Asal Kecap Sunda

Re: [kisunda] Re: kang MZ –>HARTI JEUNG SAJARAH KECAP SUNDA, seratan Mang Ayat
kisunda@yahoogroups.com
engkus ruswana

Sun, 09 Jan 2005 21:03:51 –0800
Sampurasun,
Ke-ke-ke heula, palebah pendapat nu netelakeun salah sahiji kecap Sunda asal tina kecap “sanad” tina bahasa arab, kuring teu panuju jeung teu ngarti sok sanaos sareng inohong urang Mah Ayat. Naha heula saha datangna urang Arab ka tanah Pasundan jeung ayana urang Sunda ? Asa piraku lamun teu boga ngaran sorangan mah.

Lamun kitu urang Sunda memeh dilandi ku urang arab nyebut dirina suku/bangsa naon atuh ?. Tah ceuk kuring mah di dieu diantarana kalemahan urang Sunda, sok jiga nu euweuh gawe, teu percaya diri jeung teu ngahargaan dirina sorangan. Atuh lapur ku batur ge tangtu moal dihargaan.

Geus sidik nu urang sorangan hayoh kokotetengan neangan ka luar, dipayus-payuskeun jeung basa deungeun, jiga urang sunda nu teu boga pangaji diri. Mangga geura urang tingal conto lainna :

1. Soal aksara sunda cacarakan, eta ceuk legenda sajarah nu turun-tumurun dipercaya ku urang rea boh di urang sunda boh ti dulur urang nu ti wetan, eta dilahirkeunnana waktu Daniswara (anak Dewata Cengkar) dibantu Jugul Muda tinekanan ngarebut deui nagara Medang Kamulyan (nu kadieunakeun jadi karajaan Galuh) ti Aji Sakka, nya keur paringetanna nyieun aksara Sunda anyar Cacarakan (samemehna ge geus boga sababaraha jenis wanda aksara). Aksara ieu nyebar ka unggal wewengkon Nusantara jeung jadi bahasa karaton (tangtu ngecapkeunnana dilarapkeun jeung logatna), diantarana jadi basa/aksara resmi di Mataram nu puncakna di jaman Sultan Agung, sabalikna ku urang Sunda diapilainkeun da lolobana nganggap eta mah aksara ti dulur urang ti wetan (Jawa), nya ku lantaran teu diaku ku urang Sunda, nya diaku ku urang Jawa.

2. Urang Sunda loba nu ngarasa era mun teu bisa maca aksara Arab, sabalikna naha aya nu ngarasa era urang teu bisa maca aksara Sunda?? mangga lenyepan!. Dina perkara nata kota di wewengkon Jogya, Solo jeung sabagean kota lainna, kuring ngarasa reueus nempo umumna ngaran jalan teh sok make aksara latin jeung aksara cacarakan, pon kitu deui di Kota Tasikmalaya (hususna jalan protokol), tapi kadieunakeun kuring prihatin, di Tasik mah geuning geus loba nu robah jadi aksara latin jeung Arab, malahan aya nu ngan ukur make huruf Arab. Kuring lain anti huruf Arab jeung henteu anti agama ti Arab (kade ulah lepat hartos urang kedah tiasa ngabedakeun mana budaya sareng mana agama), ngan kahayang teh atuh urang ngahargaan ka na budaya sorangan, sabab lamun teu diangkat ku urang sunda, nya ku saha atuh.

3. Maca tulisan kang Hidayat Suryalaga, netelakeun cenah geus aya PERDA Jawa Barat nu ngait kana soal aksara Sunda. Dina eta tulisan disebutkeun cenah pikeun nyurupkeun kecap-kecap asing nya ditambahan ku aksara anyar, diantarana mun teu salah : Xa, Qa, Va, Fa, Sya jsb. Di dieu kuring bingung deui, rek nanaonan ? Naha aya gunana pikeun maca naskah-naskah Sunda nu baheula jeung tangtu bakal ngaburkeun harti/ajen tina eta susunan aksara nu ngandung pangartian jero soal katuhanan jeung kamanusaan. Lamun upamana tujuanna keur pikahareupeun, naha era lamun urang make logat nu sorangan, pan dina basa Indonesia ge geuning teu aya masalah nulis/maca Christian jadi Kristen, nulis/maca syahid jadi sahid jeung sajabana. Nilik kana seratan kang Maman di handap, urang Jepang teu ngarasa rendah diri pikeun nyerap elmu nu make basa/aksara ti barat ngagunakeun logat jeung tulisan Jepun, buktina ajen pinajen Jepang ku sadunya diaku. Ari urang kumaha ???. Urang kudu jembar yen basa/kecap, logat jeung budaya umumna eta lahir dumasar kana lingkungan alam jeung masyarakatna. Ari kahayang teh lain kalahka ngutak-ngatik nambahan nu teu perlu, tapi pek geura prak laksanakeun pendidikan formal keur muatan lokal di sakola pake deui basa Sunda titinggal karuhun teh, supaya urang ulah jiga “monyet ngagugulung kalapa”, ngarasa bangga jeung mibanda tapi teu bisa mesekna.

4. Para inohong Sunda loba nu ngaguar elmu jeung aji pangaji kasundaan nu nyindekkeun yen budaya jeung elmu kaasundaan teh geuning luhung cenah, tapi dina sajeroning medarkeun jeung ngajentrekeun eta guaran teh teu saeutik nu sok hayoh dilarap-larapkeun jeung ajen-pangajen atawa budaya ti luar, jiga nu teu yakin kaluhungannana lamun teu sarua jeung ajen luar, nu antukna urang jadi ragu, naha sabenerna eta teh elmu/budaya nu dipedar teh asli pituin nu urang atawa bawa ti luar, memang soal pamanggih elmu & budaya nu sarua lain hal nu istimewa lamun dasar guaranna teu leupas tina ngaji diri jeung ngaji alam. Nya kahayang kuring mah, atuh teu kudu diamprok-amprokkeun jeung nu ti luar, dan elmu jeung budaya titinggal karuhun urang sunda teh teu eleh jeung nu ti luar, malah ceuk kayakinan kuring mah leuwih punjul, jeung lain hal nu teu mungkin yen dina jaman baheula teh boh ti Barat (Yunani), India, Arab, Cina jeung bangsa lainna pernah datang ka tatar sunda ngadon dialajar elmu sunda, da buktina ti baheula urang geus ngabogaan tatanan taun (lengkep malah hasil kajian Abah Ali Sastramidjaya urang teh boga 3 sistem kalender nu dumasar kana peredaran bulan, panonpoe jeung bintang); aksara (urang sunda ngenal puluhan wanda aksara); tata kapamarentahan (nu dumasar kana “tri tangtu” tangtungan tina diri); teknologi (percandian, persenjataan); budaya (seni tari, suara, pentas); malah soal pangarti jeung prakprakan migawe kahirupan agamana (agama = basa kawi, nyaeta kecap asli basa sunda/jawa). Kunaon atuh urang teu ngarasa reueus jeung teu apal?. Tah didieu buah tina penjajahan teh, da memang tujuannana supaya bangsa nu dijajah ngarasa teu boga pangaji diri jeung teu percaya diri sabab dileungitkeun jati dirina (jati kasilih ku junti) nu antukna urang jadi leuwih ngajenan ka bangsa asing tinimbang bangsana sorangan, urang leuwih mupusti budaya/ajaran nu datang ti luar tinimbang budaya/ajaran nu aya di urang sorangan. Upaya ngaleungitkeun jati diri bangsa urang katingal dina penulisan sajarah (nu ditulis ku bangsa penjajah jeung tepi ayeuna dijadikeun patokan ku ahli sajarah bangsa urang sorangan). Geuning ditulisna dina sajarah bangsa Nusantara (Sunda Besar)teh cenah asalna pendatang ti India Belakang/Yunan(??) ku jalan migrasi laut besar-besaran, da nu ngeusian Pasundan mah cenah baheulana bangsa Raksasa nu sok saling ngadahar dirina, agamana luluhur urang teh animisme/dinamisme, kadaharan poko luluhur urang cenah jawawood (hanjeli?) da nyaho pare teh cenah ti urang India, jeung sagala peradaban datangna ti India, cenah!!, malah Sagara urang ge dingaranan tug nepi ka ayeuna Lautan Hindia, padahal bentangan wilayah urang leuwih lega tibatan bentangan nu aya di India. Sedengkeun bukti-bukti sajarah/ prasasti, karya sastra jeung budaya nu ngandung ajen-tinajen nu luhung, nu bisa ngabuktikeun kaluhungan bangsa urang baheula, lolobana dibarawa ka Walanda dina waktu ratusan taun ngajajah,nu antukna urang sulit nalungtik sorangan kaluhungan jeung kamajuan luluhur urang baheula. Tah nyana geuning hasil tina urang dijajah teh, urang geus loba nu kaleungitan jati dirina, dina ngalalakon kahirupan di dunya, urang ayeuna jadi salawasna ngiblat ka asing. Iraha atuh urang harudang deui, ulah kajongjonan urang di alam pangimpian teh, sugan ari urang gancang nyaring mah masih aya sesa “aro” jeung teu tepi ka sagala ngan kari tunggul teh.

Sakitu heula ka dulur-dulur urang Sunda, hapunten pami tulisan ieu dianggap heuras teuing, margi terus terang kuring teh sok nyeri hate lamun kaluhungan karuhun sunda diapilainkeun ku urang sunda sorangan, kuring ngan bati bingung jeung jumerit ka Gusti teh, iraha atuh urang Sunda manggung deui? Iraha atuh pajajaran anyar ngadeg deui teh?. Nya rupina gumantung ka urang sunda soraangan.
Cag heula baraya
Rahayu sangkan waluya
Rampes
Engkus

3 thoughts on “Asal Kecap Sunda

  1. achmad Suryana Nuradinnata Praja

    ari asli langsung mah nya turunan nabi Adam as teras meureun ka nabi Nuh allhamdulillah geuning urang teh turunan anu beriman ka beh diru na keun aduh lamun sim kuring jelas asli urang sunda mung panginten asimilasi nu dominan urang champa ,arab ,cina , mongol tingali we dina halis,soca,pangambung,cepil ,bentuk ramo,sampean wah sesah namun asli mah

    Waler
  2. M. Zam

    Mandalajati Niskala ngajelaskeun yen sakabeh bahasa TURUNAN TINA BAHASA SUNDA.
    Tong hariwang tong salempang soal kecap SUNDA. Kosakata nujadi kecap anatapi basa manusa sa Dunya mangrupakeun turunan tina kecap ‘primer’ nu dipibanda ku Sunda.
    Tah ieu sabahagian alit penjelasan Mandalajati Niskala, ngenaan kabeungharan basa Sunda ku pribados dicuplik tina:

    Filsafat SASTRA JENDRA HAYU NINGRAT PANGRUWATING DIYU YANG ADA KAITANNYA DENGAN BAHASA IBU


    ……………………………………………………………..
    ……………………………………………………………..
    Itulah Bahasa Sunda yang tanpa limit sebagai Handbook yang akan membongkar rahasia Sastra Jendra Hayu Ningrat Pangruwating Diyu.
    Kalau tidak percaya, coba bandingkan antara kamus bahasa Inggris yang hanya memiliki perbendaharaan 100.000 kosakata dengan bahasa Sunda Saptapuraga yang memiliki perbendaharaan kata sebanyak 1.300 TRILIUN KOSAKATA. Apabila kosakata Saptapuraga dijadikan kamus seperti kamus bahasa inggris, maka akan berjumlah 13 MILIAR KAMUS. Jika ukuran volume kamus bahasa Inggris 25X30X8cm yaitu 6.000cm3 atau 0,006M3 maka volume kamus bahasa Sunda Saptapuraga adalah 78 JUTA METER KUBIK. Jika kamus disusun dengan ketinggian satu meter maka lahan yang dibutuhkan untuk menyimpan kamus tersebut seluas 78 JUTA METER PERSEGI. Dapat dibayangkan Kota Bandung akan penuh dengan kamus bahasa Sunda Saptapuraga.
    Demikian Mandalajati Niskala menjelaskan kepada kami. Semua orang akan merasa heran dengan jumlah kosakata bahasa Sunda sebanyak itu. Kami mencoba menanyakan dengan maksud supaya kami betul-betul yakin terhadap ucapan Mandalajati Niskala: “Apakah betul kosakata bahasa Sunda seluruhnya ada 1.300 Triliun Kosakata”? Mandalajati Niskala menjawab: “SALAH……. Saya katakan tanpa limit, BUKAN SEBANYAK ITU. Itu hanya dalam cakupan Saptapuraga, maksudnya hanya contoh untuk dibandingkan dengan “KAMUS YAHUDI””. Waduh……., penulis tambah bingung dan tambah penasaran. Baik kami akan mencoba bertanya terus untuk meyakinkan kami dan para pembaca: “Apakah 1.300 TRILIUN KOSAKATA anda mamahaminya”? Mandalajati Niskala menjawab: “Bukan memahaminnya tapi insyaalloh saya hafal seluruhnya di luar kepala”. Tentu saja sangat mengagetkan, setengah tidak percaya namun keyakinan yang terpantul pada raut wajah Mandalajati Niskala dengan jawaban yang tandas, menjadikan rasa penasaran kami semakin meningkat. Kami tanyakan lebih jauh: “Berapa lama waktu yang dibutuhkan untuk membaca kamus sebanyak 1.300 Triliun Kosakata”? Beliau menjawab sambil seloroh: “Wa…ah anda pura-pura tidak bisa menghitung. Begini, jika membaca satu kosakata membutuhkan waktu rata-rata 2 detik, kemudian kita baca kamus tersebut terus menerus sampai selesai tanpa istirahat, maka waktu yang dibutuhkan adalah 80 JUTA TAHUN. Silakan anda hitung sendiri…!!! Heheeh lucu ya…!!!”
    ……………………………………………..
    ……………………………………………..
    Penjelasan Mandalajati Niskala ieu, muagia janten mangfaat.

    Waler
  3. setiawan setia

    SUNDA Tina kecap SUNADA : SUN teh Panonpoe.. Na : Sajati Da : Agung.. kitu saur karuhun mah .. Jadi Sunda teh Api sajati nu Agung.. atawa Cahya sajati nu agung.. atawa cahaya dunya nu nyaangan,,

    Waler

Tunda talatah