Asal Kecap Sunda 2

Re: [kisunda] Re: kang MZ –> HARTI JEUNG SAJARAH KECAP SUNDA, seratan Mang Ayat
engkus ruswana

Wed, 12 Jan 2005 20:38:44 -0800
Rahayu sangkan waluya kang Maman, hatur nuhun atuh ari wasta kuring tiasa janten pangeling ka tuang emang mah, memang ngaran Engkus mah ngaran paten kisunda … he..he….

Sim kuring teh urang Bandung kenging didikan teh ti kolot-kolot nu biasa sok ngumpul di Ciparay, kadieunakeun nya kuring sok sering anjang sono atawa padungdeng pikeun leuwih ngaraketkeun duduluran jeung ngantengkeun patarembal rasa jeung dulur di tutugan Ciremay, di Lebak Cawene, di Lembang, di Gunung Halimun (nembe diwanohan), oge dulur-dulur nu di kota sapertos Kang Oca jeung sabalad-balad di Jalan Curie, Kang Anis, Abah Ali, Ibu Otih jeung rea-rea deui.

Kang Maman sim kuring nganuhunkeun oge kana panggeuingna, katampi kalayang kabingahan. Memang kuring percaya yen urang sunda teh leuwih loba nu masih mikareueus ka budaya luluhurna tinimbang nu ngapilainkeun. Eta soal aya keneh nu kurang ngajenan, kuring ngarti lain disababkeun ku tambelar atawa teu malire tapi lolobana mah ku lantaran can harti (sakali deui akibat ti penjajahan), ngan naha nyanghareupan kieu cukup ku dibawa ngaheruk wungkul, tangtu henteu, tapi hayu urang guar babarengan, pikeun nanjeurkeun ajen pinajen Kisunda.

Ngomongkeun soal Kisunda, tangtu kabaur adat peradatanan jeung budaya urang sunda kaabus agemanana, anu tangtu oge ngait kana ajen pinajen warisan budaya luluhurna. Leres pisan eta soal sakabeh rupa-rupa alam jeung pangeusina sarta kahirupan sadayana kagungan Gusti urang teu ngaboga-boga. Ngan tangtu Gusti geus nagtukeun hukum-hukum jeung kudratna.Meureun teu salah lamun urang ku Gusti dikudratkeun jadi urang Sunda (ceuk akuan)nu ditempatkeun di wewengkon priangan (urang lahir ka dunya teu menta dilahirkeun di hiji tempat)terus make adat peradatan jeung budaya sunda nu memang geus aya warisan luluhur nu terbentukna ngaliwatan proses panjang nu wangunanna dirojong ku alam lingkungan parahiyangan, cindekna mah nya payus teu nyalahan kudrat jigana lamun urang sunda nu cicing di sunda, ngomong Sunda, mikareueus kadaharan sunda jeung make adat-peradatan budaya sunda, sarta ngamumule luluhur sunda. Kitu oge keur warga dunya lainna, contona nya payus lamun urang Cina nu cicing di Cina ngomong Cina, mikaresep kadaharan Cina jeung make adat-budaya Cina.

Oge bangsa-bangsa atawa ras lainna. Memang sadayana nu di Sunda, nu di Cina/Eropah/Afrika/Arab wewengkon Kutub jeung sajabana, sadayana kagungan Gusti. Ngan kudu dipiara ku masing-masing warga/bangsa nu dipercayakeun ku Gusti satempatna-satempatna jeung sabogana-sabogana. Tah pangaweruh ieu jigana nu nyindekeun papatah atawa guaran (“motto”) urang Sunda “Sabanda-sariksa-sapariboga”, pikeun nedunan kudrat AjenNa, jalma memang henteu gumantung kana luhurna catur reana carita tapi ku nyatana dina amal-amalan ka papada sasama, namung urang oge ngarti amal-amalan teh oge gumantung kana pangartian/kanyaho nu sumerap dina dirina, pan urang oge pada nyaksi geuning ku bedana kayakinan hayoh ngadon rame-rame nandansa batur boh sacara lahir pon kitu deui hak-hakna, ku lantaran beda jeung arumaku ageman sorangan nu pang benerna. Padahal pan tadi ge saur kang Maman urang mah ngan aakuanan wungkul, da sadayana ge kagungan Gusti, atuh meureun ayana Hindu, Budha, Kristen, Katholik, Islam, Sikh, Sunda Wiwitan, Penghayat jeung sejenna meureun meunang restu ti Gusti, da mun teu direstui mah meureun moal aya, ngan ahirna balik deui kumaha ngamalkeunanana dina kahirupan nyata, sabab saha nu melak bakal metik hasilna, sing saha-saha jalma nu ngewa sumawonna nandasa ka mahlukNa sarua jeung mikangewa jeung nandasa ka AnjeunNA.
Sakitu heula kang Maman
Rampes,
Pun Engkus

1 thoughts on “Asal Kecap Sunda 2

  1. M. Zam

    Mandalajati Niskala ngajelaskeun yen sakabeh bahasa TURUNAN TINA BAHASA SUNDA.
    Tong hariwang tong salempang soal kecap SUNDA. Kosakata nujadi kecap anatapi basa manusa sa Dunya mangrupakeun turunan tina kecap ‘primer’ nu dipibanda ku Sunda.
    Tah ieu sabahagian alit penjelasan Mandalajati Niskala, ngenaan kabeungharan basa Sunda ku pribados dicuplik tina:

    Filsafat SASTRA JENDRA HAYU NINGRAT PANGRUWATING DIYU YANG ADA KAITANNYA DENGAN BAHASA IBU


    ……………………………………………………………..
    ……………………………………………………………..
    Itulah Bahasa Sunda yang tanpa limit sebagai Handbook yang akan membongkar rahasia Sastra Jendra Hayu Ningrat Pangruwating Diyu.
    Kalau tidak percaya, coba bandingkan antara kamus bahasa Inggris yang hanya memiliki perbendaharaan 100.000 kosakata dengan bahasa Sunda Saptapuraga yang memiliki perbendaharaan kata sebanyak 1.300 TRILIUN KOSAKATA. Apabila kosakata Saptapuraga dijadikan kamus seperti kamus bahasa inggris, maka akan berjumlah 13 MILIAR KAMUS. Jika ukuran volume kamus bahasa Inggris 25X30X8cm yaitu 6.000cm3 atau 0,006M3 maka volume kamus bahasa Sunda Saptapuraga adalah 78 JUTA METER KUBIK. Jika kamus disusun dengan ketinggian satu meter maka lahan yang dibutuhkan untuk menyimpan kamus tersebut seluas 78 JUTA METER PERSEGI. Dapat dibayangkan Kota Bandung akan penuh dengan kamus bahasa Sunda Saptapuraga.
    Demikian Mandalajati Niskala menjelaskan kepada kami. Semua orang akan merasa heran dengan jumlah kosakata bahasa Sunda sebanyak itu. Kami mencoba menanyakan dengan maksud supaya kami betul-betul yakin terhadap ucapan Mandalajati Niskala: “Apakah betul kosakata bahasa Sunda seluruhnya ada 1.300 Triliun Kosakata”? Mandalajati Niskala menjawab: “SALAH……. Saya katakan tanpa limit, BUKAN SEBANYAK ITU. Itu hanya dalam cakupan Saptapuraga, maksudnya hanya contoh untuk dibandingkan dengan “KAMUS YAHUDI””. Waduh……., penulis tambah bingung dan tambah penasaran. Baik kami akan mencoba bertanya terus untuk meyakinkan kami dan para pembaca: “Apakah 1.300 TRILIUN KOSAKATA anda mamahaminya”? Mandalajati Niskala menjawab: “Bukan memahaminnya tapi insyaalloh saya hafal seluruhnya di luar kepala”. Tentu saja sangat mengagetkan, setengah tidak percaya namun keyakinan yang terpantul pada raut wajah Mandalajati Niskala dengan jawaban yang tandas, menjadikan rasa penasaran kami semakin meningkat. Kami tanyakan lebih jauh: “Berapa lama waktu yang dibutuhkan untuk membaca kamus sebanyak 1.300 Triliun Kosakata”? Beliau menjawab sambil seloroh: “Wa…ah anda pura-pura tidak bisa menghitung. Begini, jika membaca satu kosakata membutuhkan waktu rata-rata 2 detik, kemudian kita baca kamus tersebut terus menerus sampai selesai tanpa istirahat, maka waktu yang dibutuhkan adalah 80 JUTA TAHUN. Silakan anda hitung sendiri…!!! Heheeh lucu ya…!!!”
    ……………………………………………..
    ……………………………………………..
    Penjelasan Mandalajati Niskala ieu, muagia janten mangfaat.

    Waler

Tunda talatah