapan TAP MPR) siga peraturan Nagara urang Geuning menurut SK Menteri Pendididkan Nasional bahwa : … dan …
    tah eta oge panginten sami Ceuk Gusti Alloh teh geus di SK Keun ku Kami ka maraneh Puasa (Kutiba alaikumusyiam, Kutiba alaikumul qishash jeung sajabana). Janten kalimat wajib sakali deui asa teu acan mendak. upamiteu lepat dina kalimat miwarang wudlu upami rek shalat, nu hartosna Dimana maraneh rek shalat maka kumbah beungut maraneh, leungeun maraneh dst, memang teu aya kalimat wajibun jeung sajabana, nu aya ngan sapertos kitu panginten da sim kuring sanes ahli tafsir, punten bilih lepat. Oge perkawis kawajiban-kawajiban anu aya dina Al Qur’an biasana aya sabab musababna, nya eta nu disebat asbabunnujul tea sanes? kedah naroskeun ka Akhlina, nu tiasa ngajelaskeun langkung paos.

    Waler
  2. Wirabudiman

    Aya dina Hadist, Awwalu waajibun linnari ma’rifatu billahi, “Mimiti di wajibkeun teh nya eta Ma’rifat kapangerannana”.

    atuh dina Kitabna Najhul Balaghoh, oge pon kitu…mimiti midalampah kana Ageman teh kedah terang ka Pangerannana.

    hal ieu sajalan sareng da’wahna kangjeng Nabi SAW, mimiti ngajarkeun teh Tauhid heula supaya ma’rifat tuluh di Syahadatkeun.

    Janten kecap WAJIB aya dina Hadisna, Fardhu oge kitu aya dina Hadisna.

    WAJIB Ma’rifat
    FARDHU Sholat/Sholat Fardhiayah (Rupa-rupaning Sholat Fardhu).

    Sakitu heulanya…sok nu sanesna deui

    Waler
  3. simkuring (User Internet Unsil)


    3 Wirabudiman

    hehe, mmm, sanes bade hartos ngadalilan nu tara solat ku pasualan di luhur, mung bade mieling kanu sok sarolat kaasup simkuring, ari ngaku mah sok solat heheheh.

    mung bade mieling kanu sok sarolat ==> ngelingan kanu sok solat sangkan t sholat,
    lain ngelingan atuh kitu mah, ngaedankeun

    “Aya dina Hadist, Awwalu waajibun linnari ma’rifatu billahi, “Mimiti di wajibkeun teh nya eta Ma’rifat kapangerannana”.” –> ya iya lah kan basa awal2 a mah can aya parentah sholat wajib, leres kan?? maka awalna marifat hla, nya ayeunamah geus beda zaman, ayeunamah zaman na sholat 5 waktu tos di wajibkeun.

    ulah sibuk ngadamal web sareng blog jadi teu kabujeng sholat.
    cobi emutan

    Waler
  4. Wirabudiman

    Heem,
    Ari aturan Al-Qur’an sareng Hadist mah moal tiasa Robih ku Jaman. Mung dina Aplikasina kedah sakumaha Al-Qur’an sareng Hadistna. pan hoyong kitu sanes???

    Upama ti Jaman Nabi+Shohabatna mah Sholat teh kalawan Ma’rifat da jamanna, panginten saur seratan anu insial “simkuring” mah, jaman ayeunamah Sarolatna teu kudu kalawan Ma’rifat da lain Jamanna…beu-beu-beeeeu???, ari kitu mah Al-Qur’an+Hadist teh bisa robah ku Jaman.

    Ari Hadist “Awwalu Waajibun Linnasi Ma’rifatu Billahi”==>hadist ieu teu laku kitu ku pedah Ganti Jamanna???

    Pan dina Al-Qur’an oge loba pepeling pikeun Jalma-jalma anu sok Sarolat, naha salah kitu lamun ku simkuring di tepikeun…pan hadist Nabi SAW “Ballighuu Walau Aayatan”, kahartos panginten?

    Waler
  5. Wirabudiman

    Insial “Simkuring” nyerat===>”ulah sibuk ngadamal web sareng blog jadi teu kabujeng sholat.
    cobi emutan”.

    tah ieu balukarna anu ngaku sok solat teu kalawan Ma’rifat teh, jadina teh kieu…heheh hapunten ah. UMAKU kupedah Sholat sok dina Waktuna…meureueueun…jadi wae Umaku, ngaraos Cekap ku ngalakonan Sholat oge, parantos ngayakinkeun ku anjeng bakal di tarimana Sholatna teh.

    Kawas anu terang wae ka simkuring teh, Sholat jeung Tara Sholatna teh ngaleuleuwihan anu Maha Uninga (Alloh). hapunten ah ka anu Insial “Simkuring” .

    Sholat mah lain keur Jalma luar ti diri urang, Sholat mah diri Urang sakujur sareng Pangerannana (Alloh). kitu sanes.., numawi kedah M’arifat oge.

    Urang jeng papada Manusa mah ditingalna Laku-lampahna sanes ditingal kumaha Sholat, jeung iraha Sholatna hiji jalma. mangga emutan…

    Waler
  6. Wirabudiman

    ka insial “simkuring”–punten gentos atuh insialna ulah simkuring…naon kee…supados gampil komunikasina, upami kersa…sawios ari kaabotan mah…

    NAHA KUPEDAH Hadist anu nga FARDHUkeun Sholat 5 Waktu=parentah Hadist WAJIB Ma’rifat jadi LENGIT KITU?

    kahade pamahamannana bilih kalebet Bid’ah…wawantunan ngilangkeun Hadist Shoheh Kanjeng Nabi. Hadist anu sanesna deui perkawis Wajibna Ma’rifat tiasa di tingal dina Najhul Balaghoh, Kitab anu sok di aranggo ku kaum Ulama-ulama Ahlussunnah Waljamaah+Ulama-ulama Syi’ah.

    Waler
  7. simkirung

    simkirung atuh ari ulah simkuring mah

    “Kawas anu terang wae ka simkuring teh, Sholat jeung Tara Sholatna teh ngaleuleuwihan anu Maha Uninga (Alloh). hapunten ah ka anu Insial “Simkuring” .”

    tah gening k sindir… brarti tara sholat nya…
    eta mah emutan we ku nyalira ….
    dan simkuring mah eh simkirung mah moal ngemutan salira da simkirung ge riut di emutan ku nyalira ge..
    bari nage teu terang simkirung mah ka salira teh…

    “Upama ti Jaman Nabi+Shohabatna mah Sholat teh kalawan Ma’rifat da jamanna, panginten saur seratan anu insial “simkuring” mah, jaman ayeunamah Sarolatna teu kudu kalawan Ma’rifat da lain Jamanna…beu-beu-beeeeu???, ari kitu mah Al-Qur’an+Hadist teh bisa robah ku Jaman.”

    marifat mah sanes kana sholat wungkul kan??
    ari sholat kituh atos di wajib keun ti mimiti rosululloh di utus?
    tah eta sanes jaman na solat fardu
    ari ayeunamah ??? cobi pikiran bilih simkirung lepat da rumaos sok sholat ge kana agama teh kirang jero, tapi ktang rada sae kitu dari pada agamana jero tapi sholat tara, tapi da sae mah agama jero sholat osok ibadah nu sanes nya kitu oge, sanes kitu??

    “NAHA KUPEDAH Hadist anu nga FARDHUkeun Sholat 5 Waktu=parentah Hadist WAJIB Ma’rifat jadi LENGIT KITU?”

    tah gening aya keterangan fardu sholat???
    tah saha deuih anu nyebat wajib marifat teu wajib???
    cobi di ajar deui maca nya

    “kahade pamahamannana bilih kalebet Bid’ah…wawantunan ngilangkeun Hadist Shoheh Kanjeng Nabi. Hadist anu sanesna deui perkawis Wajibna Ma’rifat tiasa di tingal dina Najhul Balaghoh, Kitab anu sok di aranggo ku kaum Ulama-ulama Ahlussunnah Waljamaah+Ulama-ulama Syi’ah.”

    nu kalebet bidah mah atuh tahlilan, muludan, jeung rea2 deui, cobi sok pilarian katerangan minimal hadis tentang tahlilan sareng muludan.

    atuh bilih jadi salah pemahaman kanggo jalmi awam kawas simkuring, ngaluarkeun post dina blog teh sing anggeus …

    Waler
  8. simkirung

    simkuring (User Internet Unsil)

    saur saha user internet unsil??

    oh wirabudiman teh agus budiman nya??
    adminna unsil.ac.id

    ulah nyangka di unsil atuh, pedah ip na sami jadi di unsil nya?
    kmo sami Ip privat na mah nu sami teh.
    ip publik ge tiasa di gentos kan ngangge program sangkan ip nu kabaca jadi ip publik??
    eta mah pa budiman anu langkung uninga kana ip mah nya

    Waler
  9. Wirabudiman

    insial simkuring/simkurung nyerat=>”tah gening k sindir… brarti tara sholat nya…
    eta mah emutan we ku nyalira ….”.

    Alhamdulillah pribados mah teu rumaos kasindir, disebut tara sholat ku sasama jalmamah.

    da sholat mah tadi oge sanes kanggo sasama jalma,
    moal rugi disebat tara sholat ku sasama jalma mah…pikeun pribados mah sakali deui moal karugelan dalah disebat tara sholat oge…, ngan pribadosmah ampun paraluuuuun, dosa kabina-bina, moal tiasa netepan kana kecap Innalillahi Wainna Ilaihi Rojiuun->upami ku Alloh SWT teu di tarima Sholat Abdi…kitu.

    insial simkurung/simkuring nyerat =>”ya iya lah kan basa awal2 a mah can aya parentah sholat wajib, leres kan?? maka awalna marifat hla, nya ayeunamah geus beda zaman, ayeunamah zaman na sholat 5 waktu tos di wajibkeun.”.

    tah seratan anu di luhur eta pan seratan salira….>”nya ayeunamah geus beda zaman”…kumaha maksadna???

    Kontek Sholat kecap bahasana dina Hadist nyaeta Fardhu
    Kontek Ma’rifat kecap bahasana dina Hadist Wajibun

    Sakalideui DINA JUDULNA OGE NAON BENTENNA “Wjib-Fardhu”…???

    NGAHAJA DINA BLOG teu langsung direngsekeun, supados aya buah SILIH ASAHna, silih tukeur pamikiran….heheheheh pan janten rameee….tuh ituuu geuning tos bade lebet kana perkawis Muludan+Tahlilah….heheheh keun engke deui di bahasna…da aya Hadistna oge+urang gali deui emutan Urang NAHA AYA CONTO ti KANJENG NABI+NAHA AYA PANYAREK ti KANGJENG NABI SAW???

    tah ieumah ke deui benten pasualan.

    Waler
  10. simkirung

    “Alhamdulillah pribados mah teu rumaos kasindir, disebut tara sholat ku sasama jalmamah.”

    nuhun atuh ari t k sindir mah

    “nsial simkurung/simkuring nyerat =>”ya iya lah kan basa awal2 a mah can aya parentah sholat wajib, leres kan?? maka awalna marifat hla, nya ayeunamah geus beda zaman, ayeunamah zaman na sholat 5 waktu tos di wajibkeun.”.

    tah seratan anu di luhur eta pan seratan salira….>”nya ayeunamah geus beda zaman”…kumaha maksadna???

    Kontek Sholat kecap bahasana dina Hadist nyaeta Fardhu
    Kontek Ma’rifat kecap bahasana dina Hadist Wajibun

    Sakalideui DINA JUDULNA OGE NAON BENTENNA “Wjib-Fardhu”…???”

    masih t ngertos nya??
    nya di jelaskeun
    kan awal na rosul di utus tos wajib sholat tcan?
    tah eta jaman marifat knu sanes salianti sholat anu di wajibkeun
    ayeunamah kan sholat dina ajaran rosululloh tos di wajibkeun. nya wajib. tah kitu ari t ngartos mah.
    aya t nu nyebat marifat t wajib??

    “NGAHAJA DINA BLOG teu langsung direngsekeun, supados aya buah SILIH ASAHna”

    tah iyeu nusalah… nu maca blog pa budiman teh sanes jalma ngarti agama sadayana, sukur nu macana nu sok sholat komo sholat tepat waktu kawas pa budiman mah. kmaha mun nu t ngarti agama trus tara sholat???asa k dalilan we panginten.
    nya nuhun atuh ari blog iyeu sanes ngadalilan nyalira mah.

    “Sakalideui DINA JUDULNA OGE NAON BENTENNA “Wjib-Fardhu”…???”
    telangkung bade judul na naon oge ngan iyeu nu ngapropokasi teh

    “Maluruh…Tah panginten simkuring dina maluruh Kecap Basa WAJIB dina Al-Qur’an teh geuning teu aya!!! beu!!.., duka teu kapanggih kusimkuring, duka memang teu aya Kecap Basa WAJIBUN dina Al-Qur’an teh. Mangga pilari kupalawargi sadaya!…upami aya bejaan simkuring dina Suroh naon? ayat Sabaraha?…”

    tah mun nu t ngarti mah kawas simkirung panginten. maca eta teh jadi mikir oh sholat wajib teh teu aya..
    cobi pikiran.

    hiji cateten kanggo pa budiman
    pernah nguping simkuring teh, panginten pa budiman nu langkung uninga kana keterangnna mah.

    dasarna ibadah teh haram kecuali aya parentahna ( ti alloh).
    tah sanaos t aya nu ngalarang tapi t aya parentah kanggo ngalaksanakeunna eta teh bid ah.
    kamaha rosululloh bade ngalarang da di jaman rosululloh t aya nu muludan. lereskan.
    jadi tah hukummna kmaha????

    Waler
  11. sukapura Post author

    Perkawis IP Public

    “simkuring” (User Internet Unsil) =>maksad pribados nyaeta—salira teh tegesna anu nganggo Insial “simkuring/simkuring” ngangge koneksi Internet Unsil.

    Sanes koneksi Speedy/ISP anu sanesna, IP anu di angge akses Internet eta IPna anu dianggo ku Unsil.

    Anapon ngagge na mah bade dimana wae…tiasa di Share keun (tiasa di Hostspot) janten ngange namah tiasa dimana wae, bade di bumi nyalira oge tiasa…heheheh.

    Waler
  12. Wirabudiman

    insial simkuring nyerat =>
    “dasarna ibadah teh haram kecuali aya parentahna ( ti alloh). tah sanaos t aya nu ngalarang tapi t aya parentah kanggo ngalaksanakeunna eta teh bid ah.”

    hehehhehee….cobi pilarai di ayat Al-Qur’an, mangga kotektak/taroskeun…

    DINA AL-QUR’AN jelas, yen Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh “Nepikeun Perkara anu di Parentahkeun ku Alloh sareng Nepikeun Perkara anu di Larang ku Alloh”.

    janten MUSTAHIL upami kanjeng Nabi SAW kalangkung dina ngadugikeun perkara Ibadah anu di Larang ku Allohna.

    Waler
  13. Wirabudiman

    MUSTAHIL upami kanjeng Nabi SAW kalangkung dina ngadugikeun perkara Ibadah anu di Larang ku Alloh sareng Perkara anu di Piwarang ku Allohna…margi pan di kiatan ku ayat anu terakhir dilungsurkeun “Al-Yauma Akmaltu lakum diinakum dst tea…

    Janten urang oge kedah ati-ati dina Ngahukuman kanu benten Idiologi sareng urang “Misal : salira tara Muludan, teu keinging ngayakinkeun yen anu Sok Muludan pasti asup Naraka ku pedah saur pamahaman salira/Ulama anu dicepeng ku salira nga Haramkeun, ngayakinkeun yen Muludan teh Bid’ah kupedah teu aya Conto ti Kangjeng Nabi.

    atanapi sabalikna, anu sok ngalaksanakeun Muludan nya teu kenging ngayakinkeun bakal asup Naraka ka jalma anu tara Muludan.

    Perkawis ieu, di Ulama-ulama Jumhur oge seueuer perbentenan, margi benten-benten tea dina cara Maluruhna dasar Hukumna.

    Naha urang teh teu acan mendakan dasar Hadist/Ayat Al-Qur’an kunaon pangna ayana MULUDAN, cara Maluruhna Kumaha (Metodologina) pangna aya Muludan teh, naha kalebet Bid’ah Dholalah, Sunat, Subhat, Mubah??

    margi MUSTAHIL upami kangjeng Nabi SAW kalangkung dina ngadugikeun perkara Ibadah anu di Larang ku Alloh.

    tah perkawis MULUDAN sareng anu sanesna Insya Alloh upami aya yuswa+tanagi kusimkuring dibentenkeun Koropakna/kolomna.

    Waler
  14. Wirabudiman

    mulih deui kana pasualan WAJIB-FARDHU

    ka insial “simkuring/simkurung”, tah palih dieu pasualanana…

    Ayat Al-Qur’an->”Aqiimissholat Waatuzzakat dst”.
    di tafsirkeun/ditarjamahkeun kana bahasa Indonesianana “Dirikanlah Sholat” ditafsirankeun deui kana Hukum Islam (Fiqih) kusabagean Ulama boh di Indonesia atawa anu sanesna jantennana teh “wajib sholat”. (Fiqh)

    Aya Ulama anu Nafsirkeun jadi “tetep Fardhu Hukumna, margi benten antawis Fardhu sareng Wajib”. nilikan heula kana Hadist, dina Hadist aya kecap Wajib Ma’rifat, Fardhu Sholat.
    Sholat Fardhiah tea nyaeta Shubuh-Dzhuhur-Ashar-Magrib-Isya, salianti Sholat Fardhiah eta disebat Sholat Sunnat kitu tah…

    Janten NAON BENTENNA WAJIB+FARDHU?
    ka insial simkuring/simkurung–>”sanes bade ngaedankeun”…mungsupados ngasah pamikiran supaya ulah TAQLID MEMBABIBUTA tea hahahahh….

    Waler
  15. sukapura Post author

    insial simkirung nyerat => “kan awal na rosul di utus tos wajib sholat tcan? tah eta jaman marifat knu sanes salianti sholat anu di wajibkeun ayeunamah kan sholat dina ajaran rosululloh tos di wajibkeun. nya wajib. tah kitu ari t ngartos mah.”.

    “JAMAN MA’RIFAT”?? ari kitu Ma’rifat sareng teu Ma’rifat katalian/kawates ku JAMAN KITU?

    Dina Ajaran Rosululloh Sholat anu ayeuna 5 Waktu mah di Fardhukeun sanes di Wajibkeun.

    insial simkirung nyerat => “tah mun nu t ngarti mah kawas simkirung panginten. maca eta teh jadi mikir oh sholat wajib teh teu aya..
    cobi pikiran.”.

    da memang teu aya Sholat Wajib dina Al-Qur’anna boh dina Hadistna.

    Aya oge Sholat Fardhu munggung HADIST Kanjeng Nabi SAW. anu WAJIB mah nya eta MA’RIFAT tea munggung HADIST Kanjeng Nabi SAW.

    disebat/diucapkeun/diseratkeun Sholat Wajib 5 Waktu sotenan eta mah saur Idiologi Ulama anu ngawajibkeunnana dina ngamafhum Ayat Al-Qur’anna…(Hukum Fiqih).

    Waler
  16. simkirung

    on March 17, 2008 at 9:32 am14 sukapura
    Perkawis IP Public

    “simkuring” (User Internet Unsil) =>maksad pribados nyaeta—salira teh tegesna anu nganggo Insial “simkuring/simkuring” ngangge koneksi Internet Unsil.

    Sanes koneksi Speedy/ISP anu sanesna, IP anu di angge akses Internet eta IPna anu dianggo ku Unsil.

    Anapon ngagge na mah bade dimana wae…tiasa di Share keun (tiasa di Hostspot) janten ngange namah tiasa dimana wae, bade di bumi nyalira oge tiasa…heheheh.

    ke ke sukapura sareng wirabudiman teh sami atanapi benten yeuh???

    oh di unsil tiasa ngangge hotspot. tiasa di bumi deuihnya ku hotspot eta, sabara tebih kang aksesna???
    nyobian ah. gratis panginten???
    kmaha carana??

    paingan (mun sukapura sareng wirabudiman sami), paingan ngasih comment na cepet di bumi we panginten nya. hanjakal simkuring mah tebih ti unsil. internet na kedah kana beus budiman keun heula meh dugi ka bumi simkuringmah nya.

    Waler
  17. simkirung

    …. Ayat Al-Qur’an->”Aqiimissholat Waatuzzakat dst”.
    di tafsirkeun/ditarjamahkeun kana bahasa Indonesianana “Dirikanlah Sholat” ditafsirankeun deui kana Hukum Islam (Fiqih) kusabagean Ulama boh di Indonesia atawa anu sanesna jantennana teh “wajib sholat”. (Fiq….

    duh ka piheulaan ngepost yeuh boronamah di pikiran sawewengi

    puguhan muhun gening simkuring janten ka cacandak ku kang budiman/sukapura soal marifat

    kan marifat teh inget nya…

    iya bener marifatulloh mah da inget ka alloh

    tapi asa t keuna kana marifat sholat mah??
    da nu di parentahkeun mah Aqiimissholat nyaeta ngadegkeun sholat, sanes inget sholat …..

    jadi di dieu puguh teu aya parentah marifat sholat (lamun makna marifat teh saukur inget).

    tapi parentah namah dirikeun sholat nya kudidirikeun eta tangtos inget kana kmaha kuduna sholat…

    Waler
  18. simkirung

    ““JAMAN MA’RIFAT”?? ari kitu Ma’rifat sareng teu Ma’rifat katalian/kawates ku JAMAN KITU?”

    tah iyeu nu alim eleh teh duka t ngartos nu di tulis ku simkuring

    coba baca deui gera sing jentre. nyebat teu simkuring marifat kabates ku jaman.

    nu di serat mah kiyeu

    basa eta waktu pertama rosullulloh saw di utus eta ngan wajib marifat ka alloh henteu sholat mah (tah didieu disebatkeun t jaman ayeunamah marifatulloh t aya??? engga kan). tah jaman ayeunamah marifat sholat tos aya da kadieu2 namah rosululloh tos di parentahkeun sholat ku allloh ( ngan ayeuna simkuring bade ngaralat, ari sholat mah sanes marifat tapi Aqiimissholat yaeta dirikeun sholat.

    ngartos???

    Waler
  19. simkirung

    ah da abimah t nyebat lebet surga atanapi lebet naraka

    wirabudiman ==>Naha urang teh teu acan mendakan dasar Hadist/Ayat Al-Qur’an kunaon pangna ayana MULUDAN, cara Maluruhna Kumaha (Metodologina) pangna aya Muludan teh, naha kalebet Bid’ah Dholalah, Sunat, Subhat, Mubah??

    wirabudiman ==>margi MUSTAHIL upami kangjeng Nabi SAW kalangkung dina ngadugikeun perkara Ibadah anu di Larang ku Alloh.

    tah atuh mangga pilarian mana katerangan anu marentahkeun tahlilan atanapi muludan eta ibadah ka Alloh cobi sebatkeun???

    mun t aya parentah berarti mun di anggap hiji keharusan atapi hiji ibadah misal mun aya nu maot kedah tahlilan mun henteu tahlilan bakal kiyeu atanapi kitu.
    tah eta nu ngajadikeun bidah kana tahlilan

    sareng urang tos pada2 terang tahlilan teh tina budaya budha duka hindu ktang hilap deui

    sedengkeun aya hadist rosul, mun urang nyaruaan hiji kaum maka urang ka asup kaum eta

    lereskan

    Waler
  20. simkirung

    Menurut keterangan yang di kutip dari artikel di Buletin Dakwah edisi No. 34 Tahun ke XXI karya H. Rifyal Ka’bah, MA, Perayaan Maulid berasal dari Dinasti Fathimi yang berkuasa di daerah-daerah sekitar pantai timur dan selatan laut tengah. Sejarah menceritakan kepada kita bahwa perang salib yang berlangsung selama lebih kurang dua raus tahun (dari abad XIV dan XVI) terjadi di masa Dinasti Fathimi itu, yang terjadi bukan hanya kontak fisik di arena peperangan antara orang-orang salib Kristen dengan ummat Islam, tetapi juga kontak social dan budaya. Orang-orang Kristen telah membawa berbagai hal yang positif dari peradaban dan kebudayaan Islam ke eropa. Bagi Umat Islam, beberapa kebiasaan umat Kristen selama lebih kurang dua ratus tahun itu, juga meninggalkan bekas pada tradisi baru Islama. Pengaruh yang jelas sekali adalah perayaan Maulid Nabi Muhammad saw dengan mencontoh perayaan Natal Jesus Kristus yang terkenal dengan nama ‘Isa Al-Masih’ dalam islam.
    Karena sama-sama nabi Alloh, maka penguasa Fathimi di mesir pada waktu itu memandang perlu untuk merayakanhari lahir Nabi Muhammad saw yang ditetapkan pada 12 Rabiul Awwal. Lebih dari itu, beliau sendiri (Nabi Muhammad saw) tidak pernah menganjurkan untuk memperingati hari lahir beliau dan juga tidak pernah diperingati oleh para sahib, tabi’in atau tabi’ tabi’in, Maulud Nabi diadakan dengan titah penguasa Fathimi untuk tujuan-tujuan khusus.
    Dari mesir kemudian perayaan mauled Nabi ini kemudian menyebar ke hampir seluruh pelosok dunia Islam.

    Waler
  21. simkirung

    dina musyawarah ulama NU di jombang ge kan di sebutin bagaimana hukum tahlilan, muludan sareng nu sanesna, yen eta teh sanes ibadah, moal nyebat bidah ah ayeunamah. janten kdah di tinggalkeun.mun t tiasa langsung di tinggalkeun mah saalit2 we ninggalkeunna.

    Waler
  22. Wirabudiman

    Nuhun parantos ngadadar Perkawis MULUDAN tipayun ku salira…(“simkirung”). Ngan Simkuring moal waka ngabahasna, urang bentenkeun koropakna (Insya Alloh). Sok sanaos aya seratan H. Rifyal Ka’bah, MA teras musyawarah ulama NU di jombang oge, hemat pribados teu acan tangtos 100% leresna da tadi oge kumaha cara Maluruhna sewang-sewangan dina nangtoskeun hukumna.

    DIDIEU PRIBADOS sanes bade milari anu ELEH sareng ANU KENGING dina nyeratkeun HUJJAH, tapi urang SILIH NGASAH pamikiran urang. Dina nalika ngasah tangtos “trung-treng-trung-treng” dugikeun pamikiran urang seukeut.

    =>simkirung nyerat :
    “kan marifat teh inget nya…iya bener marifatulloh mah da inget ka alloh”.

    hemmm, ULUUUUUH GEUNING benten dina ngahartoskeun Ma’rifatna oge. janten seratan salajengna oge aur-auran, pabeulit ku nyalira…panginten.

    =>simkirung nyerat : (“tapi asa t keuna kana marifat sholat mah?? da nu di parentahkeun mah Aqiimissholat nyaeta ngadegkeun sholat, sanes inget sholat ….. jadi di dieu puguh teu aya parentah marifat sholat (lamun makna marifat teh saukur inget).”).
    …………………………………………………………………………….
    PANAMBIH EMUTAN keur pribados khususna/netter anu sanesna. DINA GUNEM CATUR DILUHUR, DIRINGKES KU PRIBADOS :

    DAUHAN ALLOH :”WAMAA KHOLAKTUL JINNA WAL INSAAN ILLA LIYA’BUDUUN”.

    Alloh midamel Jin sareng Manusa teh Supaya Aribadah ka MantenNa, janten dasarna urang dihirupkeun di alam Dunya ieu sanes pikeun perkara anu sanesna, tapi estuning pikeun Ibadah ka Alloh SWT.

    NAHA AYA CONTO/PARENTAH ti KANJENG NABI+NAHA AYA PANYAREK ti KANGJENG NABI SAW? (ieu salah sawios konsep dina nangtoskeun Hukum dina perkara/Ushul Fiqh). margi DINA AL-QUR’AN jelas, yen Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh “Nepikeun Perkara anu di Parentahkeun ku Alloh sareng Nepikeun Perkara anu di Larang ku Alloh”.

    MUSTAHIL upami kanjeng Nabi SAW kalangkung dina ngadugikeun perkara Ibadah anu di Larang ku Alloh sareng Perkara anu di Piwarang ku Allohna…margi pan di kiatan ku ayat anu terakhir dilungsurkeun “Al-Yauma Akmaltu lakum diinakum dst tea…

    Hukum AL-QURA’AN+Hadist teu tiasa Robih ku JAMAN.

    —-tah-tah “Upami pribados tulas-tulis di ieu Blog, niat karna Alloh (da puguh teu aya anu muruhan atawa lain hayang pupujieun, tapi estuning hayang umajak Silih Asah ka sasama) tuluy nepikeun Ayat-ayat Alloh sareng Hadistna liwat ieu Blog, naha ieu kalakuan teh tiasa janten Ibadah ka Alloh?? tur padahal teu aya Conto ti Kanjeng Nabi SAW+teu aya Panyarek ti Kanjeng Nabi SAW.
    —-pedah saur seratan insial nami “simkirung”=>”pernah nguping simkuring teh, ……. dasarna ibadah teh haram kecuali aya parentahna ( ti alloh).”.
    ——————————————————————————–

    Dina Ajaran Rosululloh Sholat anu ayeuna 5 Waktu mah di Fardhukeun sanes di Wajibkeun.
    da memang teu aya Sholat Wajib dina Al-Qur’anna boh dina Hadistna.

    Aya oge Sholat Fardhu mungguh HADIST Kanjeng Nabi SAW. anu WAJIB mah nya eta MA’RIFAT tea mungguh HADIST Kanjeng Nabi SAW.

    1. MA’RIFAT—>hukumna WAJIB pikeun jalma anu nincak baligh, berakal bade Lalaki/Awewe.
    2. SHOLAT—>hukumna FARDHU pikeun jalma anu nincak baligh, berakal bade Lalaki/Awewe.

    seratan 1,2 di luhur punten sanes maksad bade ngarobih anu parantos ilaharna di urang dina nuliskeun urutan 1. Syahadat, 2. Sholat, 3. Puasa dst.

    disebat/diucapkeun/diseratkeun Sholat WAJIB 5 Waktu sotenan eta mah saur Idiologi Ulama anu ngawajibkeunnana dina ngamafhum Ayat Al-Qur’anna…(Hukum Fiqih)…tah…tah..tah, Sok sanaos musyawarah Ulama NU/FATWA MUI ari pagedruk sareng Al-Qur’an/Hadist mah tangtos teu tiasa diturutkeun.

    FATWA MUI tiasa Benten sareng FATWA Ulama-ulama di ARAB SAUDI tiasa benten sareng FATWA Ulama-ulama di Nagara IRAN (Syi’ah) dina ngadamel hukum perkara anu sami. Mana nu paling kiat dina Hujjahna ku pamikiran urang, supados ulah TAQLID BUTA tea.

    dugi kadieu heula….

    Waler
  23. simkirung

    tah ari kitu mah soh bahas heula soal marifat naon saur pa budiman….

    saleresna mah simkuring moal ngamasalahkn naon anu di tulis ku salira mun eta tulisan anggeus.
    anggeuskeun heula eta artikel misal sanjan teu aya kalimat wajib dna al-quran tapi hukum sholat wajib teh kiyeu kitu sareng saterusna

    iyeu mah ngadon Maluruh…Tah panginten simkuring dina maluruh Kecap Basa WAJIB dina Al-Qur’an teh geuning teu aya!!! beu!!..
    kan anu teu maca seratan pa agus saterusna dina komentar janten salah harti kawas simkuring …

    sok ayeunamah jelaskeun meh jentre soal naon beda na wajib sareng fardu
    terus naon marifat??

    mun pa agus ngedit seratan sangkan aya tambahan kumaha hukum sholat wajib dina islam, saya moal komentar panjang deui

    tapi hiji saya mah tetep aya nu ngaganjel dna hate
    knaon nya nu gaduh blog iyeu teu ngarti wae duka enya teu ngarti duka api2 teu ngarti ku eta ucapan hayang mojokkeun simkuring
    keukeuh we nyebatkeun
    Hukum AL-QURA’AN+Hadist teu tiasa Robih ku JAMAN.
    ceuk abi kan tos di jelaskeun
    enya lah sok simkuring jelaskeun deui
    saya nyebat eta sanes jamanna teh sok pilarin iraha kanjeng rosul di parentah sholat wajib?kan nuju isro miraj sanes?tah sateu acan isro miraj teh berarti jaman dimana sholat teu acan diwajibkeun. ari jaman teh waktu atuh teu terang mah.

    sok ayeunamah jelaskeun meh jentre soal naon beda na wajib sareng fardu
    terus naon marifat??

    Waler

Waler sukapura Bolaykeun waleran